Kanggo kaom muslimin, kenging tina buku Ayat Suci Lenyepaneun (Jilid 1), Moh E. 
Hasim, Penerbit
Pustaka, Bandung,
1427 H-2007 M: 


Jeung adegkeun shalat, bayar zakat, jeung pék ruku bareng
jeung nu ruku. (QS 2:43)

Shalat wajib nu lima
kali sapoé sapeuting kudu dilaksanakeun dina waktuna. Tanpa alesan nu syah,
urang teu meunang ngaleuirkeun shalat nepi kaliwat waktuna, tapi upama masih
kaburu sarakaat dina waktuna mah shalat urang téh syah dumasar kana H.r.
Jama’ah ti Abu Hurairah, nu kieu unggelna:

Rasulullah sasauran: “Sing saha kaburu sarakaat tina
shalatna, manéhna sarua jeung geus kaburu ngalaksanakeun shalat sagemblengna.”

Ari dina H.r.
Bukhari mah kasauran Rasulullah téh kieu:

Lamun salah
saurang ti antara maranéh kaburu sujud sakali tina shalat ‘ashar saméméh
panonpoé surup, teruskeun shalatna nepi ka anggeus, jeung lamun manéhna kaburu
sujud sakali tina shalat shubuh saméméh panonpoé meleték, teruskeun shalatna
nepi ka anggeus/sampurna.

Jadi lamun urang datang
ti panyabaan kira-kira 10 menit deui kana waktu magrib, lamun can shalat
‘ashar, buru-buru wudhu, upama kaburu ngalakukeun rakaat kahiji, sanajan rakaat
kadua, katilu jeung kaopat geus kamagriban, shalat ashar urang syah.

Shalat nu ngahaja
ditinggalkeun teu bias dikodo, ari nu meunang dikodo mah nu teu dilaksanakeun
dina waktuna lantaran poho atawa mondok, sakumaha nu kaunggel dina H.r. Bukhari
jeung Muslim ti Abu Qatadah:

Nya lamun salah
saurang ti maranéh poho ngadegkeun shalat atawa kasaréan, nya manéhna kudu
shalat dina waktu manéhna inget.

Dina surat
al-Ankabut ayat 45 juz 21 disebutkeun: “Satemenna shalat téh nyegah pagawéan
kotor jeung kamungkaran.”

Shalat nu
dimaksud dina surat al-Ankabut ieu téh nya éta shalat nu husu lillahi rabbil
aalamiin, shalat nu nyumponan kritéria lahir batin atawa hissiyah jeung
ma’nawiyah, nyumponan aspék materi jeung kaifiatna. Ku jalan muhasabah urang 
bisa
ngoréksi diri ngeunaan kualitas shalat urang. Lamun urang masih sok cicilimit
mipit teu amit ngala teu ménta, goréng carék, takabur, ria, hasud jeung
ngarempak rupa-rupa larangan, tah ieu nandakeun yén shalat urang téh masih
saahuun, malaweung, pikiran ka mana-mendi, jeung naon-naon nu diucapkeun waktu
shalat tara diamalkeun dina hirup kumbuh.

Dina ayat 3 geus
dipedar yén shalat téh dimimitian ku takbir, tah ieu diménsi vértikal atawa
hablumminallah, madepkeun diri ka Allah, geus kitu ditutup ku awéh salam bari
ngalieuk ka katuhu jeung ka kenca. Ieu téh diménsi horizontal atawa
hablumminannaas nya éta tali mimitran antara sasama manusa, runtut rukun tulung
tinulungan.

Dina kaayaan
normal upama urang ngadegkeun shalat, urang kudu nutupan orat, jeung lamun
berjamaah dina waktu panas poé atawa ngecrek hujan, shalat téh kudu di jero
masjid atawa mushalla.

Nutupan orat kudu
ku papakéan, ari papakéan dijieun tina lawon. Lawon tina kantéh, kantéh tina
kapas, jeung kapas hasil tatanén. Jadi pikeun ngayakeun papakéan téh kudu jadi
ahli tatanén, ahli kimia jeung ahli téknologi. Ngadegkeun masjid kudu aya kai
kudu aya semén, paku, ubin, séng jeung sajaba ti éta. Sanggeus aya bahan kudu
aya ahli arsiték. Bréh baé gening dina agama lain ngan urusan ahérat baé tapi
ogé ngawengku urusan dunya, ku sabab éta umat Islam wajib nungtut élmu
ukhrawiyah jeung dunyawiyah.  Timbalan
aqiimushshalaah (= adegkeun shalat) dina bubuka ayat ieu téh manahoréng ari
dicrukcruk mah lega pisan ambahanana, réa jungjang karawatna.

Shalat jeung
zakat dina al-Qur’an mindeng pisan disanafaskeun pikeun ngébréhkeun yén
hablumminallah jeung hablumminannaas téh ngarupakeun dwi-tunggal.

Manfaat zakat téh
kaluar pikeun karaharjaan fakir-miskin jeung rupa-rupa amal fiisabilillah nu
gedé gunana pikeun masarakat, jeung ka jero pikeun ngaberesihan diri muzaki
atawa jalma nu mayar zakat tina rupa-rupa rereged. Lamun para muzaki jeung
amilin bener-bener ngadisiplin diri nurutkeun papagon agama, insya Allah nagara
bakal gemah ripah loh jinawi. Kanyatanana ayeuna loba pisan galandangan
pating-raringkuk di kolong sasak gigireun gedong jararangkung tur méntéréng;
loba nu langlayeuseun  saukur diganjel ku
écéng gondok di sagigireun nu ngacak-ngebur balakécrakan; sababaraha masjid
geus mangtaun-taun masih tetep rangkay kénéh, rumah sakit jeung madrasah pon
nya kitu deui, tungtungna timbul kacurigaan naha ieu téh lantaran para muzaki
nu pedit atawa amilin nu teu eucreug.






      

Kirim email ke