Ngiring belasungkawan kang Deni, oge ka anu dikantunkeun, salira sareng tuang rai sakulawargi mugia aya dina sabar tawakal. Insya Alloh dumasar kana seueur katerangan ti para ulama, orok anu ngantunkeun mah langsung lebet surga. Malah sok aya paribasa: nyengcelengan dina harti eta murangkalih teh tiasa janten pangdorong ka sepuhna hirupa aya dina kasalametan. Mugia wae.
manar 2010/12/28 mh <khs...@gmail.com> > > > Ngiring sungkawa Kang Deni. Mugia tuang putra diperenahkeun di gedengeun > manten-Na, sarta salira sakulawargi dipaparin kasabaran. Mangkaning cukleuk > leuweung, cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa. Sok ras ka diri uing, > sami-sami tukang ngumbara. > > 2010/12/28 Deni Indra Kelana <lee_kel...@yahoo.com> > > >> >> Kahatur para wargi kisunda sadaya, >> Assalamu 'alaikum wr wb. >> >> Hapunten pami kirang utami, bade nyuhunkeun pidu'a ti para wargi wirehing >> pun anak dinten ieu ngantunkeun waktos dibabarkeun di Royal Hospital for >> Women Sydney. Kakasihna: Kennisha Cipta Ishwari Indra kelana (Kenny). >> >> Utamina mugi pun anak sing diperenahkeun di sisi manten-Na, sareng abdi >> sakulawargi dipasihan kasabaran ngarandapan ieu cocobi. Oge nyuhunkeun sih >> hapunten tina samudaya kalepatan. >> >> Hatur nuhun, salam, >> >> Deni >> >> > > >