Turunan Asli
Dua bulan katukang kuring ngahaja ngalobakeun libur, mungpung keur gawean loba masih di bagian pang awalna. Ceuk pikir kuring. Kabeneran ku kitu na mah kuring jeung sadulur-dulur kumpul, tara tisasari eta dina waktu harita sakabeh kumpul siga nu di kumpulkeun ti lanceuk pang gedena tur nepi ka adi nu bungsu jeung kulawargana sakabeh kumpul, siga dipasar the bener pisan eta mah… nu ceurik, nu le’weh, nu ambek-ambek kan bakating kulieur, wah nu kumaha wae aya eta waktu….pokona mah matak llieur nu tara biasa mah. Waktu keur pada balakecrakan meuni kacida nikmatna, sangu liwet di papaes laukna asin jambal roti di sapukeun kana sambel tarasi dadakan nu diguyur ku jalantah asin…..lalabna ngan sarupa nyatana ku goring jengkol nu di awuran uyah jeung pecin….wah edun weh lah…… jadi lapar oge ieu ngadongengna ck kckckckck …eus Alhamdulillah, eh punten teurabna katuliskeun hehe J. Keur jongjon adu renyom ku hancaeun, ceuleungkeung the Pun Biang sasauran …….. “…heueh geuningan …turunan asli uing mah nga si Ikun jeung si Illa (ngaran alo kuring)…….bari rada serius paroman nu janten sepuh teh. …. Atuh jempling sawatara waktu mah….tapi teu lila Indungna budak tumaros ka nu jadi indung kuring, …..Ema naha bet kitu kasauranna…bari ikut semu nu bingung. Padahal kuring sarua oge bingung..naha bet nyaur kitu nu janten sepuh the…..teu kungsi lila, Ema kasauran deui……… bari rada seuri……..heueh titadi nu katingali ngarawu Jengkol mah ngan tiluan wae…..Uing, Si ikun tur si Illa wungkul……...tah jadi bener da turunan asli ieu mah kudu beuki kana Jengkol…..heuheuy deuh. Geunjleung atuh sapada harita….. di saurkeun kitu ku sepuh mah…akh dasar si Ema…aya-aya wae… bari di tungtungan ku seuri nyalakatak nepi ka haying ka cai…… he he he sakitu akh heulanan.. dongeng ti sikuring. Ki J Baktos, Sulkan, M _
