Tah sae kitu kang, mana si ibi teh nya, pang maluruhkeun naon kandungan kulit jengkol, undur2 sareng amperu beunteur ? Mugi we aya relevansina nya Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Jalak Pakuan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 20 Dec 2010 10:07:00 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: @ Bi Uti Bls: Bls: Bls: [kisunda] Plot Sinetron Ceubi Uti punten tina sisi kimia aya penjelasanana relevansi kulit jengkol, undur2 sareng hamperu lauk jeung diabetes? 1. Pami aya tiasa ditangtoskeun takaran/ukuran; 2. Pami teu aya nya sawios lebet out of the box we. nuhun sateuacana JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: "[email protected]" <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sen, 20 Desember, 2010 09:31:08 Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] Plot Sinetron ==> Re: Nyandung jeung Jin Bls: Jurig dina KahirupanUrang Sunda Obat diabetes : Tina pangalaman aya dua kelompok ngubaran diabetes: 1. Obat2 tradisonal 2. Hipnotis otak (ke dibahas khusus) 1. Obat2 tradisonal Aya sababaraha obat tradisonal nu sok dipake ku kuring saparakanca jang ngubaran atawa "ngendalikeun" kadar gula dina getih nyaeta make kulit jengkol, undur2 jeung hamperu lauk beunteur (lauk walungan jiga nilem leutik). a. Kulit jengkol, Kulit jengkol disangray, dibubukeun dijadikeun siga bubuk kopi, tuluy ditinyuh, diinum sapoe sakali. b. Undur2, Undur2 didahar langsung hirup2, bisa diteleg langsung atawa di asupkeun kana cau misalna. c. Amperu beunteur Beunteur lauk walungan nu bentukna jiga nilem, warna sisikna bodas herang, dina tonggongna deukeut "sirip" tonggong, aya titik dua kenca katuhu. Cara daharna, beunteur ulah dikaluarkeun hamperuna atawa papaitna, diasakan langsung, terus didahar jeung laukna, rada pait tapi jadi ubar jang diabetes. Catetan : dina nu tilu diluhur ulah dicampur, bisi gulana turun ngadadak. Pasen nu panyakit gulana parah pisan rada hese make ubar eta, kudu dicampur ngubaran make hipnotis jeung batin/tanaga jero. Mangga, mugi mangpaat
