Tina buku karangan Sunardi DH; cenah mimitina Adam, turun2 ka Nabi Sith; terus 
nurunkeun
Sanghiyang Anwar; saterasna Sanghiyang Nurrasa; teras Sanghiyang Nurchahya; 
saterasna Sanghiyang Wening; teras Sanghiyang Wenang. Diteraskeun ku Sanghiyang 
Tunggal nu tapa teras kenging endog; beubeureumna jadi Sanghiyang Girinata 
atawa Jagatnata; bobodasna jadi Ismaya; ari kulitna jadi Sanghiyang Pungguk.

Nu tilu Sanghiyang ieu sadayana diajar tatapa mesuh salira nepi ka sarakti; 
tapi barang diuji ku Sanghiyang Tunggal, nu lulus ngan ukur Girinata; nya 
dijadikeun RAJA DEWA. Ismaya jeung Pungguk rada nyeri hate terus we neuskeun 
tatapa seui; nepi ka bisa leuwih sakti ti batan Girinata da iu mah kudu ngurus 
manusa sadunya jung para Dewa.

Nya akhirna Sanghiyang Girinata nurunkeun Dewa2; nu pangheulana lima Dewa 
kabehanana ti Dewi Uma. Brahma; Indra; Bayu; Sambu jeung WISNU.

Tah eta cenah silsilah Wayang teh, cek eta buku.

Duka teh teuing 

Kirim email ke