Aya oge panginten hiji sekte Islam anu kagungan Rukun Iman 15 perkara.
Upami di Sakola Agama sim kuring di Mangunreja, pupujianana kieu panginten.

Ari sakabehna Rukun Iman,lima belas teh jumlahna,
kahiji Iman ka allah, dua Iman ka sakabeh Malaikat,
jisima bangsa nu roni.

Tilu Iman ka na sakabeh Kitabna Allah, anu diturunkeun ti langit,
opat Iman ka sakabeh Para Rasul, nu jadi Utusan Allah,
ka sadaya abdina

Lima Iman ka na Poe Kiamat, genep Iman ka na sakabeh takdir,
anu hade anu goreng, eta kabeh papasten ti Allah,
ngan teu ridho ka nu goreng

Tujuh Iman yen Isa teh Nabi, ayeuna teu acan mati,
duka dimana jirimna, kapan sakitu lilana,
duarebu jeung sapuluh onjoyna.

Kadalapan kudu percaya, masing teu logis KACIDA,
yen Imam Mahdi teh aya, duka dimana gelarna,
kayakinan na agama

Kasalapan nu kawarti, iman teh ka para wali,
para Ulama shahabi, nu nurut ka Kanjeng Nabi,
kum sakabeh kudu ngarti

Kasapuluh wali agung, ka kanjeng syeh anu luhung,
Abdul qadir jaelani, atos diserat kawarti,
wali agung nu sajati

kasabelas wali sanga, nu nyebar ka tanah Jawa,
kade ulah salah sangka, bisi engkena cilaka,
mun teu iman bisa dosa

dua belas syeh sidhi jenar, anu jenenganna tenar,
dimamana tos kawentar,  kade ulah ditatawar,
bisina engke kalantar

Iman nu ka tilu belas, percaya kalawan ikhlas,
yen Nabi Khidir teh jelas, henteu acan pisan tiwas,
sajuta tau ge awas

Opatbelasna kacatur, Iman anu leuwih masyhur,
majlis2 nu laluhur, nu diangkat jadi mabrur,
kade awas bisi kufur

Lima belasna MUI, eta ge prak diyakini,
kapan diangkat priyayi, maneh ulah lanca linci,
dosa badag geus tingali.


Hehehehehe................. tah kitu mh.
Hahahahaha 



      

Kirim email ke