odoh hartina jorok. ieu kecap aya dina padalisan ka tilu dina salasahiji
pupuh asmarandana nu kawentar ieu:

Éling-éling murangkalih
kudu apik jeung berséka
ulah odoh ku panganggo
nu kotor geura seuseuhan
mun soéh geuwat kaputan
kanu buruk masing butuh
kanu anyar masing lebar

Nu rujit mawa kasakit
mawa celak ka salira
katénjo ku batur awon
tungtungna urang dihina
ku pada babaturan
batur téh geus tangtu embung
reureujeungan reujeung urang

(sumber angger, indung uing!)

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke