Para Wargi, Nyanggakeun wilujeng nincak taun 1944 Saka Sunda, candra sangkalana "Adeging Kerta Bakti Bumi" catur watek ieu taun masih keneh dicirian ku seueurna pamingpin nagri nu ditarewakan tina raraga Adeging Kerta, oge bakal muncul pamingpin-pamingpin anyar nu Bhakti Bhumi enggoning ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara mapag engke taun istimewa nyaeta 1945 S (2012M).
Keur sadirieun, sakabeh laku lampah urang di taun tukang (1943S) bakal kapetik hasil kaala buahna taun ieu (1944S), melak hade buahna hade, melak goreng buahna goreng, moal aya kanyataan anu ngaleuwihan tina perbuatan. Kanggo sakumplitna kalender Saka Sunda 1944 tiasa ditingal tina facebook anu dikantetkeun ku Kamandaka Pancasila. http://www.facebook.com/home.php?#!/photo.php?fbid=138143909572921&set=a.138143509572961.36238.100001319373632&pid=185460&id=100001319373632 Baktosna, pun ilen kardani
