assalamualaikum wr wb 

Sabener na mah kuring nulis Ghadir khum teh tema na kana katuhanan , anu nuju 
rame dina ieu milis...
salah sahijina kuring ngopi dina ieu pidato ghadir khum, lamun akang wanoh kanu 
bahasa jeung pilihan bahasa rasulullah jeung imam ahlulbaet as bakal ningali 
kaindahan bahasa anu aya ... bahasa anu pinuh ku sastra, mangga we tingali 
nahjul balaghah cing kumaha tah bahasana terjemahana we , komo deui lamun kana 
balaghah arab na mah ...

balik deui kana ieu

leres anu disebat ku akang wirabudiman anu dikopi eta teh nu seueur tea... 
sumberna anu dikopi ku akang wirabudiman teh punten ieta sumber na teh dina 
sabahat nabi, dina perawi suni 110dina ulama suni 360 ulama suni nulis ieu 
kitab2 suni, jumlah perawi anu aya (SANES TI SYIAH , komo deui lamun ditambihan 
ku syiah mah dina kitab2 syiah sabaraha tah)

ieu jumlah paling seueur tibatan riwayat anu nepi ka urang misal hadits shalat 
jeung kumaha wudu wae teu nepi ka sakitu mungkin puluhan oge teu nepi tapi 
hadits ghadir khum mah FAUQ MUTAWATIR hartina leuwih ti mutawatir... teu aya 
anu 
bisa ngalawanana... kulantaran meureun ieu kalebet hadits salah sahiji bentuk 
anu penting kanggo umat anu sumberna tina Quran. maka teu salah ayat quran 
nyebatkeun perihal kapemimpina saperti Athiullaha waathiurrasula wa ulil amri 
minkum.

Jadi sanes ku kapentingan penulis atawa ku kakuasaan mah jama baheulana,  ... 
justru jaman muawiyah jeung abasyiah lamun ngadangu MAN KUNTU MAULAHU FAALIYYUN 
MAULA  MAN KUNTU NABIYUHU FAALIYUN AMIRUH (cing saha anu ngajadikeun kuring 
maula (tuan pemimpin) maka jadikeun Ali pamimpin cing saha anu ngayakinan 
kuring 
Nabi maka ali Amir (pamimpin saatos abdi)  maka eta jelema moal jauh ti 
dipenggal dibunuh jeung sajabana...

hal ieu teu pandang bulu dina sajarah disebatkeun (nu nulis sajarah suni) lain 
suni lain syiah anu cinta Ali anu ngaku ali pamimpin di bunuh ayana...

masalah sakolaah anu teu nyebatkeun ghadir khum : aya pemahaman anu mumkin 
fanatis berlebihan di kalangan urang, yen lamun aya jalmi anu nyerat atawa 
ngajarkeun Ali maula mukminin maka disebatna syiah, teras tambih deui isu 
buatan 
ku jalmi tak bertanggungjawab wahabi anu gawena mecah belah... ku kituna mumkin 
sakolaan urang teu nyebatkeun ghadir khum, padahal mah ghadir kum pembahasan 
sanes pembahasan syiah wungkul tapi pembahasan UMAT ISLAM boh eta suni boh 
syiah...
kamungkinan nu sanes kitab2 hadits anu aya di indonesia terbatas, kitab andalan 
na hadits Bukhari muslim, padahal di dua eta oge tos cekap perihal gahdir kum 
mah, ngan kitab sanesna anu leuwih rea ti eta (kabehna ti suni)...
nu kaduana hanyakal kitab bukhri muslim na oge dipilih2 deui jadi istilahna 
MUKHTASHAR (ringkasan) nya perihal gahdir khum jeung maula ali teu di lebetkeun.

Ghadir khum hiji tempat antara mekkah jeung madinah deukeut ka mekkah jiga 
lembah , saur rerencangan kuring di madinah anu apaleun nyarios ka kuring lamun 
jelema nyarios maka sakurilingna bakal kadangu (kulantaran lembah eta) coba 
search poto ghadir khum ku basa arab غدير خم bakal aya gambaran kumaha ayana 
anu 
teu aya nu ngurus ku pamarentaha saudi arabia....
kulantaran jemaah haji di daerah manapun bahkan penduduk madinah 
sakurilinganana 
dilarang ka dinya kecuali pura2 jadi jelema anu teu dicurigai bakal ziarah. 
dilarang datang ka daerah eta, sateuacan kekuasaan pemerintahan wahabi saudi 
jemaah haji masih bisa ziarah ka eta tempat.
teraskeun diskusina ku akang  ... lamun singkatna wanoh makrifat kana ayat 
alquran, jeung Pamimpin umat(imam) satiap zaman kaduana ngabuktikeun yen Allah 
ku rahman rahimna teu masihan satengah2 nikmat ka manusa , tapi masihan ku 
sagala perlengkapan hirup supaya bener, boh nyawana, ragana, aturana , 
pamimpinna, dll.

saenya2 Allah maha Karim maha Hakim

wassalamualaikum wr wb.



________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sat, October 9, 2010 4:49:17 PM
Subject: [kisunda] Re: Pidato Ghadir Khum -ketuhanan

  
> ahmad sahidin <aa...@...> wrote:
> duh... meuni seur kitu. ngan badi mah teu ngartos naha na buku sajarah > 
> Islam 
>sapertos Sejarah Muhammad kenging Muhammad Husein Haekal teu 
>
> dicarioskeun ngeunaa Ghodir Khum teh. Ari na buku Sejarah Nabi 
> Muhammad saw kenging Jafar Subhani mah aya. Lengkep sami sareng 
> disebatkeun di habndap ngenaan riwayatna. 
> Abdi ge diajar sajarh di UIN Bandung teh teu dibahas ku dosen na eta 
> teh. Kitu 
> deui buku-buku sajarah kebudayaan Islam nu dianggo ku madrasah2 teu 
> disebat2 ngeunaan Ghodir Khum teh.

Pan sajarah mah cenah kumaha kapentingan nu nulis ....

Baktos,
WALUYA


 


      

Kirim email ke