[image: 179672_10150098537667376_649487375_6144128_2321945_n.jpg] kamomonong
kamomonong téh cacaka, hiji bagéan tina hambalan métamorfosis turaés (tibicen linnei). sanggeus turaés nyimpen endog di jero taneuh, megar jadi hileud nu sok disebut kuuk, nu salawasna hirup jero taneuh. hambalan métamorfosa saterusna kuuk robah jadi kamomonong nu bakal kaluar ti jero taneuh, naék ka luhureun tangkal. terus megar, turaés kaluar tina selaput nu jiga palastik ku jalan ngabeset ti luhur ka handap di palebah tonggong. kumaha carana kaluar mah kuring teu pati apal, sabab saumur manggihan kamomonong téh geus aya dina kaayaan modél dina gambar. geus kosong ditinggalkeun hiber si turaés. ku kituna, jigana, naékna kamomonong ti jero taneuh terus megar jadi turaés téh dina waktu ngan sapeuting. -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
