Rupina ayeuna tos lebet bab campur aduk gado2 kawitan ti energi numutkeun elmu fisika jeung energi dipake dina praktek ngamangpaatkeun energi chi, ki, tenaga dalam.
Tapi janten emut kantos aya artikel dina kompas (minggu) pami teu lepat sekitar 5 taun kapengker aya hiji gurubesar ITB nu terkenal di widang Fisika nuju neuleuman phenomena Reiki. Duka tah kumaha panalungtikanana naha tos kana rel nu arahna kawas nu disebut kang Maman? Mh biasana mah rajin kokorotak kana boboko artikel, sumber informasi, sugan atuh nimu. Ngeunaan istilah charge nya teu langkung nu penting mah bisa ngajelaskeun phenomena nu sapopoe akrab jeung urang sunda. Jadi emut di lengkong tasik aya paguron silat nyebut jurus "listrik" jadi lamun aya nu niat teu hade bisa kasetrum tijungkel. Sigana lamun nu lain mah nyebut tanaga dalam, khang (gingkhang/lweekhang nu akrab kana kho ping hoo). JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 05:22:24 Judul: Sanes energi tapi muatan (charge) Re: Bls: Size energi/radiasi jin Bls: [kisunda] > Jalak Pakuan <jalakpak...@...> wrote: > Kumargi jin/jurig teu berwujud aya nu ngaklasifikasikeun jadi > energi, matak kembanganana aya energi negatif aya energi positif. Horseh milis kisunda siga majalah mistik "Misteri" ....hehehehe. Mung bade ngomentaran umpama energi mah tiasa diukur da aya satuanana. Satuanan Joule (SI), kalori, Btu atawa KWh (Bapa PLN). Duka jurig energina sabaraha KWh? Umpama energi negatip hartina depisit, jinna kurang nyatu kitu? WLY =============== ha.ha.ha. janten seueur ngabahas mistik nya. Parantos dugi ka Bab sabaraha ieu teh? Ti kapungkur oge abdi mah apal Bah Imun teh "dukun". Ramena milis gara-gara aya Abah Imun. Ngan jang sakuringeun mah, osok hayang seuri, kanu osok nyampur-nyampurkeun istilah fisika jeung perjurigan. Siga istilah anu jadi sering salah kaprah, umpamana sebutan 'energi negatif'. (dina fisika mah nembe hipotesa, karek sigana keneh aya[meureun] energi negatif, anu sabanding lurus jeung materi negatif) Tina asal kata fisik(a) hartina aya fisik/wujud/materi, tah nu ngarana makhlus halus mah teu gaduh wujud lahir/fisikna, matak osok nginjeum fisik jelema(kasurupan), atawa asup kana batu-2an, atanapi barang pusaka. Lamun arek dicocok-cocokeun, makhluk halus umpama ditilik tina fisika mah, nya langkung pas disebat muatan(charge), tah upami ieu mah yaktos aya + aya anu -. Duka tah aya hubungan henteuna, perkawis radiasi (pancaran gelombang), sareng per-jurig-an, da anu osok ka kuping mah, upami di rumah sakit sering karempel dina ruangan alat radiasi, oge dina ambulans. Meureun hiji mangsa bisa 'papanggih'(aya titik timu), antawis phenomena ghoib sareng fisika post quantum. :)
