Wanci Ngahuntu Bajing


Abah Oman:

* Ah teu ilmiah teu sing dasar we urang kampung sok sapokna...ngahuntu
bajing mah ngabaris...siga pager..cenah disebutna angka ngajajar
kembar...angkana..111111.....pajajaran runtag...he..he..

* Paralun sanes maksad nyamuni...leres eta mah sapokna urang kampung kitu...
Dina wanci kitu kajadianana matak geunjleung...emut 11 Sept WTC gedong
kembar tah...

* Sanes...eta mah tilas kapungkur...pan kapeto nyepeng Paguyuban Seni Calung
Jawa Barat... naon margina resep kana Calung...eta tah ku payus kana babasan
"Awina Ngahuntu Bajing" ditakol bari ngageol..ngengklak ngigelan jaman..
tirilik ting tung..... tirilik ting tung... geura tilik geura itung...sing
panggih nepi ka junun... he..he..

* Numawi ulah asa modern..teu pira "sawelas"..teu acan "saasih" tos matak
rame. Mangga we kaulinan olah raga anu pang rohakana pan maen bal nya? Eta
numawi rame pedah maen "sawelas" lawan "sawelas"... Alias kaulinan anu
ngahuntu bajing...he..he..



Calung:
tirilik ting tung...
tirilik ting tung...
geura tilik geura itung...
sing panggih nepi ka junun...

Kirim email ke