Aduh jero kang, abdi mah sieun titeuleum.. Abdi saluyu sareng cariosan akang, 
ngan punten abdi moal ancrub milarian elmuna, paur ti teuleum, engke abdi bilih 
hilap yen abdi nuju ngalalakon di dunya anu nyata, yen anu kawasa the teu aya 
sanes ukur "ARTOS"... Dewa urang sarerea
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: engkus ruswana <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 15 Oct 2010 17:40:21 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Bls: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

Leres pisan kang........., margi ambahan elmu Katuhanan teh maha luas kang, 
moal aya hiji jalmi nu tiasa namatkeun Elmu Tuhan, tinimbang tamat ngelmuna, 
kalahka lalakon urang di dunya kaburu tamat, tapi tangtuna saumur ngalalakon 
hirup, urang moal weleh diajar, didinya bakal nambahan kanyaho/elmu atanapi 
tiasa bae janten robah kanyaho/elmu ku pependakan anyar hasil diajar tea.

Pon kitu dina kayakinan, sabab kayakinan ngait jeung kanyaho/elmu..... Gampilna 
mah mangga geura galih kadiri sorangan masing jujur.... naha urang geus 
gembleng kana kayakinan sewang-sewangan.... naha urang geus apal kana 
pibalikeun dimana urang anggeus ngalalakon..... bandingkeun jeung kahirupan 
urang sapopoe, dimana nyaba atawa ngumbara teh pan geus apal (mun tea mah urang 
Bandung) pibalikeun teh nya ka Bandung di jalan anu, nu imahna 
kitu..kitu...kitu..., nyanghareupna k beulah ditu.... jeung sajabana, tah 
dimana mulang teh moal sasab.

Bandingkeun jeung pangbalikan urang hirup.... naha geus apal kamana 
pangbalikan... kamana mulangkeun raga nu geus teu diperlukeun.... kamana 
mulangkeun batin/ruhani/pangawasa ka nu bogana, jeung kamana eta ingsun rek 
mulangna?.... Naha rek diudag ku elmu kasalametan (elmu Gusti) atawa rek 
masrahkeun bae sacara alami atawa ngandelkeun kumaha nu ngajak bae?.... kumaha 
mun sasab atawa diajak sumpang-simpang?..... atawa mungkin rek cicing bae di 
jero kubur...... beu atuh heurin di kuburan teh pagiling-gisik nungguan nu 
nuduhkeun pibalikeun.....????, komo deui kiwari kuburan ge disesered parebut 
jeung parumahan.

Nya mangga.... masing-masing gaduh pamilih....ngan tangtu sabisa-bisa  mah kudu 
dihontalna ku emu, mung urang kedah tarapti, sabab tadi seueur nu pahili antara 
elmu jeung dongeng. Sok sanajan dina eta dongen aya eusi elmuna..., tapi pan 
kedah kapendak heula elmuna.

cag.
Engkus
--- Pada Jum, 15/10/10, [email protected] <[email protected]> menulis:

Dari: [email protected] <[email protected]>
Judul: Re: Bls: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 15 Oktober, 2010, 4:13 PM







 



  


    
      
      
      












Salut, janten urang nuju dialajar saleresna mah, nuju milarian kanyataan nu 
diyakinan ki diri urang masing2, kunaon bet milari keneh ? Hartosna yen urang 
saleresna teu acan yakin naon nu diyakinan ku urang nyalira..
Komo kedah ngiring nu diyakinan ku batur pan ? Hehehe
Upami tos yakin mah, moal teras milari sareng diajar, da tos yakin


WassPowered by Telkomsel BlackBerry®From:  engkus ruswana 
<[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Fri, 15 Oct 2010 17:08:33 +0800 (SGT)To: 
<[email protected]>ReplyTo:  [email protected]
Subject: Re: Bls: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

 



    
      
      
      Nu dimaksad deuheus kana "Terang" nu aya dina dirina, nya tangtosna ge 
kedah deuheus heula ka nu gaduh Terangna, nyaeta deugeus jeung KuringNa nu asal 
ti Gusti, nu sok nitah bener, nyaram salah, nu datangna teh sok sakolepat  
jeungbiasana tara diperhatikeun, seperti dimana ningali nu susah sok rey hayang 
nulung, tapi sok gancang kalindih ku pamikiran/uteuk nu sok ngitung untung-rugi.

Jadi mun ceuk dina dongeng wayang mah....mun Bima geus panggih jeung wujud 
dirina nu leutik (Dewaruci) atawa dina carita legenda Sunda waktu Mundinglaya 
geus bisa nundukkeun Guriangtujuh, Guriangtunggal jeung ngelehkeun 
Jongrangkalapitung, nya nepi ka sajabaning langit panggih jeung 
Sasakadomas....he...he...he... dongeng deui pan kang.

Tah mun tos nepi ka dinya, hartosna tos pendak jeung Kuringna....bakal pendak 
jeung
 Gustina....nya tangtu deuheus jeung terangNa/elmuNa/kanyahoNa.

Tah simkuring oge pijajauheun dugi ka tahap eta mah kang, estuning nuju 
ngereuyeuh diajar nundukkeun Guringtujuh sangkan ulah kabawa teuing ku kayahang 
dunya ge masih beurat kang....., hoyong tiasa dugi kana suasana  NING (teu 
naon-naon ku naon-naon) bae sesah pisan. 

pun tabe kang

ER
--- Pada Jum, 15/10/10, [email protected] <[email protected]> menulis:

Dari: [email protected] <[email protected]>
Judul: Re: Bls: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 15 Oktober, 2010, 3:08 PM







 



    
      
      
      












Ari nu terang kana dirina teh nu sapertos naon kang? Terang ku hayalanna 
nyalira atanapi kumaha? Pan seueur pisan jalmi nu ngangken terang kana dirina 
bari peupeuleukeuk, padahal mah raraosan manehna we wungkul asa terang
Powered by Telkomsel BlackBerry®From:  engkus ruswana <[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Fri, 15 Oct 2010 16:04:38 +0800 (SGT)To: 
<[email protected]>ReplyTo:  [email protected]
Subject: Re: Bls: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

 



    
      
      
      He...he...he...., rupina kumargi jalmi mah seueur nu "auh ah gelap" 
atanapi ceu basa ajengan mah  "wallahu allam", nya ahirna percaya ka nu dongeng 
tea malah seueur nu toh jiwa raga mertahankeun kepercayaan kana dongeng teh, 
sok sanajan mun neuleuman dina hate nu paling jerona aya hamham, kumargi teu 
terang tea..... Cobi mun geus deuheus mah sareng Nu Terang ka nu aya dina 
dirina...... pasti bakal seuri mesem, kumargi ngarti tea. 

ER

--- Pada Jum, 15/10/10, [email protected] <[email protected]> menulis:

Dari: [email protected] <[email protected]>
Judul: Re: Bls: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 15 Oktober, 2010, 2:53 PM







 



    
      
      
      












Naha atuh nya bet urang2 kalah percanten kana dongeng ? Sapertos murangkalih 
atuh percanten keneh kana dongeng ? Komo tuturut munding kana dongeng ? Atanapi 
ngimpi palay hirup nuturkeun dongeng ?Powered by Telkomsel BlackBerry®From:  
engkus ruswana <[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Fri, 15 Oct 2010 15:47:53 +0800 (SGT)To: 
<[email protected]>ReplyTo:  [email protected]
Subject: Re: Bls: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

 



    
      
      
      Kang Halimun,

Ceuk pamikiran simkuring, hirup manusa memang teu bisa leupas tina dongeng 
jeung dipangaruhan ku dongeng. diantara dongeng-dongeng eta aya nu ngandung 
siloka, aya tujuan pendidikan spiritual/agama...... Cobi bae bandingkeun antara 
dongeng Dewa Ruci dina Pawayangan, dongeng Mundinglaya Di Kusumah dina legenda 
jeung dongeng Isro-Mirajd di Agama.... mun diteuleuman eusina, meh sarua...

Engkus.

--- Pada Jum, 15/10/10, [email protected] <[email protected]> menulis:

Dari: [email protected] <[email protected]>
Judul: Re: Bls: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 15 Oktober, 2010, 11:25 AM







 



    
      
      
      












Tah eta nu terang abdi mah sapetos kituPowered by Telkomsel BlackBerry®From:  
Wilistya Redanta <[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Fri, 15 Oct 2010 10:54:37 +0800 (SGT)To: 
<[email protected]>ReplyTo:  [email protected]
Subject: Bls: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

 



    
      
      
      Jaman harita jigana wali 9 ngalarang ngahijikeun agama Islam jeung 
budaya.padahal hasilna luar biasa. Kasus Prabu Siliwangi mirip jeung Syekh Siti 
Jenar. Prabu Siliwangi harita ceunah mah keur 'menerapkan' Pancen Pangawinan', 
nyaeta agama Islam jeung Sunda Wiwitan. Malah tos ngadamel buku nu eusina pupuh 
sunda nu jumlahna aya 7777 pupuh.



Pada Kam, 14 Okt 2010 22:16 ICT [email protected] menulis:



>Muhun, sapuk, sarengna oge boa2 siliwangi teh dongeng wungkul, sapertos 
>dongeng sangkuriang najong parahu, sareng kisah situbagendit...

>boa2 dongen rahayat wungkul nami siliwangi teh.. Ah lieur we jantena hehehehe 



    
     

    










    
     



 





    
     

    










    
     



 





    
     

    










    
     



 





    
     

    










    
     

    
    


 



  






Kirim email ke