Carita nu aya dina blog teh meni sarupa pisan jeung anu kaalaman ku simkuring. Simkuring nu nikah taun 2005 tug dugi ka ayeuna memang nganggo landihan abah-ambu. Alesana, salian ti leuwih nyunda, oge beda jeung umumna dulur nu sejen plus rada alergi ku sebutan bunda ka keluarga muda. dina pamikiran simkuring, bunda mah keur ibu-ibu nu agung, anu tangguh, anu ideal, anu dipihormat ku anak-anakna... ayeuna mah aya tren, can nanaon geus bubundaan. asa gimana gituh... Saacan mutuskeun make abah-ambu teh, aya babaturan sakantor, jenenganna ujang margiono. sanajan anjeuna lain pituin sunda murni, tapi ngalandih ambu ka istrina. ku simkuring pernah ditanyakeun, kumaha pengalaman make landihan ambu, naha aya masalah ka barudak jrrd? jawabanna teh teu aya masalah nanaon. Landihan keluarga simkuring ka pun biang oge 'Abu'. meureun tina ambu asalna. Lila-lila ampir kabeh dulur ngalandih 'abu' jadina katelah 'abu enok'... mugia aya mangpaatna. haturnuhun
Firman Juliansyah PT INDISMART KREATIF IDEA Jl. Tubagus Ismail XVI No. 7, Bandung, Indonesia 40134 T: +62 22 2503761 F: +62 22 2508155 Mobile: +62 81 320 656 905 Email : [email protected] http://www.indi-smart.com http://www.myindismart.blogspot.com http://www.facebook.com/firmanjul http://www.firmanjul.wordpress.com
