Hatur nuhun kang Abbas. Rampes! Haturan kang Ahmadsahidin. Numutkeun kayakinan sabagean urang Sunda, oge sabagean para ahli Antropologi/sajarah/arkeologi nu tos neuleuman perkara ieu, tos nyindekeun yen samemeh agama-agama dunya datang ka Nusantara, di wewengkon Sunda geus boga kayakinan kana hal-ihwal nu nyangkut hubungan manusa jeung Penciptana, jeung tata cara ibadahna, nya harita disebut "agama" wungkul (teu aya merek), nya sanggeus aya model agama lian nu asup ka Nusantara datang ti Hindu disebut "Agama Hindu", datang Budha disebut "agama Budha", datang agama Muhammad (Muhammaddyn) atawa Islam disebut "Agama Islam", pon kitu deui Agama Kristen,...Agama Katholik....Agama Konghucu....Agama Sikh...jsb,
Sanggeus loba agama nu hirup jeung mekar di Nusantara..... agama asli ieu dipertanyakeun naon merk/ngaranna....., nya waktu ditanya kitu ka urang Kanekes. "Naon agama anjeun?".... walonna : Nya kami mah Sunda Wiwitan......., nya terus bae disebut yen agama Sunda baheula teh Agama Sunda Wiwitan, padahal sanyatana mah nya disebut "agama" bae. Nya aya oge nu nyebutkeun Agama Jatisunda, sabab nyepeng ajaran kapercayaan Sunda nu asli (sajati). Ceuk kang Nanang Saptono dina tulisanna Kompas (Antropolog), berjudul “Di Jateng ada Candi, di Jabar “Kabuyutan” yang dimuat dalam Harian Kompas, 3 September 2001 yang menyatakan “Dalam Carita Parahyangan juga menunjuk, bahwa kepercayaan umum Raja-Raja di Galuh ialah sewabakti ring batara upati yang berorientasi kepada kepercayaan asli”. cenah ngarujuk kana Carita Parahiyangan, yen kapercayaan umum Raja-raja Rab, 21/7/10, Abbas <[email protected]> menulis: Dari: Abbas <[email protected]> Judul: [kisunda] Re: punten bade tumaros perkawis agama jatisunda Kepada: [email protected] Tanggal: Rabu, 21 Juli, 2010, 5:06 PM Mangga ka Kang Engkus Ruswana atanapi Kang Oca panginten --- In [email protected], Ahsa <ahmadsahi...@...> wrote: > > sampurasun... > punten manawi aya nu tiasa nerangkeun perkawis agama sateuacan Islam lebet > ka Tatar Sunda naon? > naha nya eta cenah aya nu disebat agama Jatisunda. Saurna di Baduylebet > nyepengna agami Jatisunda....teras di Kuningan aya namin AKUR di Paseban; > Adat/Agama Karuhun Urang teras oge Agama Jawa Sunda; teras aya Aliran > Perjalalan nu sok ibadahna teh di Pasewakan, Ciparay. > > > -- > *www.ahmadsahidin.wordpress.com* >
