Hiji mangsa di tahun 2008, di FISIP UI aya pameran peralatan kamera video
Panasonic, sakalian sosialisasi film"Merantau" anu shootingnya make kamera
video
panasonic. Merantau teh hiji film anu nyaritakeun nonoman Minang anu merantau
ka
Jakarta, boga kaahlian silat/penca aliran maung salah sahiji aliran silat di
Padang Sumatera Barat. Film ieu teh sababaraha waktu katukang diputer di
bioskop-bioskop umum. Sutradarana oge urang Inggris. Salah sahiji anggota tim
film eta teh nyaeta Christine Hakim, mantan bentang film kondang di taun
1970-an. Harita oge aya pengurus IPSI, anggota DPR, alumni FISIP UI, salah
sahiji personil grup orkes dangdut PSP.
Ceuk Christine Hakim teh, film Merantau teh salah sahiji unggulan film anu boga
maksud pikeun ngamasarakatkeun kasenian Penca/silat. Film ieu teh didukung ku
Rachmat Gobel, salaku Ketua Umum Ikatan Pencak Silat Seluruh Indonesia (IPSI).
Tina pangalaman nyeun film ieu, Christine Hakim boga pancen pikeun
ngadokumentasikeun kasenian penca anu aya di wewengkon Nusantara. Tugas ieu teh
langsung diparentahkeun ku Rachmat Gobel salaku Ketua Umum IPSI.
Cenah baheula oge pernah Penca ieu diusulkeun jadi salah sahiji cabang olahraga
anu dipertandingkeun di tingkat dunia di Olimpiade. Rachmat Gobel kungsi nyaba
ka sababaraha nagara, menta dukungan sangkan silat bisa asup di Olimpiade.Ngan
hanjakal teu tinekanan.
mrachmatrawyani