Disiplin sejenna, sakumaha tatakrama umumna milist, dina mairan (reply) di
milist mah teu hade lamun ukur sabaris (istiliahna: oneliner), komo sakecap
mah. Ieu oge hal anu mindeng dirempag ku sababaraha anggota milist.
Postingan kang Imun loba pisan anu ukur oneliner.

Postingan oneliner teh utama keur anu sibuk atawa ngan boga waktu samporet
karasa ngabobodo atawa ngariweuhkeun. Disangka rek manggihan postingan anu
lumayan aya eusina, hanas (nyaan ngeunaheun make kecap "hanas" teh) geus
ngaluangkeun waktu muka mailbox, ari pek ukur manggihan sabaris atawa
sakecap.

Lian ti eta, rada hese meunangkeun eusi postingan anu munel atawa aya eusian
keur diskusi saterusna tina postingan anu ukur saecret. Hal sejenna,
postingan oneliner nuduhkeun anu nyieunna teh rarusuh anu ngaharib kana
emosi nalika mairan hiji postingan.

Hal anu ditatan di luhur tangtu kaalaman ku saha wae atawa umumna anu sok
aktif dina milist boh salaku anu nyieun postingan oneliner atawa salaku
"korban" oneliner. Karana sakitu, peun anu enggeus-eunggeus, kahareup hayu
urang rada daria dina mairan hiji postingan. Lamun teu sanggup nyieun
postingan anu leuwih ti hiji baris, leuwih hade ngadepong wae heula,
ngumpulkeun bahan.

salam,
manar
2010/12/4 Jalak Pakuan <[email protected]>

>
>
> Aya hiji kabiasaan goreng di dieu teh, sok marales ngaganti judul thread,
> judul padungdengan. Ku pamalesan ieu seueur efek/akibat kana tujuan
> padungdengan. Hayu urang rada disiplin sakedik urang baca heula judul memeh
> ngirim surelek.....
>
> salam ka sadaya
> tirta
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
>  
>

Kirim email ke