Memang hade pisan eta teh. Tapi sanyatana di na lingkungan sosial oge da teu 
sambarangan; nya kuma pantesna tea. Da aya turunan ningrat nu teu disebut agan2 
acan ku batur; duka ku naon ?
Ari abah mah geus biasa disebut pak Haji dimana mana ; nya eta we nu ditarima 
teh. Hahahaha. Tapi memang gan, den teh, ampir musna ayeuna mah; geus teu 
diparake deui. Da kadang menakna ge alimeun disebat gan, asa naringnang cenah

--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Numatak Bah AA, ku urang Sunda kiwari, utamana dina komunitas maya, eta
> sebutan "gan" teh nu baheulana "sakral" dipake pikeun sebutan kalangan
> "ningrat", mengalami "de-sakralisasi" atawa "de-ningratisasi". Kiwari dipake
> pikeun sapaan keur saha wae, tanpa ninggali status sosialna.
> 
> Ceuk toongan uing, ieu hal nu hade, keur ngurangan gap komunikasi antara
> cacah ceuk menak. Salian ti eta "gan" bebas gender, bisa dilarapkeun keur
> awewe oge lalaki.
> 
> 2011/5/16 Abbas <abas_amin08@...>
> 
> >
> >
> > Ari di EOR, Mangunreja jeung sakurilingna mah; gan teh meh satahap jeung
> > sebutan Den; nu nuduhkeun eta jelema aya teureuh Rat.
> > Euweuh nu kuricakan disebut gan. Atuh ka nu loba duit ( dunungan ) cukup ku
> > Pa ( awam ); atawa Bah ( ka babah ). hehehehehe.
> >
> >
> > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@> wrote:
> > >
> > > Ieu sakadar conto paguneman di Kaskus, nu migunakeun sapaan "gan"
> > >
> > > =====
> > > http://www.kaskus.us/showthread.php?t=7558812
> > >
> > > sinisuka:
> > > Mohon bantuan pemikiran gan (hanya bagi agan-gan mahasiswa jurusan hukum
> > > pidana)...
> > >
> > > selamat siang agan-aganwati sekalian...
> > > langsung aza ya gan...
> > > gini gan ane mau ngusulin judul skripsi ne gan...
> > > tapi dari 7 judul yang ane ajuin ke dosen pembimbing ane...
> > > ga ada satupun yang disetujuin ma beliau...
> > > stres ane gan...
> > > jadi disini ane mau minta sumbangan pemikiran dari agan-agan sekalian...
> > > mana tau judul yang agan berikan bisa meluluhkan hati dosen ane...
> > >
> > > segala kesalahan mohon dimaklumi, maklum masih newbie..
> > >
> > > (oo)nyaK:
> > > ane bantu doa aja gan.. sukses skripsinya... amin
> > >
> > > phadunkz:
> > > ane br semester 2 gan.. hehe..cari bahan ttg penerapan asas legalitas aja
> > > gan..br sampe situ soalnya yg ane pelajarin.. semangat ya gan..ane
> > doain..
> > > =====
> > >
> > > 2011/5/16 Ki Hasan <khs579@>
> >
> > >
> > > > Dina paguneman urang Sunda jadul, sapaan "gan", "agan", atawa "juragan"
> > > > biasa dipake
> > > > ku badega ka dununganana. Contona kieu, "Juragan Maman, Juragan Ilen,
> > > > Juragan Abas,
> > > > Juragan Imun, sareng Juragan Willy, wilujeng rawuh di Ki Sunda." kitu
> > ceuk
> > > > Ki Lengser
> > > > ngabageakeun nu anyar datang.
> > > >
> > > > Jenatna Abah Surya, ka saha wae, upama nyeluk ka batur ngobrolna sok
> > > > dibumbuan ku
> > > > sapaan "gan". "Kumaha Gan Oman, Gan Tirta, damang?" si Abah nalek ka
> > Kang
> > > > Oman
> > > > oge Kang Tirta.
> > > >
> > > > Kiwari mun nitenan paguneman di Internet, boh di forum, facebook,
> > koran,
> > > > majalah online
> > > > jeung sajabana, ieu kecap sapaan "gan" jeung "agan" teh geus populer
> > pikeun
> > > > nyeluk batur
> > > > diskusi.
> > > >
> > > > Fenomena di luhuir, jurus jitu pikeun mopulerkeun kosakata basa Sunda
> > ka
> > > > jagat Nusantara.
> > > >
> > > > -mh-
> > > >
> > > >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke