"gemah ripah" teh di bandung kiwari mah taksi bogana babah.
kungsi milu nyengcle harita na taksi gemah teh, ngobrol jeung supirna, urang
sunda.
ceuk mang supir teh, cenah nu boga taksina mah babah, malah babah geus
tawehwoh.

beu geuning bandung teh nya, urang sunda-na mah ukur jadi supirna we.
taksi bogana babah, jalur angkot bogana batak, lapak kaki lima bogana urang
awak,
tangkuban parahu bogana batak, sumber cai botolan bogona babah jeung bule

cing geura data, ari nu ngari masih kapimilik ku urang sunda naon-na nya?

2011/4/15 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> gemah; kawi-*sagala babari, sagala nyampak*, ar-*ma'mur*
> gemah ripah; *gegek loba jiwana tur carukup*
> gemah ripah loh jinawi; *hurip gusti, waras abdi*
> *
> *
> dicutat ti; kamus basa sunda; r.a danadibrata 2006
> hn*R3M
>
> 2011/4/13 Ii Sumirat <[email protected]>
>
>>
>>
>> Tumaros
>>
>> Ari gemah ripah hartosna naon
>>
>>
>>
>> Nuhun
>>
>>
>

Kirim email ke