sabenerna make basa indonesia ge jentre, ngan eta weh bah dudi langsung 
miriwit ning. hehe...
kahartos kang zen, cukup jentre, nya kuring ge meunang elmu anyar, eta ihwal 
fiil, da salila ieu mah sakadar ngadenge, teu apal naon hartina.

kuring percanten kana hadits2 nu shahih sapertos nu kang zen ungkap dina 
masalah ahlul bait eta. mudah2an kang zen ge ningali sadaya hadits suni nu 
sanesna, ulah dugi ka nyandak saparo nu nguntungkeun pemahaman golongan, 
nga-DHOIF-keun nu tos jelas2 shahih.

ari kuring mah lain nanaon, sieun sapertos nu tos dicatet na al qur'an yen loba 
jelema nu leuwih ngagungkeun imam2na batan rosulna (cmiiw)
kuring mihormat Rosulullah SAW, para Nabi/Rosul sateuacanan, Ahlulbait, para 
Shohabat, sareng para penerus ajaran Allah dugi ka kiamat. tapi tetep ning na 
ayat ge disebatkeun urang teh kudu taat ka Allah jeung Rosulna. 
ari kuring mah tetep boga prinsip, Al-Qur'an teh ti baheula (awalna 
diturunkeun) nepi ka kiamat, tetep kudu jadi pedoman hirup. 
hasil lenyepan kuring nu kirang elmu.


--> JeBe <--

--- On Wed, 7/21/10, Mohammad zen <[email protected]> wrote:

From: Mohammad zen <[email protected]>
Subject: [kisunda] Ngabahas Ayat Al-Ahzab 33 Ahlulbaet  (Dhamir, Fiil Mudhare)
To: [email protected], [email protected]
Date: Wednesday, July 21, 2010, 4:14 PM

 
 



Tah ieu atuh ku basa sunda-- punten bilih basa sundana "sae pisan" 
 

Punten ka kang Jb bilih aya anu teu di kahartos dina eta
tulisan.

Justru maksud kuring kieu supaya urang biasa kana pengkajian , supaya teu aya
deui penyimpulan anu teu mendasar. 
punten oge tulisan kapungkur kulantaran kaburu2 jadi bilih aya kasalahan 
penulisan koreksi wae



Tulisan kuring oge seueur rujukanana tina ulama SUNI pek geura tingali ari ahmad
ibn Hanbal contoh alitna apanan ulama suni , tapi anjeunna anu nyarios yen
Ahlulbaet teh Ali, FAtimah, HAsan Husein, teras ieu hadits teh tos mutawatir di
kalangan ulama suni bahkan di kalangan sahabat nabi sapertos nu tos ditulis
nami2a dina tulisan...komo deui we SYIAH mah, ngan teu ditulis ku kuring .



perihal dhamir (kata ganti) ieu oge tos dibahas ku para ulama kapungkur sanes
kuring wungkul, supaya leuwih sederhana  disimpelkeun wae, jadi teu kudu
tingali kitab nu ageung2 sapertos kitab2 tafsir, penyederhanaan ieu  dina
bagian sastra arab na wungkul anu sederhana, kitu deui fiil mudhare, atawa
isim fail.

hayu atuh urang bahas ngulas deui...



1.ngabahas kecapna 

وَ قَرْنَ في‏ بُيُوتِكُنَّ وَلا تَبَرَّجْنَ تَبَرُّجَ
الْجاهِلِيَّةِ الْأُولى‏ وَ أَقِمْنَ الصَّلاةَ وَ آتينَ الزَّكاةَ وَ أَطِعْنَ
اللهَ وَ رَسُولَهُ 

 إِنَّما يُريدُ اللهُ لِيُذْهِبَ عَنْكُمُ الرِّجْسَ أَهْلَ
الْبَيْتِ وَ يُطَهِّرَكُمْ تَطْهيراً 





 



Mukaddimah : 

Dhamir dina kaayaan majrur atawa mansub bisa kieu jadina 

1. hu (kanggo kata ganti katilu lalaki hiji) –artina manehna 

2. huma (kata ganti ketiga lalaki dua)—manehna 2 urang 

3. hum ( kata ganti ketiga lalaki leuwih ti dua) –maranehanana  leuwih ti 2 

4. ha ( kanggo kata ganti katilu awewe hiji) – manehna awewe 

5. huma ( kata ganti katilu awewe dua)—manehna awewe 2 urang 

6. hunna (kata ganti katilu awewe leuwih ti dua) – maranehanana awewe
leuwih ti 2 

7. Ka (kata ganti kadua lalaki hiji) – anjeun lalaki hiji 

8. Kuma (kata ganti kadua lalaki dua) – anjeun 2 lalaki 

9. Kum (kata ganti kadua lalaki leuwih ti dua)—anjeun
kabeh –leuwih ti 2 

10. Ki (kata Ganti ka dua awewe hiji) ---anjeun istri hiji 

11. Kuma (kata ganti kadua awewe dua) 
--anjeun istri dua 

12. Kunna  (Kata ganti
kadua awewe leuwih ti dua)  --- anjeun
kabeh istri leuwih ti dua 

13. ya ( kata ganti kahiji hiji)  ---
kuring - 

14. naa (kata ganti kahiji rea) 
---kami 

Lamun dina kata kerja parentah kieu : 

Misal:  

Dzahaba = indit  

tah pikeun nu no 9 jadina idzahabuu ---  pikeun lalaki rea—ararindit maneh 
lalaki 

lamun pikeun no 12 jadina idzhabna – pikeun awewe rea –
ararindit maneh awewe  

   

Tah anu dibahas dina ayat eta no 9 jeung no 12 supaya urang teu leupat
nunjukkeun ahlulbaet teh saha. 

1. Ari baris kahiji perihal istri2 nabi ku no 12 , kulantaran istri nabi teh
leuwih ti dua 

وَ قَرْنَ في‏ بُيُوتِكُنَّ وَلا تَبَرَّجْنَ
تَبَرُّجَ الْجاهِلِيَّةِ الْأُولى‏ وَ أَقِمْنَ الصَّلاةَ وَ آتينَ
الزَّكاةَ وَ أَطِعْنَ اللهَ وَ رَسُولَهُ 

Saena aranjeun (istri2 nabi)
nyicingan di imah anjeun (istri2 nabi) , ulah berhias atawa bersikap (eta
istri2 nabi) saperti pola na kaum jahiliah anu kapungkur, kudu laksanakeun
Shalat (eta istri2 nabi) jeung tunaikeun zakat (istri2 nabi) jeung taat (eta
istri2 nabi) ka Allah jeung Rasulna.

Ieu baris tina ayat hiji parengatan
ka istri2 ulah nurutan pola langkahna kaum Jahiliah.

Qarna = tina aslina aqrirna disingkat (takhfif) jadi qarna
kecap parentah hartina cicing ...na- anu ditujukeun ka dhamir awewe
rea.   

Buyutikunna – tina : Buyut = Imah , kunna = tah dhamir nu ka 12
(istri2 nabi) 

Tabarajna – tina tabarraja = bersolek=berhias --- tah ieu ---na
dina tabarrajna – nunjukkeun ka istri anu rea... 

Aqimna – kalimah parentah ti aqama artina dirikeun – tah na
– nunjukkeun ka istri2 nabi 

Athi’na = artina kudu tunduk – tina atha’a , tah ---na­ nunjukkeun
istri2 nabi 



2.  Ari Baris Kadua ku dhamir nu ka 9 

   

إِنَّما
يُريدُ اللهُ لِيُذْهِبَ عَنْكُمُ الرِّجْسَ أَهْلَ الْبَيْتِ وَ يُطَهِّرَكُمْ
تَطْهيراً 

   

Saenya2na Allah hoyong ngaleungitkeun ti anjeun
(no 9) kakotoran wahai Ahlulbaet (nabi) jeung ngabersihkeun anjeun (no 9)
sabersih bersihna 





 



1. عَنْكُمُ  ‘ankum --- ti anjeun , kum
tidinya pikeun lalaki rea ti dua, tapi dina bahasa arab Kum tiasa oge kanggo
campur nyaeta lalaki jeung awewe… tah didieu kaleubeut Ali, Fatimah, Hasan ,
Husein, jadi teu mungkin ari istri2 nabi mah , kulantaran benten jeung luhur
nyaeta khusus awewe alamatna kunna sanes Kum.

   

Lamun
kanggo istri2 nabi mah kieu jadina  عَنْكُنّ 

   

2.  يُطَهِّرَكُمْ  , wayuthahhirakum, ---
ngabersihkeun anjeun (no9) nyaeta ahlulbaet nabi Ali, Fatimah, HAsan , HUsein. 

Lamun
kanggo istri2 nabi mah kieu jadina : يُطَهِّرَكُنّ 

   

   

Ditambih
didieu penegasan artina anu ngayakinkeun ku :

1. إِنَّما   
ngandung makna hasr anu negeskeun yen Allah ngabersihkeun ngan
wungkul anjeun (ahlubaet nabi) 

Sanes
nu lainnya sapertos  sahabat atawa istri2
.

   

2. يُطَهِّرَكُمْ
تَطْهيراً  didieu penegasan artina bersih dibersihkeun,
jadi geus puguh maksumna.

   

Kasimpulanana
ieu ayat walaupun saayat tapi turunnna beda anu hiji pikeun ka Istri2 nabi anu
baris kadua pikeun Ahlulbaet nabi (Ali, Fatimah, Hasan, HUsein) 

   

Tah
naha aya saayat tapi beda jalmi anu diajak ngobrolna (dhamirna) , ?

Jawabanana
: dina Quran rea anu kieu… ieu teh salah sahiji kaindahan Quran dina Balaghah
(elmu balaghah) sapertos anu tos ditulis dina tulisanana surat yusuf 28-29

   

يُوسُفُ أَعْرِضْ عَنْ هذا وَ اسْتَغْفِري
لِذَنْبِكِ إِنَّكِ كُنْتِ مِنَ الْخاطِئينَ 

   

Hai Yusuf (as) berpaling (balik)
tina hal eta (masalah ieu), jeung ka anjeun (istriku) kudu istighfar tina
amalan dosa anjeun saenya2na anjeun (istriku) jalmi anu salah (dina masalah
ieu) 

   

Tah
dina saayat luhur bisa katingali dua jalmi anu diajak nyarios…nyaeta Yusuf (as)
jeung Istri

Jadi
teu selalu kulantaran ayat Al-Ahzab 33 teh awalna ka istri nabi jadi kabeh eta
saayat Al-Ahzab 33 teh pikeun istri nabi ieu perkara anu leupat pisan… 

   

Anu
hiji mah peringatan ulah pipilueun budaya jahiliah

Anu
kadua mah negeskeun KAsucian

   

Kesimpulanana
beda

   

Dalil
nu sanesna dalil anu ditingali tina riwayat/hadits  asbabun nuzul (asal muasal 
turun ayat)

   

Sapertos
anu di tulis kapungkur ieu riwayat dikalangan ulama suni oge geus mutawatir
komo deui di kalangan sahabat nabi… mangga tingali deui

   

   

Oh hiji deui perkawis Fi’il Mudhare 

   

إِنَّما
يُريدُ اللهُ لِيُذْهِبَ عَنْكُمُ الرِّجْسَ أَهْلَ الْبَيْتِ وَ يُطَهِّرَكُمْ
تَطْهيراً 

   

Fiil (kata kerja) teh aya tilu :  

1. Fiil Madhi – atawa dina basa ingris mah
Past tens 

2. Fiil Amr – Fiil perintah  

3. Fi’il Mudhare – ieu ngandung dua zaman
boh presen tens (ayeuna) boh Future tense ( kapayun) 

   

Tah ayat diluhur nganggo fiil mudhare
nyaeta يُريدُ  tina اراد  (fiil Madhi)  

Jadi Allah ku ieu
kecap ngabuktikeun yen ngabersihkeun Ahlulbaet teh ti harita nepi ka hareupna ,
nepi ka jaman kapayun (akhir zaman) , ku kituna ... teu mungkin ngabersihan
tapi euweuh nu diberihan... tah ieu salah sahiji dalil ayana JALMI MAKSUM
ayeuna oge di akhir zaman teh kulantaran Allah AYA... tah lamun ditingali dina
hubungan ayat jeung nu sanesna eta teh Ahlulbaet nabi anu mimpin, Imam, Wali,
Amirilmukminin, Khalifah, disebatna dina hadits IMAM MAHDI. 

   

   

Bilih
aya anu teu kahartos mangga taroskeun we…

   

Zen 
bilih aya anu leupat nulis koreksi wae


(Hampura
dina sagala kalepat)


 
 









      


      

Kirim email ke