jalaran bedug di tiap wewengkon ampir jarang, engke mah meureun baris diganti nganggo drum ???
2010/9/16 Waluya <[email protected]> > > > Saminggu samemeh lebaran, ngadadak kuring kudu ka Surabaya. Rada wegah > sabenerna mah kudu indit-inditan di bulan puasa teh, komo ari geus duekeut > ka poe lebaran, tapi teu bisa nolak da parentah "pangab(utuh)" ...hehehe. Ti > Bandung make mobil opat urang, kaasup supir. Inditna poe jumaah tas saur, da > niat teh arek puasa we sakuatna. Jalan nu nu dipilih jalan Pantura, lumayan > gancang, jam 11 geus tepi ka samemeh kota Kendal. Didinya neangan masjid rek > ngilu jumaahan. Kabeneran pisan manggihan masjid gede disisi jalan, poho > deui aran tempatna mah. Nya eureun didinya, mobil bisa parkir di hareupeun > masjid pisan. > > Kuring langsung ka tempat wudu, nu lumayan alus jeung bersih, terus asup ka > jero masjid, maksud teh rek langsung solat sunat. Di jero masjid kuring > nempo bedug mani gede pisan lengkep jeung kohkolna. Kulantaran geus jarang > pisan kuring ngareungeu sora bedug, jadi panasaran hayang ngadenge sorana > waktu ditabeuh, kuring ngahaja milih tempat deukeut bedug, hareupeunana, > padahal di hareup masih karosong keneh. > > Jam 12 kurang 20 menit, lamun teu salah mah, tukang nakol bedug, nu make > samping jeung kopeah, ngajurungkunung tina diukna, kop kana panakol, terus > nabeuh kohkolna, torongtong ..tong..tong ...dur!. Beg teh dada kuring asa > aya ninggang, bakating ku eundeur. Dur ..dur ..dur.dur dur, bedug ditakolna > beuki ngerepan, tepi ka sorana merekpek, geus kitu irama nakolna teh > ngajarangan deui kira kira lamun didetikan mah 5 detik, 10 detik, 15 detik > ...40 detik ..samenit ..jep weh jempe. "Ah meureun enggeus nakol bedugna > teh", pikir kuring, nu siap-siap rek ngareungeukeun nu khotbah, naha make > basa Jawa atawa Indonesia. > > Na atuh, Dur ...deui wae bedug teh ditakol deui, kuring tepi ka ngarenjag. > Dur ...dur ..dur bedug ditakol ngerepan deui, geus frekuensina kerep pisan, > kakara ngajarangan deui, tepi ka intervalna aya 2-3 menitna. Ari sugan teh > geus rengse, na ari pek teh dur deui wae, ngerepan terus ngajarang deui, > kakara rengse, eureun. Kuring nempo arloji hayang nyaho sabaraha menit > "proesesi" nambeuh bedug di lembur urang Jawa teh, euleuh geuning lumayan > lila, aya kana 10 menitna da jam kuring nunjukkeun ampir jam 12 pas. Irama > nakolna kira-kira > ngerepan-ngajarangan-ngerepan-ngajarangan-ngerepan-ngajarangan .... > > Rada aneh oge, sanajan irama nakolna ampir sarua jeung di lembur kuring, > tapi di lembur kuring mah (baheula) teu lila kitu. Tapi duka upami di lembur > sejen di tatar Sunda mah. Nu jelas, ayeuna, di Bandung atawa di lembur > kuring di Sumedang geus tara ngareungeu deui sora bedug. > > Baktos, > WALUYA > > >
