Eta pamendak bu Nina Lubis. Tapi sim kuring langkung percanten ka ahli sajarah nu nyindekkeun Siliwangi aya. Sanaos kitu, sim kuring kedah ngaragangan ka bu Nina sareng nu sajalan jeung anjeunna (kalebet bah Waluya?).
--- On Mon, 12/13/10, Waluya <[email protected]> wrote: From: Waluya <[email protected]> Subject: [kisunda] Re: Sajarah Siliwangi 6# (Siliwangi Dayeuh anyar) To: [email protected] Date: Monday, December 13, 2010, 11:25 PM > Aschev Schuraschev <ascheve...@...> wrote: > Leres para ahli sajarah teu acan hiji sora ngeunaan agamana eyang > Prabu Siliwangi. Malah bu Nina Lubis mah nyebatkeun cenah Siliwangi > teh teu aya alias mitos. Ku lantaran kitu henteu matak heran upami > sajarah teh seueur versina. Teu masalah ukur dianggap mithos oge, mithos teu salawasna goreng. Urang Amerika oge ngaranan pesawat luar angkasana nu nganteurkeun jelema ka bulan, APOLLO, dewa kuno Yunani. Terus ngaranana pesawat angkut militer ku HERCULES, mithos Yunani oge ...jrrd. Kitu oge jeung Siliwangi. Ku aranna SIliwangi nu make lambang maung pasukan Siliwangi baheula dipikagimir jeung disegani di Indonesia. Sumanget sakapeung teu perlu alesan nu panjang-lebar ..... Baktos, WALUYA
