---------- Forwarded message ----------
From: ilen kardani <[email protected]>
Date: 2011/2/24
Subject: [kisunda] Ngurungan Manuk
To: [email protected]




Ieu mah rek ngomongkeun mitoha, siga dina lagu Hetty Koes Endang.

Karesep mitoha teh miara manuk ti babaheula keneh, ari kuring anti pisan
kana ngurungan manuk teh da puguh teu tega ningalina. Kuring mah sok kalah
atoh lamun ngadenge beja manukna aya nu maok teh. Hiji waktu ku kuring di
bejakeun ka pamajikan bari heureuy yen kuring mah rada teu satuju lamun
mitoha resep ngerem manuk teh. Tapi pamajikan teu wani nepikeun ka mitoha da
bisi jadi matak. Aya hadena.

Rupa-rupa permanukan aya di buruan, beo, jalak, kerak, muray, ekek, kakatua,
poksay, heulang, gagak, caladi, parkit, cicak rowo, prukutut, jrrd. Malah si
beo mah bisa nyarita "Assalamualaikum", "Barade Pak", "Peuyeum", "Panen Bu",
"Beo, beo,beo, beo".

Ari mitoha teh sok pulang anting ka Kuala Lumpur, ngalongokan incuna bari
piknik cenah. Ngan lamun keur nganjang ka kuala lumpur teu bisa sabatae
gudag-gidig kaditu kadieu da puguh euweuh baturna, beda jeung di lembur.
Lila kalilaan meureunan karasaeun hirup teu barebas jeung euweuh batur teh
teu ngeunah, ti dinya mitoha sadar yen manuk oge meureunan moal ngeunaheun
dikurungan saumur-umur........komo bari teu dikawinkeun mah.

Kitu kulan dongeng mitoha teh.

si ilen ah5nuk

Kirim email ke