Kabuhulan kumaha? Jadi maksudna, lamun teu dijajah ku Walanda karajaan2 di
Nusantara ayeuna geus mekar siga "kerajaan" Inggris, Walanda atawa Jepang?

manar

2010/8/16 Tirta widjaja <[email protected]>

>
>
> Waaah over thinking, kabuhulan ngutak ngatik otak...nu puguh mah mun teu
> digoda setan mah urang2 ayeuna aya si Sorga!
>
> *~ experientia docet sapientiam ~*
>
>
>  ------------------------------
> *From:* oman abdurahman <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Monday, August 16, 2010 13:13:49
>
> *Subject:* Re: [kisunda] Re: M E R D E K A Euy!
>
>
>
> Geus tong ngaralieukan wae ka tukang :)
>
> Kahade kahilapkeun, walanda daratangna ka Indonesia teh cenah mah mawa visi
> 3G tea (Glory, Gospel & God). Jadi, ceuk saha bajoang teu didadasaran ku
> agama? Atawa, pertanyaanana anu bener mah meureun kieu: "Ti baheula oge
> agama mindeng disalahgunakeun, lain?". Enya teu disalah-gunakeun kumaha,
> sabab, agama naon wae lamun anu bener-bener mah moal nepi ka jadi alat
> pikeun ngajajah atawa nandasa bangsa lian..
>
> Tah aya deui anu rada paur. Eta falsafah anu kurang leuwih bisa
> dirumuskeunkieu: "kusabab eta nu aya, nya eta anu bener". Memang, fenomena
> Walanda ngajajah, lila ku lila ngabalukarkeun bangsa urang bisa oge -
> kalawan bajoang satekah polah - ngahontal kamerdekaanana. Jadi, Walanda
> "berjasa" oge, da Walanda anu aya (ngajajah urang) nepi ka urang merdeka.
>
> Di kalangan tarekat atawa para sufi aya oge logika anu samodel kitu teh.
> Logikana kl katangeun tina carita ieu: saur aranjeunna, para sufi tea, urang
> upama engke arasup sawarga teh eta enas-enasna mah alatan ku jasana setan
> anu ngagoda urang, tapi urangna henteu kagoda, jst. Coba lamun setan henteu
> ngagoda urang, apan moal aya ganjaran tina hasil perjuangan, jst. Logika ieu
> lamun diteruskeun bisa jadi kieu ngambah kaditu kadieu, model kieu: Setan
> oge berjasa ka Nabi Adam a.s; Abu Jahal jeung batur-baturna berjasa oge ka
> kangjeng Nabi Muhammad saw, jst; Mu'awiyyah berjasa ka Syaidina Ali, jst.
>
> Naha leres eta logika model kitu teh? Atawa aya katerangan sejen nepi ka
> mana wates-wates berlakuna. Cikan diantos komen ti sadayana.
>
>
> manar
>
>
>
>
> 2010/8/16 mh <[email protected]>
>
>>
>>
>>
>>
>> 2010/8/16 mh <[email protected]>
>>
>> "Padahal, bangsa Belanda pada tahun 1592 itu belum tiba di Indonesia.
>>> Belanda sendiri tiba di Indonesia, yakni di Banten, pada tahun 1552 di bawah
>>> pimpinan Cornelius De Houtman untuk menjajaki potensi perdagangan di
>>> Indonesia," katanya di Medan, Sabtu.
>>>
>>
>> taun 1592 walanda can nepi ka indonesia
>> taun 1552 walanda geus nepi ka banten
>> ==============================
>> 1952 > 1552,
>> Jadi ?????????????????
>>
>
>
>  
>

Kirim email ke