Baraya, Wilujeng mapag taun anyar Masehi 2011. Kumaha kira-kira prakiraan musim taun 2011?
Bieu pisan si kuring ngobrol jeung Cak Ibnu, ti Bakosurtanal, salah saurang ahli analisis El Nina jeung La Nina anu kungsi jadi konsultan Bappenas (taun 2008-2009) dina studi roadmap perubahan iklim Indonesia. Anjeunna dina eta padamelan ngahasilkeun prakiraan iraha datangna La Nina jeung El Nina nepi ka taun 2100. Hasil eta prediksi (dina elmu iklim, "ramalan" anu dumasar itung-itungan matematik/modelin disebutna "prediksi") anjeunna keur taun 2010 kabuktian bener (nyaeta La Nina alias loba hujan atawa musim baseuh). Kumaha hasil analisis anjeunna keur taun 2011? Samemeh mesek hasil prediksi Cak Ibu keur taun 2011, urang noong heula naon anu disebut La Nina jeung El Nina ceuk elmu iklim. Sacara singget, La Nina jeung El Nina dina elmu iklim eta kaasup kajadian iklim ekstrim (extrem climate event) anu diakibatkeun ku rubuh-robahna beungeut cai laut jeung tangtuna oge angin jeung tekanan di atmosfer. Kandungan kimia atmosfer oge milu mangaruhan, khususna karbondioksida jeung gas GRK sejenna. Tinggalkeun katerangan pelik sabab musabab El Nina jeung La Nina, urang luncat wae kana akibatna. Di kalangan ahli iklim geus pada sapuk yen La Nina ngabalukarkeun iklim atawa musim baseuh alias ngecrek wae hujan sok sanajan mangsa geus asup kana bulan anu biasana halodo. Taun ieu, 2010, upamana, anu leuwih loba hujan, eta kaasup La Nina (sok sanajan ayeuna di tungtung Desember aya pangiwalan, teu ngecrek hujan di urang mah; tapi sacara umum 2010 aya fenomena La Nina). Akibat La Nina anu gede nya teu aya deui iwal ti banjir jeung taneuh longsor di sababaraha tempat anu kondisi taneuh/batuana ngamungkinkeun. Sabalikna, El Nina mah perwatekanana teh mawa halodo alias musim garing. El Nina anu sanget matak nimbulkeun halodo nongtoreng, dangdangrat garing jeung kasaatan atawa hese cai dimana-mana. Waktu tadi Cak Ibnu ditanya ngeunaan musim taun 2011, hasil prediksi anjeunna teh kieu cenah: kurang leuwih nepi ka bulan Mei masih aya hujan (hal ieu luyu oge jeung prediksi BMKG anu nyebutkeun yen nepi ka Maret kudu diwaspadaan kamungkinan hujan anu leuwih loba). Laju, ceuk Cak Ibnu deui, satutasna Mei musim sacara drastis barobah jadi garing nepi ka akhir taun. Jadi sacara umum 2011 teh El Nina, kajaba Januari-Mei, ceuk Cak Ibnu. Tapi, Cak Ibnu ngebrehkeun oge pamendak ahli sejenna anu tetela beda. Sakumaha dicaritakeun ku Cak Ibnu, aya sabagean ahli anu netelakeun yen tahun hareup (2011) baris kajadian La Nina deui. Ngan, ceuk cak Ibnu neruskeun, dina sajarah anu kacatet ku manusa, can kungsi aya kajadian La Nina 2 taun tuluy-tuluyan. "Lamun enya teh taun 2011 La Nina deui eta baris jadi totonden kaayaan iklim anu mimiti aneh pisan", kitu kurang leuwih cak Ibnu nandeskeun. Tapi, da saenyana musim ayeuna teh mimiti aneh kacida; eta wae, dina mangsa ayeuna dimana ceuk kabiasaan mah di nagara-nagara Eropa usum salju, kuduna di Ustrali teh musim panas; tapi anu kajadian di Ustrali ayeuna-ayeuna ieu malah aya banjir badag. Anu akhir bieu katerangan cak Ibnu nutup obrolan jeung si kuring via telepon. Kumaha nyikepan kaayan iklim taun 2011 anu kaasup mimiti abnormal, lain ceuk urang wae anu awam, tapi dalah oge ceuk para ahli iklim? Idealna mah urang boga ahli iklim jangka pendek anu jempolan. Ngaliwatan eta ahli, lalaunan iklim terus ditengetan minggu ka minggu pikeun nangtukeun tindakan kasiap-siagaan urang. Tapi, ahli iklim anu saperti kitu teh arang langka di nagara maju oge, komo di nagara urang. Tina katerangan di luhur, aya hiji kacindekan anu rada buleud.Yen nepi ka bulan Mei wae mah sigana masih seueur hujan, malah antara Januari nepi ka Maret mah kudu waspada pisan ayana hujan badag malah nepi ka banjirna pisan. Anu saterusna, nya urang bandungan wae bari tarapti ngajaga rupa-rupa kamungkinan, boh banjir alatan La Nina, atawa malah halodo pisan alatan El Nina. Tapi, eta anu kasebut di luhur sakabehna itung-itungan jelema anu teu daya teu upaya di payuneun Gusti Alloh anu Maha Kawasa. Bisa wae realitasna atawa bukti anu nyatana mah beda pisan dibandingkeun jeung prediksi-prediksi anu aya ti para ahli. Kukituna, kawajiban urang sasadiaan (disebutna adaptasi dina elmu perobahan iklim mah atawa mitigasi dina elmu kebencanaan sacara umum) boh keur nyanghareupan halodo entrang-entrangan hese cai, atawa dina nyanghareupan hujan ngecrek nepi ka hujan badagna anu matak nimbulkeun bencana banjir jeung taneuh longsor. Carana? Nya teu aya sanes, ngokolakeun cai jeung lingkungan anu gede pakuat-pakaitna jeung kaayan cai. Upamana wae, leuweung, walungan-walungan, solokan-solokan, jeung nu sejenna tempat cai ngocor atawa ngamalir kudu salawasna dirawat atawa dipiara; kudu hemat kana cai; nyieun sumur serepan cai, jst. Mugia wae urang sadaya ditebihkeun tina rupa-rupa bencana, boh bencana alam (lini, tsunami, gunung bitu, banjir), bencana akibat paripolah manusa (kahuruan, jst), atawa bencana akibat gabungan alam jeung perilaku manusa (sabagean bencana banjir, longsor, jeung lianna). Cag heula. manar
