Ronggeng Tujuh Kala Sirna ( Bagan Katilu ) by Rall Lians D'Antares on Saturday, October 2, 2010 at 11:42pm
................................................. ................................................. SEUG GEURA NINDAK ! Dia mah hanteu mudu ka dieu deui ! Tanggoan baé di Lebak Cawéné. Engké ogé dia ditéang ku anu jadi pijodoeun dia pieun engké ba- (30) barengan ngawaruga jaradi manusa. Amun engké dulur-dulur dia marudu mulang, arunggah deui ka kahiyangan, dia mah meunang tinggaleun di ieu jagat ! Sabab salaki dia mudu neruskeun gawé aki, amun aki kolot teuin dia umur. Saba inyana anu engké mudu ngageburkeun pamor KUJANG PAJAJARAN ! Sabab inyana anu engké mudu ngélébétkeun umbul-umbul SAPARO BODAS SAPARO HIDEUNG DISULAMAN KUJANG LALAYANAN PAKUJAJAR HANJUANG SIANG. Seug geura nindak ! Geura nyiar sumur haur pamunjungan, anu ayana hanteu jauh tina dadap, nu maralang sisi kidul muharana Cimandiri.! r Tunda ! Urang tunda nu deuk nindak, nyiar sumur nu hauran deukeut dadap maralang ! Sina nanggoan manuk ketug nuduhan waktu tutunggulan tatalu di kariyaan, ngararamé nu tibeubeut tina panggung, lesot kedok udar pangkat méméh Pajajaran ngadeg deui ! Urang mah, urang nyusul nu keur nyiar Karang Tiung, nu néangan sungapan saat dina curug nu ngahiyang ........ Caturkeun baé. Rakéan, Rakéan Kalang Sunda nu ngawujud inyana ngarupa lutung, anggeus nepi ka nutugna cai curug ! Curug saat anu panjang ngembat ka handap, anu nyelap dina cadas ngeplak bodas, anu sisina kénca-katuhu dirimbunan tangkal ngarambat, eujeung areuy anu raraweuy, eujeung ramé anu ngéntép padédémpét ..... karoyoman jukut palias. Curugna mah hanteu nyurug, tapi logak jalan caina nyurug, leueur jasa ci nyerep anu rembés, eujeung nyédong lebah handapna. Cadas gawir anu nangreu, ceuk tadi géh, ngeplak bodas. Tapi cadas di logakna jalan nyurugna cai, éta mah hanteu bodas, tapi taneuh nu beureum, anu beureumna beureum emas. Da mémang emas ! * Taneuhna, taneuh emas, gawirna, gawir emas, koralna, koral emas, keusikna, keusik emas, batuna, batu emas, cauna, cau emas ! Dangdaunannana ... daun haréjo da puguh daun biasa. Najan emas pabalatak, Rakéan mah hanteu hayang hanteu kabita, malah inyana mah, geus geuleuh jasa neuleu emas ! Jeung apanan ceuk akina, Aki Léngsér Pajajaran : * Nagara anu panglobana emas, nagara anu pangbédégongna, sabab marukannana sakabéh jelema mudu nurut baé ka emas (Ceuk nu nyaraho di lebahna, éta curug téh mémang aya ! sagala sereba emas; (31) batu-batuna anu garedena sagedé-gedé kebo, kabéh téh emas. Koralna, keusikna, leutakna, taneuhna .... kabéh emas anu hanteu kacampuran ! Ngan baé, ayana éta curug aya di lebah anu jauh kabina-bina, jeung tarahal jasa ngadatangannana. Kudu unggah gunung anu méh hanteu beunang ditaékan, jeung mudu nyorang leuweung-leuweung anu warerit kabina-bina, anu langgirna sagedé-gedé pingping, bayongbongna paranjangna sadeupa leuwih, jeung orayna sagedé-gedé gulungan kasur, jeung titinggina ogé mani sagedé-gedé catang kalapa tiung ! Karuhan kerudna jeung maung-maungna mah, garalakna barengis jasa ! Tapak badakna géh, ceunah sok dipaké begu garupak ! Ceuk béja ti anu naraho, anggeus sababaraha kali nyorang aya anu bisa nepi ka éta curug. Tapi sanepina ka imah, laju jaradi lolong jeung parireu ! Ceuk anu nyaho di ugana, éta curug baris diségéh ku jelema anu tarurun ti awung-awung, datangna tumpak papatong) Caturkeun baé Rakéan, Inyana alak-ilik neuleuan pijalanneun unggah! kadeuleu di ruhur deukeut ka mimiti nyurugna curug, aya karang satiung karang deui. Tapi hésé jasa didatangannana! Rakéan laju sidakep, sideku sabari nyambat, inyana tungkul sabari nyeluk ka nu hanteu kadeuleu, tapi ngawayang dina kapercayaan .... leus, jagat ngampar jadi mahpar, alam muka jadi rénggang, nyieun ayana rasa sukma misah tina raga ... laju datang rasa asup keuna alam anu ngahalimun ngawun-ngawun, barengan jeung turunna anu ngelun jiga haseup ngarungkup ngalulun raga, raga Rakéan nu keur nyambat..... Rakéan inget-inget deui anggeus nangkod dina cadas leueur, nyanghareupan sungapan saat caina, handapeun karang satiung karang Geus dikitukeun dina galur lalakon, hanteu lila ngagolontor bijil cai. Tapi panas bau biuk, leuwih panas leuwih bau manan cai kobak pamandian nu ayana di Ci Panas ! Panasna mantak ngasakkeun kukuluban, bauna, mantak maéhkeun bari calangap. Tapi ngaranna ogé tumbal, najan peurah najan upas, najan mantak weureu mun diteureuy, ari nyaho ditakerananan mah moal jadi racun, tapi racun nu jadi tumbal ....! Rakéan nginum saregotan, nginum, tapi digancangkeun. Laju inyana turun deui ...laju ngajugjug Gunung Jayasampurna, sagirangeun Gunung Ci Awi Tali, sahilireun Gunung Nyungcung! (Gunung jayasampurna, aya kénéh, ngan kiwari mah disarebutna Gunung Jaya Sampur. Ceuk carita anu nyaraho di baheulana, sakur anu ngaliwatan éta gunung, najan sakumahana saktina ogé, anggeus ngunggahan éta gunung mah, laju cambal sakabéh ajian inyana, laju lumah kasaktian inyana. Ceunah digantina ngaran jadi Jayasampurna, ceunah mah di jaman Ki bagus keur binuwang ku musuh ti dayeuh nagara anu baheula disebutna Bantar Sagara. Anu dimaksud ki Bagus téh nya éta TUBAGUS BUWANG anu mubus ka pakidulan Banten, lantaran gagal dina ‘coup-na’ pikeun ngaruntagkeun pamarentahan Sultan Banten, kira-kira taun 1744. Binuwang, harita diuber-uber) ======================== Urang gancangkeun ! Rakéan anggeus nepi. Laju nyiar Ki Léngsér. Kasampak téh keur ... héés deui baééééé ....kérék nyegrék édég-édégan, tumpang suku bari ngalagu ! (32) * Ngalaguna lagu Sunda. Laguna : SUNDA HééS. Laguna SUNDA HééS KAJONGJONAN. Musuh tétéla jasa, laguna mah lagu Sunda. Tapi Sunda nu Sundana keur NYUDAAN. ! Pikir Rakéan : “Mun nanggoan inyana hudang mah, piirahaaaaeun!” Laju si Léngsér dibetot bulu borang inyana. * Koréjat ! Si Léngsér hudang bari rarampa néangan bedog. Tapi rarampa inyana mah sabari peureum ..... barang ku inyana kaambeu aambeuan Kahiyangan anu kapoé, inyana beunta sabari kuliat. Ceuk inyana: “Gancang teuin datang téh !” Rakéan nembal, tapi nembal di wujud lutung. Sora inyana, sora lutung, basa inyana, basa lutung. Tapi kahaaaaarti ku Si Léngsér mah! Si Léngsér laju hudang, ceuk inyana : “Sakabéh kajadian, datangna tina karep ! Karep, bisa nyieun kajadian mulang deui ka asalna ! Basa sia datang di alam ieu jagat, sia murwa dina rupa manusa. Tapi ku karep sia kénéh, wujud dia dijieun rupa lutung ! Rupa sia, robah ku karep sia. Tapi anu ngarobahna mah tuh itu ... Anu Di ruhur .... ! Inyana anu nyieun mah ! * Pénta deui ku inyana wujud sia rupa manusa. Ngan méntana mudu maké tali paranti anu biasa dipaké urang ! Tah ieu arca. Ngaran inyana, nagran jelema, tapi wujud inyana tina batu! Ngaran eujeung wujud anu ngabangun, dijieunna ku jelema. Tapi ari batuna mah, tuh.... anu Bogana ! Ieu arca dingaranan Sanghiyang Boda Maya, sabab : * najan batu nu ngawujud dina rupa cara jelema, tapi ngawaruga tanpa daya, inyana téh ngagem pangawéruh nu saéstu, nyangking pangarti anu sajati. Sabab kebel jadi saksi, neuleu kabéh nu geus kaliwat, bari nanggoan sakur anu baris datang kasaorang, kajadian engkémka hareup .... (Prasasti? – nandang) Sambat ! Supaya inyana mangméntakeun ka Anu Agung di Mandala Agung, anu ngaruhum dina Rumuhun, mulangkeun deui sia keuna rupa nu ti heula dina raga nu baheula ... nyalin wujud sia manusa deui ! Ka dinyah geura mundjung ! Ngaing, lain sabab raga jeung sukma ngaing, netep dina alam Pajajaran, nitah sia munjung batu, tapi puguh tétéla : * Ti baheula ka kiwari, ti kiwari nepi ka engké, di saban jaman nu baris datang, dina peta sinembah kumaha ogé, jelema téh tetep ngagunakeun marga paunggahan, pieun ngunggahkeun sambat jeung pamuntangan, pieun nepieun puji jeung paménta ! Ngan péntana béda-béda ! Béda ngalampahkeunanana, jeung béda dina ucapannana .... (33) Anu dijarieun marga pangunggahannana, ngan béda sotéh dina wujud eujeung bangun, tapi dina bahanna mah batu téh tara tinggaleun (Ka'bah, salib, stupa, patung, ? jrrd – nandang) * Marga paunggahan, nu dijieun jaman baheula, bahanna nya tina batu, nu kiwari, anu urang bahanna téh tina batu, anu dipareké di tanah sabrang, ceunah ogé aya anu ngan ngarupa batu wungkul ! Malah engké, di jaman anu baris datang, bahanna téh baris tetep kénéh batu! Saban ganti ngaran sembaheun, saban ganti peta sinembah, batu mah baris tetep baé dibutuhkeun dina bahan marga paunggahan, paunggahan sembah jeung pamunjungan ka Anu Agung Maha Agung, Anu Nunggal di Kalanggengan! Ngaing lain ku sabab ngaing Sunda Pajajaran, ngaing ngagung-ngagung batu dijieun pamunjungan, tapi ku sabab ngaing nyaho ! Di waktu munjungna jelema, di waku ngedalkeun inyana ucap, éta anu dijieun marga paunggahan téh, ngan jadi panampa talatah anu medal tina rasa sarining sukma anu keur munjung ! Di waktu wujud manusa pahareup-hareup jeung wujud nu tina batu, harita téh lain waruga tepung jeung bangun, lain manusa tepung jeung batu, tapi tepungna dua wujud nu béda-béda tapi tunggal anu ngabogaannana. * Tah diwaktu kitu, leungit deuleu pangdeuleu manusa, leungit rasa pangrasa manusa, leungit déngé pangdéngé manusa, laju, batu ngawujud manusa manusa kasukma batu ... sarasa sasarining sukma, sasukma sasarining rasa ... laju, Lawara rasa sajatining sukma, nunda talatah, ka anu ngawaruga tanpa daya ... ! Ibarat eunteung dipaké nyorotkeun cahaya, nya kitu éta pamunjung, ku teguhna kapercayaan jeung bangetna sambat anu medal dina sawara Rasa pisah ti raga, ku anu dijieun marga paunggahan téh éta pamuntang sambat nu munjungna, diunggahkeun ka PANGGUNG PANYUUHAN DI PASéBAN PANGRUHUMAN. Seug geura munjung, geura sambat ! Meungpeung kuwung-kuwung keur meléngkung, meungpeung tonggérét pileulueyan kénéh ka sora ..... Geura pénta ka Anu Agung supaya kasaksi kénéh matapoé, sia salin rupa ganti waruga ! (34) Rakéan laju munjung, munjung sabari tungkul, sideku sabari sidakep... laju reup, reup... jiga sareupna gancang teuin reupreupannana. Di awang-awang anu lénglang, tingkalayang julang marulang ka leuweung leuweung anu dina kalangkang gunung anu ngalingan cahaya matapoé, jadi poék saméméh wayah.... Rakéan sidakep terus sideku sabari nyambat .... Méga anu ngajanteng jauh di beulah wétan, di awang-awang nu ruhur jasa, nyorotkeun deui cahaya matapoé nojona balik deui ka handap, nyinaran anu sideku .... nyinaran ku sinar koneng maju ka beureum ! Ti dinya ... reup, reup, reuuuuuup.....! Rakéan anu neuleu nenggak ka arca, asa neuleu arca igeug sabari mesem jeung ku inyana karasa awak asa tiris kaanginan, laju haneut deui, asa sajamang sasamping anyar.... Jeung dina tikoro asa aya reuhak ménta direuhakkeun ..... Rakéan rarat-rérét. Kadeuleu leungeun inyana jaradi deui leungeun manusa; awak inyana jadi deui awak manusa, suku inyana jadi deui cara ti heula ! Laju inyana capa-cipi, nyapa hulu inyana .... leungit cariwigna buuk lutung. Laju nyapaan bujur, buntut lutung anggeus euweuh..... Laju inyana nyuuh ka suku arca ..... bari nganuhun-nuhun sesegrukkan.... Rakéan jadi deui manusa nu ragana ngawujud jelema. Tapi inyana hanteu nyahoeun..... rupa inyana, rupa manusa anu pangjoréna, anu beungeutna amun ditelek-telek diteges-teges, béléka badis pisan beungeut oa ! Ceuk si Léngsér : “Tah kitu ! Sia ulah sedih ulah reuwas amun sia neuleu pangeunteungan rupa sia ! Sabab sia dimudukeun jadi panjak, manjakan tujuh ronggéng panyilokan, anu mudu ngalalanana nepi ka wayah ieu jagat mudu dilokat ! Ayeuna sia mudu ngalalana deui, nyiar pangarti jeung pangawéruh bawaeun engké dina lalakon. Sabab, anu jaradi panjak mudu nyaraho di lagu, laguna nya lagu-lagu kahayang jaman. jeung mudu nyaraho dina igel, igelna jaman diréngkénékan pangarah ! Sabab jaman, anu ngararigelna téh maraké kedok, sabab arinyana keur ngalalakon. Nya aaaaya anu hanteu sakedok ogéh, tapi inyana mah ngalalakon dina galur saeutik batur! Samingkin aralus kedokna, samingkin ramé tatabeuhanana, nepieun hanteu kadéngé jeritna loba anu mudu lalajo, kaleyek ku nu keur maranggung ! Pajeujeutna catur nyimpang ti galur, éta mah mémang dihararaja. Sia ogé mudu ngalalakon, ngan sia mah hanteu mudu ngawih, hanteu mudu ngilu senggak, hanteu mudu ngigel uga-égol dina panggung ! Sabab sia ngalalakon di éta panggung pupulasan, ngan arinyana anu rarubak sungut garédé haok ! Mantakna sia hanteu mudu ngilu kancoléh dina panggung, sabab ronggéng anu mudu dipanjakkan ku sia mah, hanteu ngarigel gutak-gitek dina panggung anu ruhur. Tapi ngalalakon di parataran anu rata, di buruan anu napak, anu ditincak ngan ku somah, jeung ku sakur anu nyaraah ka somah ! Anu keur sakedok meujeuh ngalalakon, arinyana mah maranggung di panggung waktu anu diadegkeun dina panyaweuyan jaman. Arinyana keur kancolah dina panggung pangradénan. Tapi panggung sia mah, mudu narindak dina rancagé salegana parataran pangradénan ! (35) Sabab jaman anu maranggung téh , tararukeur kedok, saralin ngaran, tapi lalakon mah éta-éta kénéh. Béda sotéh ngan dina wayah manggungkeunana ! Sia ogé mudu maké kedok, sabab sia ogé mudu muka kedok. Nya éta dina lalakon anu pamakas, dina babak anu mungkas kajayaan: Sakur anu jaraya tina kajembar, tapi jembarna ku kadigungan, jeung aradigung ku kapangkatan jeung anu kakawasaan diparaké nyaringsieunan somah, mun somahna hanteu daraék, nyarenggakan lagu nu sumbang ngagandéngan goong anu peura, ngemprakkan igel ngaco wirama ! Nya igelna, igel arinyana nu maranggung bari kancolah ! Sia mudu nyaho, mun somah pada sarenggak, éta téh lain sabab ku ngeunah-ngeunahna lagu, tapi sabab somah sarenggak, éta téh sabab somah keur sabari sasadia pieun senggak bari surak, amun anu keur maranggung tikoséwad nyungseup ka bui ! Jeung mudu sia nyaho mun somah ngagandéngan, tapi hanteu sabari senggak, éta téh sabab arinyana nyaho, anu diarigelan ku nu maranggung téh lain lagu anggitan raja, tapi lagu anu disénggolkeun raja panyelang, disénggolan deui disénggolan deui ku sakur anu maranggung! Di mana éta manusa manjak, kumaha sia mudu manjak, jeung iraha wayahna manjak, papay baé ku sia panuduh jeung panunjuk nu bakal kasampak pabalatak sapanjang jaman ! Ayeuna déngékeun ! Hirup téh Jalu, hanteu cukup ku wungkul : Mumunjung para karuhun, mumuja sakabéh déwa, jeung sinembah ka Anu Agung Hiyang Tunggal dina nyandé matapoé ! Eujeung hanteu cukup ku ngarep-ngarep datangna jaman nu baris datang ! Tegeskeun gupayna méga di awang-awang, layuna daun lain di wayah, eureunna cahaya matapoé di langit lénglang ! Regepkeun celukna aweuhan samar, anu haréwos ti rohang alam, ngageuingkeun kanineung anu geus kebel karuang ambrukna jaman, jaman hirup saméméh paéh..... ! Jalu ! Naeuuuun sababna amun sia nyanghareup ka matapoé, kidul téh aya di beulah katuhu ? (36) Tapi, salilaaaaaana kitu, kidul téh beulah katuhu ? Amun ku wayah isuk, nya heueuh ! Amun di wayah soré ? Geuning anu katuhu téh, geuningan kalér, Jalu ! Tah éta téh hiji panuduh anu nétélakeun dina hirup saha anu ngilu ka jaman, mudu ngarobah patokan hirup inyana ! Tengerkeun deui ku sia, Bulan di beurang bisa katémbong ! Tapi matapoé, geus neuleu sia caangna ogé di wayah peuting ? Amun di beurang, matapoé di wayah soré, nyorotna nojo ka kidul, anggeus tangtu di wayah isuk, nyorotna bulan téh geuning nojo ti kalér ….. Papalingpang geuningan ! Tapi gawé arinyana mah, sarua ! Pada-pada nyaangan jagat, dina wayah séwang-séwangan ! Pihartieunnana ? Sagala hadé, di jaman anu mana ogé, tetep baé dina hadéna, ngan baé mudu merenah dina wayahna ! Jeung ku éta papalingpang dituduhan: * Dina hiji jaman, hirup téh hanteu mudu turu- tuturuti jaman, tapi mudu bisa ngimbangannana ku milih wayah anu merenah ! Sabab amun wayahna hanteu merenah, najan bener hadé ogé, tangtu diaranggap salah, tapi najan tetep salahna ogé, éta salah téh, ku pikiran wayah mah, di dipajarkeun bener hadé ! Masing sia nyaho ! * Anu bener eujeung hadé di jaman anu ti heula, can tangtu jadi pujieun di jaman anu kiwari ! Nya kitu deui anu hadé, bener kiwari, can tangtu meunang pujian di jaman nu bakal datang ! Jeung kumaha anu hadé eujeung bener di jaman anu bakal datang, tiiiiiilok kituh, hanteu bisa jadi bener hadéna téh, éta-éta kénéh sarua jeung anu hadé bener di jaman anu baheula, tapi diaranggap salah ku pikiran jaman kiwari ? Di alam ieu jagat, Jalu, langka anu deuk ngarti di ayana : * Mimiti tina pandeuri, jeung ayana pandeuri anu mimiti Tangtu sia inget kénéh, mantakna urang ayeuna aya di anu kieu kénéh, sabab Pajajaran nyaho baris datang deui jaman anyar anu saenyana mah: * Jaman hiji sembaheun dina hiji ngaran, dina loba ucap basa anu béda-béda. Jaman jelema nareuleu sabari ngarasa nyarita tara sulaya! Pajajaran ti tangéh kénéh geus dibéjaan baris ganti sinembah, tapi ngan ganti peta lampahna wungkul, sabab di jaman nu bakal datang, engké téh sakabéh anu rancagé, baris sapuk jeung netepkeun : * Anu Nunggal téh, ngan sahiiji, ari anu lobana mah, sesebutannana eujeung peta lampah sinembahna ! Baris ganti senembah ? (37) M é m a n g ! Tapi ngan peta lampah sinembahna wungkul, dina peta anu pantes di jamanna! Basana mah, basa Sunda, Sunda Pajajaran, Pajajran anu engké baris néangan sia! Wayahna ganti peta sinembah ? * engké, amun anggeus turun m a n u s a anu dijurung ku Nu Nunggal Maha Agung ngadanieun sakabéh tukang marikir, sina dirarani. * Di ieu jagat mah, moal aya dua matapoé nyorot di langit. moal aya bulan kembar di awang-awang ! Jeung sina nétélakeun,. Anu Maha Agung di Kalanggengan, h a n t e u ngamudukeun sinembah téh ngan mudu dina basa hiji manusa, sabab pikeun Anu Maha Agung mah euweuh basa anu hanteu kaharti.... ! Wayah turunna éta Jurungan ? Anggeus Muhara Cihaliwung balébat disinaran kingkilaban anu ngabarang maju ka beurang, laju aya jelema anu dipajarkeun édan, ngelébét umbul-umbul hideung saparo bodas ! Ditandaan lambang pajajaran anu baheula : KUJANG DIGENDENG HANJUANG SIANG. Ulang sia wara manggihan ngaing, amun : Panggung acan runtuh ku anu marebutkeun jojodog di balé baha .....! Ti dieu, sia nindak ka muharana Ci Mandiri, longok anu araya di leuweung Ci Torék, heula méméh sia nepungan Nyi Putri Purnamasari. Sia mudu mapay heula gunung Sunda Pulang anggeus miang ti Ci Torék. Laju papay basisir ..... beusi anu mudu ditulung. Ti lebahan Dadap nu maralang bongan sia, unggah sia ka Gunung mandalawangi satonggoheun TALAGA WANA. Amun di dinya kasampak aya anu jiga kunyuk sasimbut lukut, teukteuk areuy UPASUNDA tali ayunan KI MULANGPURWA. Sina inyana eungeuh anggeus parek ka wayah nyieun lawang sakéténg : * Nyieun lawang sakéténg di beulah kalér Nyieun Gapura di beulah wétan Nyieun Panto ngemplong ka kulon Nyieun panggung nyanghareup ngidul ! Ti dinya sia nindak ka LEUWI KI PATAUNAN. Siar tangkal HANTAP anu sapasang, handapeun JABON nu doyong hilireun PEUNDEUY anu gedéna moal katangkeup jeung pucukna dipaké gélédég ngasah huntuna ....di handapna aya sodong, ayana di jero cai ! Cokot ku sia Makuta raja Pajajaran. Tapi anu gedé ! Anu leutik mah,, ingkeun baé. Sabab éta pieun panggihkeuneun jelema anu baris ngaluluguan dina PERANG SUNDA PANGLOKATAN ! Inyana anu mudu maké éta makuta, sabab inyana waruga uga ! Makuta anu gedé, bawa ku sia ka TALAGA WANA, sumputkeun di dasarna. Nyumputkeunnana mah, kumaha KI MULANGPURWA baé! Sina dijaga ku inyana ! Ti dinya, laju papay jalan sia ngalalakon nepi ka tepung keuna wayah sia mudu manjakkan ronggéng anu tujuh ..... sabari nanggoan datangna wayah urang nindak deui babarengan ..... mapag perang sanékala ! Seug geura nindak !!! Amun engké sia papanggih jeung anu mantun bari susulumputan, jeung bucil jiga kalong, ulah sia eudeuk geruh ! (38) Ceuk Rakéan anu mulang rupa jadi manusa deui, anu ngomong basa manusa deui : “Aki deuk ka mana ?” Ceuk Si Léngsér : “Ngaing deuk ngalalakon deui. Eudeuk ngalanglangan anu marulang, nu marulang ka urut dayeuh anu baheula. Eudeuk ngalongokan anu marojok, nu marojokna di tegal rungkun baduyut. Bari deuk nyaksian nu mariang ka beulah wétan, tapi anggeus indit, marulang deui .... nyeta-nyeta ménak wétan, ngabadégakeun dulur eujeung batur ! Ulah sia néangan ngaing ! Sabab ngaing mah : * `Eudeuk nganjang ka isukna Eudeuk nempo ka pageto bari nyumput di anu caang ! Ti seret wayah ieu, ulah sia nyebut AKI LéNGSéR, amun sia nyaritakeun ngaing. Sebut baé SI LéNGSéR ! Sabab hanteu meunang aya anu nyaho, saha sia, saha ngaing, naeun ngaing, naeun sia ! Urang nindak heula papaharé, séwang-séwangan dina galurna ! Engké ogé, urang paamprok deui !” Ceuk Rakéan : “Hadé ! Tapi ulah kasampak Aki keur héés deui!” Ceuk Si Léngsér : “Da molotot ogé piséwoteun wungkul ! Neuleu kunyuk jaradi jelema, neuleu ajag-ajag jaradi jelema, neuleu jelema laleungit lampah manusa ! Mending géh ...... hahah ...... !” Si Léngsér laju nindak, nindakna bari nguriling, nguriling sabari nyengir.. Rakéan laju nindak. Nindak heula ka leuweung Ci Torék, Ci Torék géh anu baheula, laju miang deui, ngaliwatan Gunung Sunda Pulang. Ti dinya mapay basisir …. ngajugjug ka Ci Mandiri, Ci Mandiri anu baheula..... Ari Si Léngsér, ka mana laju inyana ? Anggeus Rakéan nindak, inyana mah nguriling heula .... géléhé baé nyangkéré deui hareupeun arca .... laju kérék mani nyegrék, tumpang suku édég-édégan ! Abéh ulah héés kahéésan. Ari héés nu enyaan mah .... ah kumaha karep ngaing baéééééé….. barina ogé eudeuk nanahaeuuuuuunan, gagarayangan di poék peuting!!!?? Da lain caaaaaaareuuuuuh mending géh molooooor ..... ! http://www.facebook.com/note.php?note_id=438716744069
