Saur wartos eta ge Kang, hehe...:) Nyakitu ti aalit aya wae kawenehan teh, teras jol jorojoy eta teh kitu kieu cenah na gerentes hate teh. Ti dinya sok rajeun tataros ka sepuh2... Ngan tos lami distop heula, sieun kateterasan, alim kaiket ku alam batur, pan urang ge gaduh alam nyalira.
________________________________ From: Jalak Pakuan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, December 21, 2010 19:00:56 Subject: Bls: Bls: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring Abdi nyamber oge he he punten asyik tuda ari geus ngobrol perjinan, perjurigan teh....eta kang Deni apal timana di bumi eta aya jin? Kang Deni tiasa komunikasi oge kang geuning apal eta jurig ngingintil? salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Deni Indra Kelana <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 15:50:09 Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring Sapuk Bah... Abdi janten kataji yeh hoyong naros oge, punten pami nyamber. Cik manawi pangimplengkeun dupi jin anu aya di bumi pun biang di Bandung asalna ti mana? kapungkur mah sok ngingintil wae samemeh diperenahkeun teh. Nuhun ________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, December 21, 2010 18:26:39 Subject: Re: Bls: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring Patarosan ka hiji, urusan sasajen abdi didasaran ku hukum islam, nyaeta musyrik, terus nanaonan dipasihan sajen nu eusina barang2 manusa ? Moal ka ala ku maranehna oge. Maranehna ngan ngudag hiji perkara soal sasajen, nyaeta nyasarkeun jalma nu percaya, salian ti eta teu aya kapentingan jang maranehna. Llamun oge maranehna beuki hulu munding, make nitah jelema nyuguhkeun hulu munding ? Der we nyokot sorangan da teu katingalieun ku manusa? Terus manehna mah moal keuna ku hukum manusa, moal disebut tindak pidana ? Barang2 nu lain oge sami, rek rurujakan, cikopi jsb. Ka mubah2 dipiceunan, komo ka laut, paling dihakan ku lauk. Mun urang ngalakukeun nu kitu, para setan siluman ajrag2an bungah aya jalma nu daek dibobodo jeung di bawa sasar, dina bahasa kuring mah nu kitu teh ngagadekeun kaimanan ka allah swt. Patarosan kadua, abdi tos sababaraha kali nyebatkeun yen teu ditakdirkeun manusa asup ka alam jin, tapi ditakdirkeun sabagean jin bisa asup alam manusa. Sagala kajantenan nu aya hubingan sareng jin pasti di alam manusa, kitu tah kang Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Jalak Pakuan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 21 Dec 2010 15:18:21 +0800 (SGT) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Bls: Bls: [kisunda] bah Imun cek ricek jurig di imah kuring Clear pakait bah Imun - komando ka jin. Punten rek diparekpek ku patarosan: 1. Eta kumaha urusan sasajen/llalabuhan ka laut/kawah gunung nu biasa dilakukeun? 2. Eta basa bah Imun gelut jeung jurig nepi kabanting kana lomari harita jurig/jin tos lebet kana alam manusa? JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: "[email protected]" <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 15:09:44 Judul: Re: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring Kanggo naon diburuhan? Diburuhan ku naon da moal beukieun dipasihan katuangan manusa oge, dipasihan artos, komo moal laku di alamna. Abdi mah miwarang nu kersaeun we. Jin tiasa dicilakakeun ku manusa, asal aya di alam manusa. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Jalak Pakuan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 21 Dec 2010 15:06:11 +0800 (SGT) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] bah Imun cek ricek jurig di imah kuring Punten cerewed ieu mah supados jelas kangge pamiarsa sadaya. Patarosan salajengna eta bah Imun rek kuram kirim kunti sagala....tah naha jin oge "no free luch", menta upah, buruh ka bah Imun kulantaran dititah? Lamun henteu menta upah naha bet daek dititah...naha bah Imun bisa nyilakakeun mahluk alam sejen sabangsaning jin/jurig. Sabalikna sim kuring naros ka kang Maman naha jurig boga peurah nu bisa nyilakakeun jalma?? salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: "[email protected]" <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 15:00:14 Judul: Re: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring Sumuhun, dikontak, ke aya feedback ka dieu, teu kahalangan ku ruang Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Jalak Pakuan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 21 Dec 2010 14:53:17 +0800 (SGT) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] bah Imun cek ricek jurig di imah kuring Konfirmasi bah Imun ieu teh ngangge teknik gerentes hate? Naon hartosna "kontakna rada ageung"? Pami ageung mah pan ukuran janten teknikna sanes gerentes atuh tapi ngirim energi teas diukur pantulan/balikna kitu sanes? JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: "[email protected]" <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 14:42:53 Judul: Re: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring Aya kang, kontakna rada ageung, jelas aya ieu mah.. Karaos ku abdi kadang manrupi istri ngora keneh kadang sapertos nini2, kadang oray Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: MRachmat Rawyani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 20 Dec 2010 22:40:18 -0800 (PST) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] bah Imun cek ricek jurig di imah kuring Bah Imun, cik pang ningalikeun kaayaan rorompok kuring di Depok. Ceuk pun adi beuteung mah, di payeun bumi aya tangkal buah anu rada hieum, sok aya anu "ucang-ucangan". Atuh di lebet bumi, pun bojo sakapeung sok ngambeu seungit kekembangan. Kumaha tah panilik Bah Imun? Baktos, mrachmatrawyani
