Karna nyalira di na ngaleupaskeun Konta teh aya rasa was was; saterasna ningal 
akibatna tambih hanjakal sareng ngarasa nyaah ka Gatotkacha, nyaah ku 
kasaktenna, padahal ngora keneh. Malah tadi , sababaraha waktu sateuacan ancur 
ku Konta , Korna ningali paroman Gatotkacha nu kacida pikanyaheunana; siga 
budak nu leungit cocoanana; Karna ngahelas; ras deui emut engke perang sareng 
Arjuna tangtu bakal langkung sesah. Ku seueur emutan, sareng cape ongkoh
 perang sareng Gatotkacha; akhirna Karna teu kiat teras we rubuh, kapiuhan. 
Enggal para prajurit nu masih teu tebih ti dinya nyarumput, kalaluar teras 
ngagarotong Karna dicandak ka kemahna.

Aya hiji Prajurit Pringgandhani, nu nyaksian tiwasna Gatotkacha , lantaran 
waktuna tarung sareng 4 Denawa bogana Karna, kapeclengkeun nyangsang di na
 rungkun; memang awakna asa pasiksak, remek satulang sandi, tapi masih hirup 
keneh, ; tapi barang manehna nempo senjata Karna ngajelegur ngancurkeun 
Gatotkacha, manehna laju kapaehan deui, ku reuwas2na jeung nyaah ka Gatotkacha.

Sanggeus rada lila, eta Butha teh leler tina kapiuhanana, culang cileung karasa 
sepi pisan, ayeuna mah teu kadenge sora naon2 estu combrek pisan.Lalaunan 
manehna nyoba kaluar tina rungkunterus ngadeukeutan ka na tempat nu dikira kira 
ngajelegurna senjata Karna tadi. Sugan aya raratan ti na jasmanina Gatotkacha. 
Nyata manehna nyamos teu hasil; teu manggih urut Gatotkacha; ngan wae ditempat 
Gatotkacha tiwas taneuhna hideung siga kaduruk, aya kana 200 meterna gurat 
tengahna%2

Kirim email ke