Baghawat Ghita nyarioskeun obrolan nu panjang antara Arjuna sareng Sri Kresna; 
samemeh Perang Bharata yudha prung; obrolan panjang, lantaran Arjuna cangcaya 
ka na "benerna" eta peperangan; adilna e3ta peperangan; jadi Sri Kresna 
ngayakinkeun ka Arjuna yen perang ieu teh ngalaksanakeun Dharma.

Eta obrolan terus ngalanggeor nepi ka ngorolkeun masalh "Kebenaran Sajati" ; 
nepi ka wanoh ka GUSTINA.

Eta intisari Bhagawat Ghita teh.

Penting teu pentingna mah, kuma diri nu maos masing2.


--- In [email protected], r_gautama_mis@... wrote:
>
> Saurna, nu pang pengting dina bharatayuda teh carita ttg bagawatgita (leres 
> teu seseratanna)... Aya nu uninga naon eusina?
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Sat, 26 Mar 2011 12:14:37 
> To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Cc: Sam Soemadipradja<sam_soemadipradja@...>; Nurkadi<Nurkadi@...>; Ii 
> Sumirat<sumirat@...>; Gunawan Yusuf<gunawanyusuf68@...>
> Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka-9
> 
> Satyaki tos pasanggrok sareng Duryodhana; Duryodhana enggal  masihan para 
> pahlawanna nyerang Satyaki; tapi Satyaki nyata tanggoh pisan; sadayana 
> Pahlawan nu ngahalangan anjeunna sadayana tiwas; orokaya panah ampir ledis; 
> keur kitu teh jol "Satru bubuyutan" nya eta Prabu Burisrawa; duanana memeh 
> peraang, silih carekan heula laklak dasar; nya teras silih panah. Dina ieu 
> peperangan nyata Satyaki kadeseh; mundur terus; tapi teu dibere kasempetan ku 
> Burisrawa; atuh Satyaki ripuh pisan; meh2an tiwas. Enggal para Putra Satyaki 
> nu jumlahna sapuluh nyerang ka Burisrawa; Satyaki istirahat bari ngempelkeeun 
> senjata deui ( jamparing nu tos seep ). 
> 
> Diserang ku sapuluh rumaja Putra/Pamuda; Buristiwa teu inggis teu sieun; 
> malah beuki tam bah tanggoh; hij putra Satyaki paraagat ngemasi pati. Satyaki 
> kalintang sedihna ningal para putrana sadayana gugur, ngabela anjeunna; teu 
> antaparah deui serebet wae karetana ditabrakkeun ka na kareta perang 
> Burisrawa; atuh duanana tibaranting niban lemah; Satyaki mesat pedang, kitu 
> dei Burisrawa; duanana tos siapa bade tarung patutunggalan ngadukeun karosan 
> dina maen anggar; kalereesan Bhima nu mimim pasukan nyaketan kadinya ningal 
> Satyaki bade ngadu pedang sareng Burisrawa enggal anjeunna menatangkeun panah 
> ka Burisrawa; atuh Burisrawa mundur ti na palagan; saterasna Bhima nyamber 
> Satyaki dicalikkeun di na karetana teras diajak mundur; margi Bhima teu tega 
> ningal Satyaki perang tanding sareng Burisrawa; lantaran Burisrawa tos 
> kasohor KAMPIUN di na Ulin Pedang/Anggar.
> 
> Disabeulah dituna Drona nuju ngadesek Srikandhi; dugi ka Srikandhi mundur ti 
> na pangperangan teu kiat ngalawan Drona nu jago panah.
> 
> Demi Arjuna terus tambah rosa pangamukna lir ibarat nyacaran jukut; prajurit2 
> Kurawa tariwas kakeunaan panah Ajuna; satiap Pahlawan nu dikirim ku 
> Doryodhana sadaya teu mangga pulia; disikat sadayana. Akhirna panonpoe surup; 
> perang dilirenan. Balatentara Pandawa langsung cocorowokan: Hidup Arjuna 
> sababara kali; waktosna kareta Arjuna ngaliwatan para pasukan Pandawa nu 
> baralik ti pangperangan.
> 
> 
> Di Kemah Astina; Duryodhana langsung nyaketan Bhisma:"Eyang nu disembah ku 
> sadaya; anjeun teh pahlawan "Panghebatna" diantara  Pahlawan2 Agung sanesna 
> saperti Resi Drona; Kripa; Aswatamma; Sudhaksina; Burisrawa, Salya jeung 
> Bhagadatta; tapi kunaok unggal poe anak2 Kunthi terus2an meunang wae 
> perangna. Dimana nya kaanehan nana ieu kajadian teh ?"
> 
> "Paneran Duryodhana; di na satiap kasempetan eyang sering ngawejang ka hidep, 
> supaya ulah ngamusuhan Pandawa nu dibela Krishna Narayana; saha nu bisa 
> ngelehkeun Narayana? Tapi saenyana ayeuana ge can telat, sok gancang 
> hahampuraan jeun para kadangg Pandawa; tangtu anjeun salamet."
> 
> Duryodhana terus we ngaleos teu ngawaro nasehat Bhisma Dewabrata.
> 
> Waktu Sanjaya ngalapokeun nu ieu; sajongjonan Sang prabu melengek; teras 
> akhina sasauran:"Naon atuh gawena eta Resi Drona, Bhisma , Salya jeung 
> Aswataamma ? ku naon bet ngantep wae ? Naon atuh karep maranehhna teh? Emh 
> deudeuh Duryodhana, euweuh nu ngabela."
> 
> "sanes kitu Gusti Prabu; tapi yakin Pandawa ge hareabat; sanes wae Arjuna 
> wungkel; malah pamudana nya eta Gatotkacha sareng Abimanyu sakitu hebatna." 
> Sanjaya ngajelaskeun kanyataan nu saleresna ka Prabu Dritharastra.
> 
> Hanca
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke