Wa'alaikum salam wr wb., Bagea kang Hafy, naon anu dipilarian mudah-mudahan aya dina peperenianana kang Iwan Natapraja ti SKKS (Sawala Kandaga Kalang Sunda). Aya kl 1600 rumapaka rupa-rupa lagu Sunda (kawih, degung, Cianjuran) di dinya, ieu alamatna: http://www.kalangsunda.net/13rumpakalagu.htm
Minangka catetan, upama bade lebet kadinya judu sign in heula. Catetan lianna: memang teu loba rumpaka/lagu Sunda, komo kacapi Suling mah, tapi, upama diimeutan mah aya wae hiji dua saperti "Leuweung", "lembur Singkur", jsb. Pon kitu keneh, kawih2 kacapi Suling ti Mang Koko samodel "Malati di Gunung Guntur", "Reumis Beureum dina Eurih", "Deungkleung Dengdek", jsb, bisa oge diguar tina jihat lingkungan. Sababaraha lagu Mang Koko tos neba di youtube, upamana wae di dieu: http://www.youtube.com/watch?v=M1ip2w_Wkx8&feature=related Mugia aya manfaatna. Salam, manar 2011/4/24 Hafy <[email protected]> > > > assalamu'alaikum wargi sadaya > > nepangkeun abdi hafy ti Bandung > > abdi gaduh patarosan: > aya nu terang lagu sunda nu aya hubunganna sareng alam sunda atanapi > lingkungan? upami aya mah laguna kacapi suling. > > abdi peryogi waleranna kumargi ekstrakulikuler abdi di kampus bade > ngayakeun pagelaran seni mung rada bingung ku lagu kacapi anu cocok sareng > temana > > hatur nuhun sateuacanna > > wassalamualaikum > > >
