Baraya Sunda salam dunya,

Di sabaraha milist ayeuna keur rame ku obrolan ngeunaan Sal (man) Khan,
saurang teknolog oge ilmuwan anu pindah pileumpangeun jadi guru keur sajagat
ku cara ngamanfaatkeun IT jeung internet. Ceuk beja, Bill Gates ayeuna keur
kacida mikaresepna ka juragan Sal Khan. Di handap ieu dicutat sapadalisan ti
milist tatangga ngeunaan Sal Khan (hapunten dina Bhs Ind):

#Cerita tentang Salman Khan, putra imigran asal Bangladesh-India, lulusan
Harvard (MBA) dan MIT (listrik dan matematika). Dia meninggalkan dunia
gemerlap sebagai manajer investasi lalu beralih menjadi guru yang mendidik
jutaan orang lewat video Internet.#

Mugia wae ketak Sal Khan ieu maparin ilham ka urang sadaya pikeun
ngaronjatkeun dunya atikan ngamanfaatkeun IT jeung internet. Dina waktu anu
sarua, usaha sakumaha anu dilakukeun ku Sal Khan bisa ngabendung pangaruh
negatif internet anu ayeuna geus ngangsrek ka padesaan, oge nyadiakeun
tambahan pikihan pikeun para guru ngajar, boh bahan atawa metodena.
Informasi ngeunaan Sal Khan jeung eta usaha muliana bisa diakses di dieu:
http://www.khanacademy.org/

Salam,
manar

Kirim email ke