walah bedog-na matap, kang TRL asana aya baraya sejen, kang gun, pernah medar bedog banten teh
2010/12/20 <[email protected]> > > [Attachment(s) <#12d098ba5c11b207_TopText> from [email protected] > below] > > > Saguru, saelmu teu nanaon ngaganggu, los bae.. > Lumayan. Elmu debus ge laku, ngan teu sarame jin. Ieu elmu teu > pakuat-pakait jeung jin atawa sihir atawa mejik jer atawa Dudi Corbuzer. > Ieu murni seni. Makana ditelahkeun seni budaya debus. Kula rek mere conto > ngulinkeun bedog. > > Panginten para kanca nyorang nonton pertunjukan ngulinkeun bedog. Naek > taraje make bedog. Ngadekan ganas dina luhureun bujal jeung sajabana. Tah > naon rahasiana? > Para kanca bisa nyoba sorangan di imah cukup make bismillah. Ngan kudu > inget, kusabab ieu seni, nya kudu dilatih jeung latihan. Teu bisa > sambarangan. Ieu seni ngeunaan pengendalian emosi, reflek, disiplin jeung > tangtuna kaimanan kanu manteb. > > Teangan bedog nu alus, enteng dicekel, jeung lamun ditangtungkeun bisa > nangtung sorangan teu kudu dicekelan. Asah bedog sangkan moncerang herang > katingalina. (ulah make bedog meunang nginjeum, jeung bedog ieu khususon > kangge ulin, sanes kangge ka kebon kudak-kadek, jeung ieu bedog teu meunang > diniatan jang ngarogahala sasatoan, komo jang ngadek jelema, pantang!!) > > Ke dituluykeun. Tah sakalian ku kula dibere conto bedog-bedog nu bagus. > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > Tirilik ti Banten. > > [image: A Solitude Peace Awaits > You]<http://feeds.feedburner.com/%7Er/visitbaduyvillage/%7E6/1> > > ↑ Grab this Headline > Animator<http://feedburner.google.com/fb/a/headlineanimator/install?id=381g6s7v3qjrtbba52m5od06vs&w=1> > > <http://visitbaduyvillage.com> > <http://visitbaduyvillage.com><http://creativenglish.visitbaduyvillage.com> > > ----- Original Message ----- > *From:* mh <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Tuesday, December 21, 2010 9:53 PM > *Subject:* Mikawanoh Debus Banten ==> Re: Tubagus & Raden Bls: [kisunda] > Tina lauk belik deui ka Jurig.. > > > > Meungpeung aya tawaran ti Kang TRL, > Sok Kang geura pedar ti A-Z naon atuh debus teh. > Keun wae MUI mah heula anan, ulah nepi ka urang Sunda wanoh kana > budayana sorangan ngaliwatan urang bule. > > Hayang diajar basa Sunda ka bule, hayang wanoh kana wayang dibejaan ku > bule, > kulantaran urang sorangan males nulis. > > Tah meungpeung aya manukna, der geura bahas > > 2010/12/20 <[email protected]> > >> >> >> >> Bilih aya dulur-dulur nu hoyong ngelmu debus Banten, ku kula rek >> dipedarkeun didieu. Ngan nu mangrupa seni, mbeh teu picarekeun kang manar >> atawa MUI. >> Sok, saha nu palay? Di antawisna teu teurak ku bedog (tapi ku silet >> dijamin,) ngagayem semprong teu badarah. >> Mangga, >> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu >> Tirilik ti Banten. >> >> <http://visitbaduyvillage.com> >> <http://visitbaduyvillage.com><http://creativenglish.visitbaduyvillage.com> >> >> ----- Original Message ----- >> *From:* mh <[email protected]> >> *To:* [email protected] >> *Sent:* Tuesday, December 21, 2010 6:11 PM >> *Subject:* Re: Tubagus & Raden Bls: [kisunda] Tina lauk belik deui ka >> Jurig.. >> >> >> >> Uing jadi inget tukang akrobat di Leles, Garut. Ngan poho deui ngaranna >> saha. >> Ngamimitian pentas teh sok dimimitian jiga Kang TRL, "Nu saguru, saelmu, >> poma ulah ganggu," cenah. >> Oh inget julukana teh, asana Ateng Aradea, "Kula Ateng Aradea, Putra >> Pajajaran," >> >> >> 2010/12/21 Tubagus Rifki L <[email protected]> >> >>> >>> >>> Kula mah moal i-iluan ngomongkeun jurig. Enggal bae tos aya ahlina. >>> >>> Tubagus dan Raden >>> >>> Kula can manggihan dina buku sajarah ngeunaan ngaran Tubagus. Cik naros >>> ah kang Asep. Ngan kula boga curiga (elmu curigasyion ti kamari ge) etamah >>> 'Trik' kasepuhan Banten, utamina para panggeran supados identitas >>> 'katurunan' teu lengit, pedah karajaana geus rata jeung taneuh sakumaha nu >>> katingali ayeuna. Eta ge menara, jigana lamun lain menara masjid geus beak >>> dijualan. >>> >>> Duka sakitu bae. Bisa bener, bisa salah. Punten nu kasuhun bilih aya >>> urang Banten di dieu. >>> >>> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu. >>> tirilik >>> >>> >>> >>> >> >> > >
