Baraya, Majalah Balébat dina raraga ngamasarakatkeun sajarah, hususna nu aya di Bogor ngayakeun kagiatan "Napak Tilas". Naon kagiatan ieu teh? mangga jugjug kaca Facebookna di dieu<http://www.facebook.com/group.php?gid=110546372300285#%21/group.php?gid=110546372300285&v=info>.
Tah dina kaping 19 Desember nu bakal datang, "Napak Tilas" teh baris diayakeun nu katilu kalina. Bakal ngumbulkeun tema 'Harmoni Budaya jeung Eksotika Pulo Geulis". Rutena bakal dimimitian jam 08.00 isuk di buruan BTM (Bogor Trade Mal) di Kampung Gudang, jeung bakal tuntungan di kelenteng Pan Koh di Pulo Geulis. Situs sejen nu baris kaliwatan diantarana: Embah Tangkal Londok, Sesa gedong bioskop 'Ranggagading', bangkarak 'Gedong Dalem', jeung imah kulawarga Thung. Aya dua tokoh nu bakal jadi narasumber, nyaeta: Inotji Hayatullah (Sajarawan Bogor), jeung Mardi Lim (Aktivis Budaya Tionghoa). Tina ngajajah kulon wetan wilayah nu disebut kampung-cina-na Bogor ieu, urang bakal ningali kumaha budaya Tionghoa, Sunda, Arab, Eropa (ti mimiti ekonomi, kuliner, arsitektur, jeung nu lianna) gumulung. Kanggo info/konfirmasi salajengna mah mangga gero wae ka: telepon: 08121112982 & 08157120873 facebook: *http://tinyurl.com/2enajlz * hatur nuhun, -- Majalah Balébat Padépokan Riksa Sunda Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27 Ciampéa - Bogor 16620 Telp. 08121112982 Surélék : [email protected]/[email protected] http://balebat.com
