Ningali yen B Kombayana ngaluarkeun senjatana; enggal Bhisma oge ngaluarkeun
senjata KUJANGna; nya salajengna ieu dua noboman teh perang ngaukeun pakarang;
ari
Rama Parasu mah imut wae bari nyaksian eta bitotama.
Silih kadek, silih tojos ku pakarang nu tinggurilap; lami2 B Kombayana; kadesek
dugi ka
Akhirna mah; senjata badikna tipecleng tebih. Ku Bhisma teu teras disusul ku
serangan pamungkas; diantep we eta Kombayana teh.
B Kombayana ngaraos asa direndahkeun pisan; bari hos2an enggal nyorowok :"Eh
Bhisma,
montong bungah sampeyan ! Kaula ngaku kana kagagahan sampeyan; tapi Kaula moal
taluk, lamun sampeyan can nandingan Kaula, di na senjata sejen deui !"
"Oooo, sampeyan masih panasaran ? Sok rek diadu naon deui ? Ku Kaula moal burung
teu dilayanan !" Saur Bhisma gagah.
"Eh, Bhisma yeu kanyaho kula dina Bagbagan manah, sigana moal aya tandingan;
jadi leuwih hade tia yeuna urang eureunan wae ieu peperangan teh; sampeyan
kudu daek taluk ka Kaula, sabab moal kuat; Kaula ngahargaan sampeyan Bhisma."
"Teu kanyahoan ujug ujug ngan sakilat pisan Bhisma tos manah ka B Kombayana;
B Kombayana kalintang kagetna; untung masih tiasa nakis; tapi ampir2an.
"Eh Bhisma, sampeyan curang, miheulaan nyerang ka Kaula !"
"Kombayana, Kombayana ! Tong loba catur sampeyan ! Loba catur tanpa bukur ! Sok
buktikeun ka Kaula yen sampeyan enya2 jagoan di na metakeun jamparing !"
Ku sagewbrakan Bhisma ngaleupaskeun jamparing, ka anjeunna, B Lombayana sadar,
yen pangawasa Bhisma estu masagi; sagala bisa; wah memang ti semet ayeuna aing
moal ujub deui; lantaran geuning aya jagoan panah salian ti aing; boa aing
ayeuna
kudu mati ku Bhisma, samemeh panggih jeung Sucitra; tapi aing gteus kapalang; ah
kuma engke we. Bari gagalih kitu, enggal wae Kombayana sakilat masang
jamparing, sarengĀ teras manah ka Bhisma. Eta panah kacida tarikna; enggal
Bhisma ngejat bari nakis; ampir2an anjeunna ngajungkel; tapi panaganana karaos
ngageter, tanda yen memang Kombayana digjaya, di na engggoning Elmu Manah.
Bhisma waspada, anjeunna bade males, tapi kapiheulaan manten ku Kombayana; atuh
ripuh nakisan ; kapaksa Bhisma mundur sababaraha kali.
Hanca