aeh, sumuhun kg engkus, hampura memoryna tinggaleun, leres 2011
wayah uga ngahuntu bajing. hehe..................
baraya.........................................siap ngabantuan nya?
kang budi dalton ketua o.c na
ketua s.c na, anu parantos aya pdkt, kg ginandjar kartasasmita mantan ketua
dpd r.i
anu di ulemna
unesco, para dubes, raja, sultan n lembaga adat sanusantara, penggiat budaya
di 33 propinsi
masyarakat adat, rektor,para dosen, guru sma, jsbna kl 300 urang
sementara sakitu anu ka impleng teh
hn*R3M

2011/4/7 engkus ruswana <[email protected]>

>
>
> Rampesss.... Hade jeung panuju pisan tah ku alpukahna kang Oca, simkuring
> ngarojong jeung ngadungakeun sing bisa ngabukur eta acara teh, Eta bukti
> pok-pek-prak teh. Jadi teu ngan sakadar ngadu bako, tapi mgalaksanakeun
> eusi  Urang GAwean tea, mung jigana lain September 2010 tapi September
> 2011 lin.
>
> Prung ah.
>
> Cag.
> pun Engkus
>
> --- Pada *Sel, 5/4/11, Roza R. Mintaredja <[email protected]>*menulis:
>
>
> Dari: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
> Judul: Re: Tarucing ==> [kisunda] JaKa Erek, Urang Encan - Nusantara Jaya
> 2045?
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Selasa, 5 April, 2011, 11:39 PM
>
>
>
>
> hi33x!
> meni jeung hate piiisan mang h mah, ngimpleng murelengna ka u.s. teh,
> mangga atuh, hadiahna dituang nyalira, (kacipta weureu ku uga.)
> lamun parinsip uga, u-rusan g-usti a-lah mah, bisa wae kitu balukarna
> tapi mun kirata na u-rang ga-wean mah, moal kitu-kitu teuin atuh
>
> barayaaaa.................................................................................................
> mangkahade, lain caricing kolot urg baheula jeung barudak kiwari teh
> ku uin dititenan, geunin.....
> aya keneh anu nguniang, malah ayeuna nambahan kumaha malotekarna barudak
> u.s
> ngan masalahna, di widang politik wungkul anu can kataekan teh
> minim pisan, aya oge saurang dua urang, ngan hanjakalna 'kabawa hawa'
> nuansa politik kiwari
> hanteu tahan, deuk ngalawan arus anu sakitu  kuatna
> hanteu ciga, si 'jalak harupat'na otista, vokal
> pertanyaan klisena 'naha manan kitu'?
> baraya.................
> naha pada aruninga, yen baheula, dk rewuan u.s boh tokoh informal oge nu
> formal
> abiiz beak di'bantai'na ku 'musuh' sacara misterius ??? (teu kudu dipikiran
> ku saha2na)
> uin boga daftar korban ti sagala lini, dina buku'hitam'na, ngaran papagon.
> kumaha puluhan rewu lontar dikampung-kampung dititah didarurukan
> sawareh mah teu kolu , di kubur wungkul,... nya angger, musnah(sawareh).
> budaya sunda lolobana mangrupa budaya lisan wungkul???
> 90% lontar sunda di perpustakaan nas, can ka terjemahkeun, sataun ngan
> sajudul, seuseut seuat,... dihaja
> jadi ku alpukahna kitu, kolot urg baheula pada ngarandeg/pause, sabab teu
> kaop pokal saeutik, lol jebot tea.
> laju nyarrumput beh, gerakan bawah tanahna diantarana dijieun/diteundeun
> dina tembang, kawih anu ngageuri
> sawareh dina tulisan make aksara pegon, nyusun peperenian teh, diselipan ku
> ayat-ayat qur'an
> ngarah ciga guaran agama, padahal tengahna mah mangrupa jangjawokan asli
> sunda.
> aya keneh kiwari ge anu asli, tapi moal waka muncul, waspada ku ka ayaan
> eta anu nu disebut u.s 'nyumput buni dinu caang' teh.
> tingali candi2 buhun, makuta2 emas, kiwari bermunculan di wewengkon jabar
> (sawareh di tutup deui....., bisi miheulaan wayah!)
> bakal ngarubah sajarah tah!
> nyieun partey politik kasundaan, anu asup- di korsi dpr ngan sa urang
> (GERPIS)
> u.s di dprd jabar kiwari ngan 10%, eta gen kasebutna we u.s tapi lolobana
> hanteu nyarunda deuih
> ayeuna aya jendral2 anu nyieun gerakan penyadaran kana pancasila sacara
> kontekstual.
> uin saparakanca nyieun formmass(1999), bammus(2009) diparoyokan, lain
> dibantuan, sakitu seuseut seuatna
> deuk nyiptakeun 'musuh' bersama? saha atuh anu kudu dilawan teh?
> tingali si amburicha kukumpul data sajarah, teu dibere terbit ku oknum
> pamarentah, teu meunang sunda muncul
> (apan kauninga nyalira, wireh naskah2 nusantara di cirebon, ku alpukahna
> pangeran wangsakerta, dianggap palsu ku pusat!).
> nya kapaksa si ambu neangan kaluar, nu daek nerbitkeun, dimana?
> ...malaysia!
> tong nyalahkeun, data2 sajarah urang aya di nagara deungeun.
> eta data lan faktana kiiitu, kaulanun.
>
> hampura mang h,
> uin lain rek nyieun argumentasi anu sakadar ngeles/menghindar ti kamandang
> salira
> sacara faktual menunjukkan yen, kondisi sangat tidak memungkinkan untuk
> 'hudang' sacara walagri
> komo kiwari, jaman beuki weritna (keur 90% rakyat!)
> keur sadahareun oge beuki hese, alam jeung politikna keur teu bersahabat.
> geus teu wayah, urang silih salahkeun, silih gorengkeun, komo silih
> tuarrrrrrr
> hayu urg silih benerkeun, rempug jukung, sabilulungan, gotong royong
> keur... bertahan hirup heula.!
> baraya................................................
> aya saeutik bewara;
> september 2010, di ged. merdeka bdg. rek diayakeun seminar nasional anu
> tema na
> "*menggali kearifan lokal sbg cerminan nilai2 luhur budaya bangsa*
> *dalam membangun budi pekerti di masy. era global"*
> alpukahna saparakanca, seminar, salaku *launching* keur nyieun buku budi
> pekerti berbasis budaya lokal
> pemrakarsana ku yayasan '*gelora budipekerti nusantara'* kabeneran uin
> kapilih, jadi ketua na
> sulukna;
> *elmu luhung kasakti diri, elmu panemu jampe pamake.*
> geus loba mata pelajaran agama mah, tapi kurang matih, sabab hanteu
> membumi, hanteu katewak nuansa lokalna
> sa nusantara geus wayah, bangkit dumasar ku budi pekerti manusa, berbasis
> budayana..
> sasaran/*goals* na, pakkeun generasi ngora,........... nya keur saha deui
> atuh?
> sasieureun alpukah dina meakkeun sesa umur, ngan sakadar melak, sugan ka
> puluk buahna isuk jaganing geto.
> geus wayah, barudak dipasang 'chip budaya lokal' dina jiwa jeung otak na.
> ieu mangrupa salah sahiji tarekah keur *counter culture * .
> budaya bangsa2 sanusantara geus di cacag di walang-walang ku alpukah
> penetrasi budaya luar, anu sakitu mahabu na!
> geus teu katahan !!!! beurat jasa!
> dana na geus disadiakeun, tapi lain ti apbn atw apbd. lain, pokona.... ada
> ajah.
> pelajaran budi pekerti geus euweuh dikieuna ti taun 70'an, beak ku mata
> pelajaran anu teu puguh ancoanana
> sasaran buku, keur barudak di level; tk, sd, smp dk sma sa  jabar,
> penyajianna, sacara '*comic strip*', carita  pelajaran make ilustrasi
> gambar, ah komik we kumaha lah.
> oge paketna, nyieun kursus pelatihanna keur calon tenaga pengajar.
> gawe barengna jeung lemhanas, diknas, budpar, jg sababaraha tokoh
> pendidikan jeung sejenna nu terkait
> eta anu ahengna ,pasualan  duit keur nyitak geus disadiakeun, tinggal eusi
> materina kumaha?
> tibalik pan?
> tim penyusunna kudu handal,
> mimitina keur di jabar salaku model awal, bakal di teruskeun sa nusantara.
> barayaaaaa...........................................................
> ah,....usaha kudu, hasil can tangtu......kitu meureun.
> sugan, muga pareng....
> muga gusti nangtayungan, lan karrrruhun marengan. cag!
>
> hn*R3M
>
>
> 2011/4/5 Ki Hasan <[email protected]<http://mc/[email protected]>
> >
>
>
>
> Teu aya nu bisa neguh jigana.
>
> Kieu bedana teh:
>
> Manusa eropa jigana jaga bakal jiga alien nu boga UFO, panonna jadi
> maranjangan nongtot bolotot kaluar, alatan loba teuing molototan angka,
> aksara, oge jagat raya. Kitu deui ceulina bakal rarebing maranjangan, balas
> loba teuing ngintip beja ti sajagat.
>
> Sedengkeun urang Sunda jigana nu bakal maranjangan, bakal ngalebaran teh
> lain panon jeung ceulina, tapi gadona bakal ngagarayot maranjangan, balas
> lila teuing lunga-lengo ngalangeu nungguan wayahna datang ugana.
>
> Kumaha tah Bah Oza?
>
> 2011/4/5 Roza R. Mintaredja 
> <[email protected]<http://mc/[email protected]>
> >
>
>
>
> ha33x!
> keur mah cape mikir
> anu meunang malah digawean kudu maca uga
> padahal UGA teh, kiratana tina UrangGAwean
>
>
> 2011/4/4 Ki Hasan <[email protected]<http://mc/[email protected]>
> >
>
>
>
>
> Cing Bah Oza, oge baraya, uing boga tarucing, pangneguhkeun.
>
> Naon bedana antara urang Sunda jaga, 100 taun ka hareup, jeung urang Eropa?
>
> Hayoh, tarucing berhadiah, nu bisa neguh, hadiahna maca uga tilu kali
> sewang.
>
> 2011/4/4 Roza R. Mintaredja 
> <[email protected]<http://mc/[email protected]>
> >
>
>
>
> wah, bangsa sanada (sunda) mah can wayah tandang kang,
> wayahna rada sabar kang , ada saatnya..... jangan cangcaya
> jalmana can waka tandang, can waka calangap dan matanya can cahayaan.
> ngan bangsa sanada yang hayang mapag padjadjaran anyar mah kayaknya ada aja
> kayaknya  banyak yang daftar, ngan sarat can pas ajah.
> sabab sanada na jangan  sanada jawa barat saja
> sanada yang rada badag dan sanada kaga badag (sunda besar, sunda kecil),
> wawasan kabangsaan, wawasan mancanagara
> masalah wawasan sanada jabar, kaga pas jang sakarang mah
> angkatna van sanada kana palsapah, palsapah yang lagawa
> banyak datang  palsapah walanda, arab dan barat saja, ngan kaga pas
> daya, rasa dan akal yang pas adalah yang hanya mamawa sa awak awak sabangsa
> dan nagara sayah sajah.
> jangan mamawa 'awak' dan wawasan mancanagara, bahaya!
> gawat, sabab masalahna kaga ka awakan sama awak awak yang sabangsa
> dan jangan maksa maksa mamawa awak mancanagara
> para PAJABAT sakarang ngan sakadar wayang sajah, dalangna van mancanagara
> nah, sadar kagak? hanjakalna yang sadar kagak banyak, kalah ngalawannya
> kapan jayana bangsa sanada yang sajajar sama mancanagara?
> akan datang mangsana!
> wayah datangna bancana yang badag, wayah datang kasawat kasawat badag,
> wayah mana baraya papada baraya pada garalak ngagalaksak hayang banyak
> harta
> ada baraya hayang ka anggap bakal kapala nagar na, padahal darahna kagak
> ada.
> ada baraya yang mayar sama banyak harta , agar ka angkat, padahal wawasan
> hanya pas-pasan sajah
> tah, ada yang nyambat, ada yang hayang kaga kabawa bancana
> bangsa sanada ada yang nyambat, dah kaga ada sabab dah angkat ka 'kawasan
> nagara anyar' (lebak cawene)
> jangan nyangka nyangka saha raja anyar, akan datang sacara ngadadak tanpa
> wawarta, pas na wayahna mah.
> nah baraya sadaya.........................
> mangga tatan tatan jang mapag padjadjaran anyar
> waspada, lagawa na wawasan, dan banyak nganjang ka baraya baraya
> jaga awak dan pakay wawasan sanada yang lagawa, ajak baraya yang sa warga
> agar kaga kabawa sakaba kaba
>
> bah, ada yang hayang maca majalah 'mapag jaman' nya kang ahmad?
> bah rahman mah apal saja, majalah yang bah rahman ajah yah?
> majalah 'mapag jaman'  saya ada yang bawa, kaga wawarta, saha lah... rada
> alpa ngaranna
>
> cah ah!
> sakarang saya ngadapang sama  nangakarak aja ah,
> wah, rada ba'al baham sayah, sabab banyak calangapnya. hahahaaaa.....
>
> van *rahmadjasa
> (maap kata, basa hanacaraka sayah rada acak-acakan, kaga apa yah?, asal
> pada paham saja kan?)
>
>
>
>
>
>
> 2011/4/4 MRachmat Rawyani 
> <[email protected]<http://mc/[email protected]>
> >
>
>
>
> Hawar-hawar aya kabar katanya JK (JaKa) jaga hayang (jadi) kapala nagara.
> Kapan JK sabangsana Marwah (daud Ibrahim) jalma Makassar. Pasanganana CT
> (Chairul Tanjung).
> Ari calon ti Sunda saha? Duka atuh!
>
> mrachmatrawyani
>
> ------------------------------
> *From:* Ki Hasan <[email protected] <http://mc/[email protected]>
> >
> *To:* [email protected]<http://mc/[email protected]>
> *Sent:* Fri, April 1, 2011 6:17:27 AM
> *Subject:* Re: [kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045?
>
>
>
> Mangga atuh Bah Oman, geura pedar eta buku teh.
> Kang Oca tong dibungkusan wae.  Hehehe
>
> 2011/4/1 <[email protected] <http://mc/[email protected]>>
>
>
>
> Aya buku Mapag Zaman yasana Yus Ruslan Ahmad... Iraha jeung kudu kumaha
> ngawujudkeun cita cita Kisunda... Tah bukuna aya di Bah Oca....rameee teh
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]<http://mc/[email protected]>>
>
> *Sender: * 
> [email protected]<http://mc/[email protected]>
> *Date: *Fri, 1 Apr 2011 21:41:42 +0800
> *To: *Ki 
> Sunda<[email protected]<http://mc/[email protected]>>;
> Baraya 
> Sunda<[email protected]<http://mc/[email protected]>>;
> Urang 
> Sunda<[email protected]<http://mc/[email protected]>
> >
> *ReplyTo: * 
> [email protected]<http://mc/[email protected]>
> *Subject: *[kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045?
>
>
>
> Mun nitenan padungdengan di milis atawa koran, sok remen adu renyom nu
> harayang ninggali
>
> aya urang Sunda jadi pamingpin di tingkat nasional. Ngan wae nepi ka
> kiwari, can katoong aya
> kalangkang-kalangkangna acan. Naha peda urang Sunda boga jurus "nyumput
> buni di nu caang" kitu?
> Duka teuing. Naha kira-kirana eta jurus teh ampuh kitu.
>
> Mun ngulayaban ka jagat maya, geuning batur mah geus taki-taki ti ayeuna,
> toong we geura
> diantarana aya Marwah Daud Ibrahim, nu boga program "Nusantara Jaya 2045".
> Marwah ngulincer
> ngurilingan Nusantara mikawanoh sentra-sentra industri rakyat. Sarta teu
> kaliwat kagiatanana
> dipublikasikeun di jagat maya. Toong we geura di
> http://marwahdaud.multiply.com/ atawa di
> kanal YouTube http://www.youtube.com/user/nusantarajaya2045.
>
> Boa-boa jurus "batur erek, urang enggeus" teh kalah jadi "batur erek, urang
> encan" nya?
>
>
>
>
>
>
>
>   
>

Kirim email ke