Naha bet riweuh kieu, nguruskeun anu ku urang dipercaya ka anu teu percayaeun, 
asa euweuh gawe teuing. Keun bae nu teu percayaeun mah, mun enya ge manehna 
hayang percaya sina neangan sorangan, sina panggih sorangan. Mamaksa anu teu 
percaya sina percaya mah kalah cape sorangan. 
Keur anu percaya, mending ge neangan beja jeung bukti sejenna, sangkan naon nu 
dipercaya leuwih jejeg tangtungna. Ti dinya tuluy korehan, kahadean naon anu 
bisa diala pikeun jalan hirup pikahareupeun, nu gorengna jieun conto keur 
pieunteungeun. 
Sanes kitu dulur? 
Heueuh sugan.    

--- In [email protected], ilen kardani <ilen1...@...> wrote:
>
> Contokeun aya nu datang mere bukti ka halimun siga kieu:
> 
> - Raksukan Prabu Siliwangi & makutana dijagragkeun.
> - Parabot nu sok dianggo ku Prabu Siliwangi ditembongkeun
> - Karaton Pajajaran ditembongkeun
> - Halimun dibawa ka tempat paniisan Prabu Siliwangi
> - Halimun diinditkeun ka alam sejen, terus panggih jeung Prabu Siliwangi
> 
> Bakal percaya kitu? Pasti nanya deui, maenya baju jeung parabot raja siga 
> kitu 
> patut?, Maenya Raja daek indit-inditan katempat saperti kitu? Piraku karaton 
> siga kitu patut? dina jonghokna jeung anjeuna, wah eta mah jin anu nyiliwuri 
> ngaku-ngaku Prabu Siliwangi. Naon buktina yen anjeun Prabu Siliwangi?, 
> 
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
> From: "halimun...@..." <halimun...@...>
> To: [email protected]
> Sent: Fri, November 26, 2010 4:37:18 PM
> Subject: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative 
> ofthe intangible cultural of heritage of humanity
> 
>   
> Punten buktoskeun siliwangi kantos aya.. "Peninggalan" salah sahijina we 
> wungkul, atawa dimana ari ibukota pajajaran, hiji bangunan we sesa bangunan 
> titinggal siliwangi.. Urang ulah ngabobodo anak incu engke bari urang 
> sorangan 
> teu apal bener siliwangi teh kungsi aya atawa dongeng rahayat sunda nu hayang 
> ngabogaan raja sa hebat siliwangi.. Digambarkeun we di sunda kungsi aya 
> karajaan 
> nu ngarana pajajaran dipingpin ku raja nu ngarana siliwangi, ari pas ditanya 
> buktina, gampang we nyebut siliwangi tilem lah, jadi maung lah, pajajaran 
> ngaleingit lah... Pan jadi ngalieurkeun batur 
> 
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ________________________________
> 
> From: "Waluya" <waluya2...@...> 
> Sender: [email protected] 
> Date: Fri, 26 Nov 2010 03:55:57 -0000
> To: <[email protected]>
> ReplyTo: [email protected] 
> Subject: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative 
> ofthe intangible cultural of heritage of humanity
>   
> > enjebe@ wrote:
> > Di sagedengeun ti eta kuring jadi hayang apal keur dulur2 anu geus 
> > percaya kana rupa2 hal ngeunaan sunda jsb naha enya eta the aya 
> > buktina??? 
> 
> Maksadna ngeunaan sunda nu mana tea Kang? Upami nu dimaksad Siliwangi, 
> saleresna 
> KEUR NU PERCAYA teu perlu bukti deui, namina oge geus PERCAYA ( geus YAKIN) 
> dina 
> ayana. Tah kumargi geus lumpat kana KAYAKINAN batur, teu hade oge gogorowokan 
> nyebutkeun Siliwangi teh euweuh bari ngangajak urang Sunda kudu ninggalkeun 
> kapercayaan ieu. 
> 
> 
> Lamun bae bade dideukeutan ku elmu pangaweruh, tangtu perlu bukti. Tah 
> saumpamana wae ku elmu pangaweruh (bukti2 sajarah) kabuktikeun sabenerna 
> Siliwangi teh TEU AYA alias ukur dongeng, tapi tetep moal bisa ngaleungitkeun 
> kitu wae kapercayaan ieu di hate sabagian urang Sunda.
> 
> Hawking nulis dina buku anyarnya yen Tuhan teh teu pipilueun dina ngadegkeun 
> alam semesta. Hawking make elmu pangaweruh tepika boga kacindekan kitu. Tapi 
> sabagian gede urang Indonesia leuwih percaya kana GERENTES HATENA tinimbang 
> analisis fisika Hawking. Analogi nu sarua keur masalah Siliwangi, sanajan aya 
> nu 
> tepika totonggengan nyebutkeun SIliwangi teh ukur dongeng make alesan2 
> ilmiah, 
> tapi hal ieu moal mangaruhan keur nu PERCAYA jadi TEU PERCAYA.
> 
> Kuring oge satuju lamun perkara Sunda buhun teh diguar sacara ilmiah, tapi 
> nyaeta kudu ati-ati ulah nyigeung, sabab ieu aya hubunganana jeung kayakinan. 
> Lamun hiji kayakinan diganggu gugat, biasana hese rengsena, nu ngarasa 
> kaganggu, 
> bakal neruskeun kateuresepna ka anak incuna.......
> 
> Baktos,
> WALUYA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke