Taaah eta kasus menarik.Naha ari eta jin teh sok gaulna mapay turunan runtuyan? 
Jadi mun geus gaul jeung uyut turun ka eyang turun ka kolot kitu? Eta inisiatif 
jin atanapi pesenan ti ngagaduhan, dina kasus bah Deni eta talatah akina? 
(jempol ka kang Deni nu wanian ngahaja nyanghareupan nu kasurupan).

Nuhun
JP

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: "[email protected]" <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 19:06:25
Judul: Re: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring

  
Aki salira gaduh jin ti sancang, nu abdi terang, di sakuliah jawa barat, jin ti 
daerah sancang nu paling kiat
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  Deni Indra Kelana <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Tue, 21 Dec 2010 02:31:12 -0800 (PST)
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Bls: [kisunda] bah Imun cek  ricek jurig di imah kuring
  
Janten emut kajantenan genep taun kalangkung. Harita abdi masih keneh buburuh 
di 
Jatiluhur, kantos diajak ka wewengkon Jatilihur girang ku jalmi rada sepuh. 
Saurna mah inyana tiasa ngamat Prabu Siliwangi, nanging kedah ngendong ka 
bumina 
pas malem jumaah.

Nya kumargi panasaran jung we abdi ka ditu tiluan sirencangan ku saurang 
rencang 
sapadamelan. Tos ngobrol ngaler ngidul, der atuh tah si sepuh teh mintonkeun 
kaahengan2 samodel ngaluarkeun awi tina lipetan kaen nu digulung, jst. Beres 
kitu laju ka acara utamana ngamat tea. Gancaning carita der weh tah si emang2 
teh kasurupan, nyaan sorana ge janten robah semu handaruan. Barang sup jol2 
burileng teh molotot ka abdi, pokna "geuning aya batur kami di dieu?", cenah. 
"nya enya atuh, pan aya satilu2 mangkeluk di dieu teh" saur abdi na hate, da 
teu  
wasa engab kitu mah, bisi diamuk ku nu kasurupan, heuheu...

Laju disambung deui, "Menggeus lah piceun tah nu aya di maneh teh, hayang elmu 
naon ku kami dibere".. ya abdi kulantaran kagok nyacapkeun panasaran 
ngaenyakeun 
we, "nya mangga teh teuing ari bade nyurup mah ka abdi", cekeng. Na ari gurubug 
teh si emang kalah totobatan, ampuuun, tobaaat, panaas, teu kuat...cenah. teu 
lami ngulahek kulisik weh lilir bari teras nanya, aya teu euy? cenah... Abdi 
duaan mung ting belehem we bari baluweng teu puguh.
Cag ah...


Kirim email ke