enya, mun wilayah bogor disebut pajaran tengah teh, can cindek ku data-data
nu nambahan validitasna. hn*0catea

2010/9/29 Tukang Wawar <[email protected]>

>
>
> www.balebat.com<http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/09/situs-sindangbarang-ditalungtik-ku.html>
>
> Bulan Oktober nu baris datang, Balai Arkéologi (Balar) Bandung baris
> ngalakukeun panalungtikan di wilayah Sindangbarang. Jeroning panalungtikan
> ieu, Balar baris ngayakeun ékskavasi di salasahiji situs nu aya di
> Sindangbarang.
>
> Saméméhna, Balar Bandung sahenteuna geus tilu kali ngayakeun panalungtikan
> di wewengkon Sindangbarang ieu ti taun 2007 kénéh.
> Ngan panalungtikan nu geus dilakukeun téh kakara sawates ngadata
> kapurbakalaan nu nyampak waé.
>
>  Taun 2008, Balar Bandung ogé kungsi ngayakeun panalitian di wilayah
> Bogor, nyaéta di Kampung Muara. Harita, panalungtik ti Balar Bandung
> ngalakukeun ékskavasi di situs ieu, teu jauh ti prasasti Kebon Kopi I
> (prasasti Tapak Gajah).
>
> Ayana rencana ti pihak Balar Bandung meunang tanggapan anu positif ti
> Kapala Bidang Kabudayaan Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Pamaréntah
> Kabupatén Bogor Juanda Dimansyah. Juanda nétélakeun, ayana panalungtikan
> anu terus-terusan ku Balar Bandung, némbongkeun yén wilayah Bogor téh
> dipandang penting dina hal titinggal arkéologisna.
>
> Samentara arkéolog Agus Aris Munandar anu pangmimitina nalungtik sarta
> ngembarkeun situs Sindangbarang kungsi ogé méré saran ka pihak Balar
> Bandung. Inyana nyarankeun lamun seug rék dilakukeun ékskavasi, tempat nu
> paling cocog nyaéta di situs Batu Karut. "Di Batu Karut ieu sigana tempat
> puseur ritual anu dilakukeun ku karuhun urang Sindangbarang baheula." Agus
> ngajéntrékeun.
>
> Di tempat séjén, panitén masalah kapurbakalaan Bogor Inotji Hajatullah
> miharep, panalungtikan nu baris dilakonan ku BalarBandung di situs
> Sindangbarang ieu bisa mawa hasil anu nyugemakeun, henteu waé pikeun
> nambahan data sajarah lokal Sindangbarang, tatapi ogé bisa ngeuyeuban
> sajarah Sunda tur Nasional. (Bal)
>
> --
> Majalah Balébat
> Padépokan Riksa Sunda
> Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27
> Ciampéa - Bogor 16620
> Telp.  08121112982
> Surélék : [email protected]/[email protected]
> http://balebat.com
>
>  
>

Kirim email ke