makuta versus iket. eta dongeng iket , uin ningali dina pilem carita di nagaralangkasuta,deukeut perbatasan malaysia, (cnah malaysia kuno). meni aralus teh para raja jeung patinggi make iketna. bahanna. tina songket. aya anu ditaretes berlian, aya anu make taretes emas. kamungkinan analisa si ambu bener tah. sok sanajan uin kawin make makuta binokasih oge, aya dina pamikiran mah ciga/mirip makuta batara kresna pan? dina jagat pawayangan, anu ayeuna diaku ku internasional salaku asli milik budaya indonesia. (boa eropah oge niron ti makuta wayang?) anu pasti heula iket batan makuta. malah tug nepi kiwari, iket mah diparake keneh sanusantara, ngan iraha robahna jadi makuta teu jelas. cita cita uin make iket teh, hayang jadi seragam iket sanusantara anu beragam dari sabang sampai merauke. kacipta endah jasa mun dina acara-acara pasamoan kanagaraan kabeh make iket has daerahna masing-masing. soalna kopeah geus hanteu bisa deui nyirikeun salaku saragam nusantara, kusabab geus jadi milik hiji golongan mayoritas. geura tingali malaysia, barunay marake kopeah lin? jeung kopeah mah teu asli nusantara sabab asalna ti india (tingali kopeah nehru anu bodas). hn*0catea
2010/7/30 Tirta widjaja <[email protected]> > > > Leres bah Willy kantos ngadangu versi Galuh mah sanes nu eta. Tapi > kapungkur kantos diskusi di ieu milis oge Ambu ngiringan, eta makuta teh > mahiwal tina konsep sunda, eta model makuta mah konsep raja2 eropa. Pami > sunda mah model iket lawon nu saluyu sareng raja2 nusantara sanesna. Atuh > kerisna disiapkeun bade tangguh galuh, pajajaran atanapi cirebon, atanapi > bade nyiptakeun tangguh Mdang Milis. Nya kantun lomba disain we nya. > > bay de wey tadina mah rek ngajak raramean urang ngadamel makuta binongkasih > versi Mdang Milis nu tiasa diangge aktifis milis pami bade nikah/mantu. > Bongan make makuta nu ayeuna diwates, diaku turunan pajajaran edisi YPS > he...he..... , susah atuh iraha cacah bisa ginding na "raja sapoe". > > baktos, > tirta > > *~ experientia docet sapientiam ~* > > > ------------------------------ > *From:* Waluya <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Wednesday, July 28, 2010 11:28:20 > *Subject:* Neo Pajajaran Re: [kisunda] sajarah sumedang > > > > > Tirta widjaja <tirt...@...> wrote: > > Jadi karajaan sumedang larang teh karajaan pajajaran muslim nya. > > Aneh tapi nyata kandaga lante diserahkeun ka sumedang larang, sanes > > ka Galuh, aya alesanana kitu Kang Dud? Eta pan rek Cirebon, Banten, > > Sumedang Larang pan sarua turunan raja pajajaran, muslim. Galuh > > harita tos kacekel ku Cirebon??? > > Ambu geura nu terangeun mah (versi Galuh). Di Musieum Geusan Ulun aya > makota Binokasih (mudah2an teu lepat nyeratna). Ieu makota cenah ti > Pajajaran. Ceuk versi Sumedang mah diserahkeun ka Sumedang, tapi versi Galuh > (Ciamis) benten deui ...heuheuheu. Duka mana leres .... > > Baktos, > WALUYA > > > >
