Rebun2 keneh di na poe ka-9 Duryodhana sumping ka kemah Bhisma, raray beureum 
pinuh ku emosi, teras nuduh Bhisma teu ngajalankan tugasna, tos ngantep Pasukan 
Kurawa ancur, bari teu usaha naon2; unggal poe Pasukan Kurawa kadeseh, para 
Pahlawan lan Senapati Kurawa unggal poe rebuan nu tos binasa.

Bhisma DewaBrata ngalahir aris, bari tetep teger, tapi katingal soantenna rada 
ngageter ku margi ngaraos hanjelu sareng sedih:" Hidep Suyudhana , tah eyang 
masrahkeun jiwa raga eyang pikeun kapentingan hidep; tapi naon sababna unggal 
poe hidep ngan nganyerikeun hate eyang wae ? Hidep saperti teu ngarti ka na 
kaayaan jeun kanyataan; Hidep teu bisa pisan ngabedakeeun mana nu bener mana nu 
salah; hate hidep saperti katutup ku halimun anu kacida kandelna. Supaya hidep 
ngarti; ieu perang teh byata2 jalan keur pangbalikan eyang; ngalaksanakeun 
kawajiban eyang nu pantes, Dharma Satriya. Eyang hamo bis ngalawan ka 
Srikandhi; lantaran eyang geus sumpah. Eyang ge teu wasa nelasn Putra2 Pandu; 
lantaran hate jeung nurani eyang teu ngidinan. Salain ti dua hal eta mah, eyang 
sanggup nelasan Pahlawan nu mana wae, nu maju nantang ka eyang. Najan sakabeh 
Pahlawan kudu ditelasan, bakal dilaksanakeun ku eyang. Tah ayeuna mah ti batan 
mikiran nu teu penting, hidep geura
 maju deui ka danalaga; sok jalankeun Dharma sabage Ksatriya."

Saparatos nyarios kitu, Bhisma enggal masihan arahan ka Para Komandan Divisi 
sareng Pasukan Kurawa; di na nyanghareupan poe ieu poe kasalapan.

Ku cariosan Bhisma nu leuleuy keudeeu, aris manis kitu, Suyudhana jadi sadar; 
enggal wae parentah2 ka Rai2na , utamana ka Dursasana:" Adi2 sakabeh; ayeeuna 
Kula percaya yen Bhisma enyaan bebela ka urang; ku sabab kitu urang sarerea oge 
kudu toh pati jiwa raga, di na ieu peperangan; tong ngingetkeun korban. Ngan 
kade ati2 Bhisma ulah sina pasanggrok jeun Srikandhi; bahaya. Inget anjing 
galak bisa maehan SINGA nu teu aya perlawanan."

Perang poe ieu dimimitian ku Pasukan Abimanyu ngalawan Pasukan Setya Alambasa; 
sanajan Alambasa jangkung badag duakalieun Abimanyu; tapi Abimanyu estu teu 
gimir teu sing; malahan nyerang ka Alambasa hebat pisan; lami2 Alambasa teu 
kiat nahan serangan Abimanyu enggal ngacir kaluar palagan; atuh harita keneh 
pasukanana ujar ajer ku Abimanyu sareng pasukanana.

Di na poe eta keneh SAatyaki ngalawanan Aswatama; Arjuna ngalawan Resi Drona.

Si Medan sejenn Pandawa nu opat ( Yudhistira, Bima, Nakula, Sadewa ) nuju 
ngalawan Masa Denapati Kurawa Resi Bhisma. Tapi nyata2 Bhisma mandraguna pisan, 
Pandawa nu opat sadayana pada tatu sareng teras mundur; atuh Pasukan Pandawa 
harita keneh dibabd ku Resi BHisma. Ku margi kitu enggal wae Kresna ngingetkeun 
Arjuna; yen mun diantep; pasukan Pandawa bakal ancur. Atuh der wae Arjuna 
motong kareta Bhisma ngantunkeun Drona nu dilayanan ku Dristajumna.

Perang Arjuna sareng Bhisma estu geget pisan; Bhisma ngaraos bingah pisan 
ningal ingkang putu sakitu gagahna; anjeunna teu ragu2 deui enggoning nyerang 
Arjuna; tapi Arjuna estu tarampil pisan; komo ditambah kusir jempolan Kresna 
mah. Estu sesah pisan Bhisma ngeunaan ka Arjuna. Sabalikna gondewa Bhisma 
sababaraha kali potong ku Arjuna; tapi ku ASrjuna teu disusul ku serangan 
sanesna diantep we eyang Bhisma sina nyandak gondewa sanesna. Katingal ku 
Kresna kajadian ieu; enggal Kresna ngalirenkeun karetana teras lungsurti na 
karetana bari pok ka Arjuna:"Partha; sampean perang teh siga nu keur ulin !" 
Teras Sri Kresna ngluarkeun Cakrana. Bhisma bareng mireng Krishna ngamang2 
Cakra, enggal wae anjeunna ngalungkeun sagala alat perang; teras nyarios ka 
Krishna:"Yap kadieu Krishna; Kaula bungah pisan sampeyan datang. Sok 
sm[urnakeun Kaula; Kaula bungah nu aya."

Demi Arjuna ningali kalakuan Krishna kitu, enggal ngudag teras Krishna dipangku 
dicandak deui ka na karetana; teras ngandika:"Eeee eh; raka Bhatara, eling Raka 
Beatara;  kapan sampeyan tos sumpah moal ngagunakeun senjata sama sakali ? Naha 
bade dihapus eta sumpah teh ? Yeuh Sok cepeng deui kadali; Kaula bakal enya2 
nelasan eyang Bhisma ayeuna mah. Tong ragu2 deui."

Atuh Kresna teh enggal wae ngusiran deui karetana; demi arjuna teras nyerang 
Bhisma galak pisan ayeuna mah; Bhisma ripuh pisan nakisan panah ti Arjuna ugi 
ka sapuluh panah tos narancep di jasmani Bhisma; tapi untung panonpoe surup; 
perang poe ka 9 ditutup.

HANCA
 

Kirim email ke