Ngiring bela sungkawa, kang Ilen. Kairing pangdu'a sae ka anu mulih ka jati
mulang ka asal, tuang rama. Ka kulawarga anu dikantun, mugia aya dina sabar
tawakal

manar

2010/11/14 mh <[email protected]>

>
>
> Ngiring sungkawa, mugia laksana sagala nu diseja ku salira sakulawarga.
> -mh-
>
> 2010/11/13 ilen kardani <[email protected]>
>
>
>>
>> Para wargi,
>>
>> Dihin pinasti anyar pinanggih, titis tulis bagja diri, nitih wanci nincak
>> mangsa anu mustari.
>>
>> Hatur uninga wirehna pun Bapa, KRHT Arip Muhammad Yahya Kartanagara, yuswa
>> 73 taun, parantos mulih ka jati mulang ka asal gumulung di kalanggengan dina
>> dinten Ahad, ping 7 November 2010. Anjeuna dipernahkeun di Bojong
>> Kihiang Desa Cimenyan dinten senen ping 8 November 2010.
>>
>> Boh bilih salami anjeuna kumelendang di alam rame aya kelelepatan ka para
>> wargi, sim kuring neda wening galihna seja ngahapunten ka mantena.
>>
>> "Asal teu aya mulih teu aya, asal kudrat mulang kudrat, mulang ka
>> kudratullah kabeh. Sampurnaning sampurna taya nu kari"
>>
>> Baktosna,
>>
>> ilen kardani
>>
>>
>  
>

Kirim email ke