Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un. Ngiring belasungkawa anu saageung-ageungna ku ngantunkeunana abah Surya (HR Hidayat Suryalaga), inohong Sunda, budayawan, tokoh anu nuturusan nyambungkeun adumanis antawis Islam sareng Sunda, tadi wengi pk 12.00 di RS Santo Yusuf. Mugia almarhum ditampi iman islamna, dicaangkeun sareng kenging ni'mat di alam kuburna, kalebet ahli sawarga engke di poe akhir. Ka anu dikantunkeun mugia aya dina sabar tawakal.
Tos aya sataunna akhir-akhir ieu abah mindeng diparios ka rumah sakit. Anjuran dokter mah kedah istirahat, namung abah henteu ngirangan aktivitasna, utamina janten narasumber dina sababaraha seminar atanapi rapat di lembaga-lembaga boh pamarentah atanapi swasta (Unpas). Malah kantos dina hiji rapat meh pingsan, lajeng dicandak ka dokter. Teu aya sanesna tina sakitu ageung perhatosanana ka Sunda / urang Sunda. Kamari ka rumah-sakitna tabuh 5-an pasosonten. Aya pendarahan namun sanes dina mastakana. Anjeunna sadar dugi ka ngantunkeunana, malah maparin nasehat/wasiat sagala rupi ka palaputerana diantarana kang Reza, anu ngemitan sareng nungkulan dugi ka ngantunkeunana. Kitu sakumaha anu didugikeun ku kang Reza tadi pasisiang. Dina riungan pangjajap wekasan pikeun anjeunna tadi isuk-isuk dugi ka tbh 11-an seueur inohong anu sarumping sareng cumarios, diantarana: Kang Didi Turmudzi (pupuhu Paguyuban Pasundan), Uu Rukmana, Kang Acil, Kang Us Tiarsa (LBS), Kang Tjetje Hidayat Padmadinata (Ketua Umum Pengurus Pusat AMS), sareng nu sanesna (hapunten nga-"akang"-keun ka pinisepuh kasundaan, nuturkeun sakumaha dina riungan panglayad tadi). Sadaya anu sarumping ngangkeun kana jasa-jasa sareng kasaean abah Surya alm, boh kanggo dunya pendidikan oge kabudayaan sareng kamasyarakatan. Malah kang Tjetje mah langsung nyebatkeun abah Surya teh ahli surga, pantes lebet surga anu dihaminan ku anu sarumping. Mugia wae mungguh Alloh swt kitu kaayaanana. Wasiat anjeunna anu didugikeun ku Kang Reza puterana teu panjang. Wasiatna pikeun palaputerana oge urang Sunda sadayana: "Kudu nyaah ka Sunda, kudu hirup akur jeung batur, nyaah ka sasama", kitu saurna. Wilujeng angkat abah, mugia padang alam caang anu dipayunan. Mugia naon rupi tapak kasaean salira salami di dunya anu fana ieu aya anu neraskeun ayeuna sareng ka payun. Mugia oge urang sadaya tiasa ngalaksanakeun wasiat salira, nyaah ka Sunda, hirup akur jeung batur, nyaah ka sasama. manar 2010/12/25 hangjuang bodas <[email protected]> > > > Innalillahi wainnailaihi rojiun. > Parantos ngantunkeun Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga) tabuh 04 tgl 25 Des > 2010 di Sukaasih Atas V No. 438. > Mugia almarhum dihapunten samudaya kalepatanana, ditampi iman-Islamna, > sareng kenging ni'mat bagja di kalanggenganana. Amin. > > baktos, > > > >
