inget, harita teh keus ebtanas sd. balik ti sakolaan tas ujian teh, laju nonton ramayana dina tpi, kabeneran keur gelutna rama lawan rahwana. panah-panah nu ngabelesur ti gondewa rama keur nigas beuheung--sakali deui nigas sanes nanceb, da sababara kali hulu si sapuluhbeungeut, sapuluh nyawa, dasamuka teh ngagelenceng--teu mirupa panah nu salila ieu kungsi kabayangkeun. puhu bulu, watang lempeng, tungtung besi mencos segitilu. tapi ieu mah, tungtung panahna teh aya nu mirupa awak keris, cakra, naga, jsb. watang panah henteu kudu lempeng, aya oge nu bengkok. ahirna panah nu mirupa cakra nu hasil niruk nyawa rahwana. cek beja cakra eta teh sarua jeung cakra kresna basa mergasa kangsa, cakrana wisnu nu nitis ka dua protagonis eta. bedana ari boga kresna mah, ngabelesur tina dampal leungeun.
ngabayangkeun gelutna bambang kombayana jeung bisma tina carita bah aa ieu, kuring jadi inget panineungan basa sd. nuhun bah. 2010/7/19 Abbas Amin <[email protected]> > > > Nyata di na ngamaienkeun panah Bambang Kombayana kalintang kesitna; akhirna > ieu dua > nonoman nu perang teh, tos saling nebihan; tapi katingal B Kombayana nu > nuju majeng ngadesek Bhisma; Bhisma ampir2 teu aya kasempetan pikeun > ngabales; lantaran dipanahan terus ku Kombayana. aya hiji panah persis kana > dada Bhisma; tapi sanes nancep malah ragrag ka lemah. > ,___ > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
