Prabakesah mulang ka Pringgandhani bari mawa kasedih; Arimbi nampi serat RESMI ti Para Pandawa; yen Gatotkacha Pahlawan nu dipikanyaah dipikaasih ku sadayana. memang rada reueus oge Arimbi nampi eta serat; tapi seuseurna sedih kingkin; teu aya deui nu dipikabeurat du ieu dunya . Arimbi emut pisan yen Gatotkacha estu ngadedetkeun maneh, palay ditampi ku Para Pandawa; nya ayeuna kabuktian usaha Gatotkacha teh hasil ! Tapi nyata kudu ditebus ku nyawa eta pangakuan teh; emh nasib. Arimbi teu kersa tuang leueut salami saminggu, damelna mung nangis wae; nya saparantossaminggu campleng; Arimbi labuh geni nyusul ingkang Putra, diceungceurikan ku Prabakesah.
Urang caturkeun deui di Kurusetra. Drona tos maju perang deui; tapi ayeuna mah Drona teu disarengan kuPahlawan sapertos Karna sareng Duryodhana, lantaran Karna saparantos perang sareng Gatotkacha, ngaraos lungse, sareng teu aya sumanget kanggo perang; ari Duryodhana ngahibur Karna, supaya ulah nguluwut katutuluyan, Aswatama , biasa disimpen di garis tukang ngajaga nu desersi; aya ka na 18 km na ti Pasukan pangpayunna. Salya bagian Logistik; Krepa masih seueur tatu kababbuk ku Gatotkacha; Kritamarma masih keneh baluas waktosna perang ngalawan Arjuna; jadi kantun Drona nyalira nu maju perang; tapi sanajan teu dibantu Pahlawan sanesna, Drona estu ahli perang sareng memang jago perang; sadaya nu wantun mayunan Drona mun teu tiwas nya taratu , Satyaki, Bhima, Nakula Sadewa, Dristadjumna, Srikandhi, Utamaujas, Yudmanyu, Dristaketu sadayana mundur bari pinuh ku tatu. Enggalna wae Dananjaya maju megatan Resi Drona. Samemeh perang, biasa Arjuna nyembah ti katebihan, teras matus :" Guru, ieu Kaula Arjuna, wawanian ngalawan sampeyan, Guru !" Drona nyentak:" Eh Arjuna ! Tong loba catur ! baheula enya Kaula guru sampeyan, tapi ayeuna mah urang musuh ! Sing iyatna smpeyan Kaula bakal nalukkeun sampeyan !" Arjuna enggal ngawangsulan :"Leres teu lkapindo damel Guru ! Urang teh musuh, tapi sakali guru tetep guru; Kaula moal nganggap sampeyan musuh !" Arjuna masih tetep ngahormat ka Pandita Drona. Teu seueur saur deui Resi Drona enggal mentangkeun panahna ka Arjuna; jamparing ngabelesur, rikat Arjuna nakis, baru ngan sakilat males manah ka Resi Drona. Drona teu liren2 manahan ka Arjuna, bari oge nakisan panah pamales ti Arjuna.duanana sami2 tapis, sami2 tnggoh, Guru sareng murid tarung sanes nuju latihan, uapi leres2 silih intip kalemahan lawan; sareng milari kasem[etan nyabut nyawa lawan. Elmu panemu , jampe pamake, aji jaya kawijayan kumplit aya di Resi Drona, atuh teu katingal Resi Drona cape atawa leuleus, sakitu perang ragot teh; malah tambih lami tambih gagah ieu Resi Drona.Tapi Arjuna oge nyepeng elmu panemu, jampe pamake, aji jaya kawijayan nu dicepeng kuResi Drpna; katambih tos tatapa di Gunung Indrakila; atuh Dananjaya ge teu pisan lesu di ns ngalawan jurit Drona teh; estu gagah sareng tetep seger katingalna. Nu perang tanding, beuli ;i;a beuki geget, nepi ka panonpoe surup duanana katingal teu aya nu daek undur. Keur geget2 kitu Kresna ujug2 malikeun karetana terus mabur jauh pisan; atuh bala tentara Kurawa.
