Alhamdulillah, MJ pami softcopy teu kempel nya nyuhunkeun bantosan bundel 
hardcopyna bae.  Salam
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: mang jamal <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 18 Jul 2011 17:09:39 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Fwd: (makalah KBS) civic journalism: budaya
 sundajingklak........KUSnet kasebut

tos kenging makalahna kumplit tapi hardcopy. nuju meredih ka hiji dua
pemakalah, sugan kersa masihan softcopina urang cemplungkeun ka milis

On 7/18/11, [email protected] <[email protected]> wrote:
> Kawitan we golodorkeun 25 makalah kana web/milisgroup
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>
> -----Original Message-----
> From: oman abdurahman <[email protected]>
> Sender: [email protected]
> Date: Mon, 18 Jul 2011 12:50:51
> To: <[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; urang
> sunda<[email protected]>
> Subject: Re: [kisunda] Fwd: (makalah KBS) civic journalism: budaya sunda
>  jingklak........KUSnet kasebut
>
> Alhamdulillah, tah geuningan aya oge makalah KBS IX anu medar kumaha
> kasundaan di internet. Oge Kusnet kasabit-sabit. Ngiring bingah.
>
> Kahareup, kari ngaronjatkeunana kumaha sangkan tumbu atawa rawayan (link)
> antara media mainstream jeung media anyar ieu sangkan tambah raket dina
> gawe
> bareng pikeun miara ejen inajen jeung budaya Sunda, kaasup pasoalanl basa
> Sunda.
>
>
> manar
>
> 2011/7/18 Ki Hasan <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>>
>>
>> ---------- Forwarded message ----------
>> From: mj <[email protected]>
>> Date: 2011/7/18
>> Subject: [Urang Sunda] (makalah KBS) civic journalism: budaya sunda
>> jingklak........KUSnet kasebut
>> To: [email protected]
>>
>>
>> **
>>
>>
>> **
>>
>> *CIVIC JOURNALISM: BUDAYA SUNDA JIJINGKLAK, MÉDIA SUNDA NGOCÉAK*
>>
>> by *Budhiana Kartawijaya* <http://www.facebook.com/budhiana.kartawijaya>
>> on
>> Thursday, July 14, 2011 at 10:34pm
>>
>> Ku. Budhiana Kartawijaya
>>
>> Dipidangkeun di Kongres IX Basa Sunda, 11-13 Juli di Cipayung Bogor)
>>
>>
>>
>> Dina jaman globalisasi kiwari, aya nu matak pikabungaheun keur kasundaan.
>> Di satengahing karémpan ilangna budaya lokal, justru budaya jeung nuansa
>> kasundaan malah mekar. Sumanget kasundaan mucunghul di sawatara kalangan
>> komunitas. Kareueus jadi “urang Sunda” tingraronghéap di mana-mana. Malah
>> budaya jeung basa Sunda mimiti maridang dina produk-produk industri
>> kréatif
>> komunitas. Najan budayana kakolom Sunda populér.
>>
>> Ngan lebah média *mainstream* basa Sunda mah, kalah ironis. Di
>> satengahing
>> tingpelentungna gairah makayakeun Sunda, kamekaran média Sunda kalah
>> stagnan. Bisa jadi nurun, kétang. Padahal nasib média Sunda geus
>> diadurényomkeun ti baheula mula.  Museurna dina kahayang masarakat Sunda
>> miboga média Sunda nu hadé konténna, ngakar sumebarna, jadi rawayan
>> antara
>> masarakat Sunda, bari séhat sacara bisnis.
>>
>> Coba geura, ditilik tina sisi jumlah média *mainstream* Sunda nu aya di
>> Bandung upamana, apan bisa diitung ayeuna mah. Geura nya nu aya téh
>> majalah
>> *Cupumanik*, *Manglé*, Koran *Galura*, *Sunda Midang*,*Seni  Budaya*,
>> *Ujung
>> Galuh*, *Cakakak*, *Bina Da’wah* jeung Majalah *Sora*. Atuh di luarna, nu
>> kacatet rada manjang téh Majalah *Balébat* ti Bogor.
>>
>> Tapi da mun seug dibandingkeun jeung taun 1960-1970-an, kacida ganjorna
>> kaayaan média Sunda*mainstream* téh. Da harita mah teu sirikna merul
>> atuh.
>> Geura nya urang tataan sababaraha ngaranna:*Sari* (1963), *Sangkuriang*
>>  (1964), *Madjalah Sunda* (1965), *Campaka* (1965), *Kutawaringin*
>> (1966),
>> *Baranangsiang* (1966), *Pélét* (1966), *Giwangkara* (1972), *Galura*
>>  (1972), *Gondéwa* (1972), *Kawit*(1974), jeung sajabana ti éta.
>>
>> Lebah dieu bawirasa, aya sawatara kahéngkér utama média Sunda
>> *mainstream*.
>> Antarana teu bisa néwak sumanget jaman (*zeitgeist*), atawa kaliru
>> néngkép
>> sumanget jaman nu dianggap hiji ancaman, lain hiji poténsi, nepi ka média
>> nu
>> aya ayeuna sipatna défénsif, jeung konsérvatif. Ngagulidagna galura
>> sumanget
>> jaman éta téh mangrupa galura konvergénsi nu ngarobah kaayaan ajén-inajén
>> béh ditu.  Ari konvergénsi apan adumanis dua kutub, kutub naon waé nu
>> ngahijina mah. Konvergénsi téh apan leyurna wates-wates kahirupan
>> sosial-ékonomi warga dunya.
>>
>>
>>
>> *Konvergénsi*
>>
>>
>>
>> Mimitina mah, konvergénsi téh disurahan tina sisi téknologi, nyaéta
>> ngahijina tilu C: *computer, communication and content**[i] *(komputer,
>> komunikasi jeung kontén). Komputer mah sajarah téknologi Amérika, nu
>> mekar
>> boh ukuran boh gancangna. Ukuranna ngagésér ti *mainframe*, ka *mini
>> computer*,*personal computer* (PC), nepi ka ayeuna ngan sagedé dampal
>> leungeun ukuranana.
>>
>> Atuh komunikasi gé jadi leuwih personal. Téknologi radio ti sakapanggihna
>> ku Marconi, mimitina nu boga hak téh nagara, militér, atawa industriawan.
>> Tuluy jadi téknologi mobile generasi kahiji (1G) nu dipiboga sacara
>> personal. Téknologi mobile mekar jadi 2G, 3G, nepi ka 4G saperti ayeuna.
>> Ukuranana gé jadi sagedé dampal leungeun. *Handphone* téa nu deukeut
>> jeung
>> urang ayeuna mah. Atuh komunikasina teu deui ngaliwatan galura radio *
>> terrestrial*, tapi internét.
>>
>> Nu matak konvergénsi nu ayeuna aya teu pati écés wates-watesna antara *
>> handphone* jeung komputer, atawa antara komputer jeung *handphone*. Jaga
>> mah sigana konvergénsi téh bakal leuwih rohaka. Urang bakal moal bisa
>> ngabédakeun mana télévisi, komputer, atawa *handphone*.
>>
>> Enya, sihoréng konvergénsi téh robahna gancang kacida, sabab geus
>> ngarungkadkeun konsép média massa (*mass media*). Média massa hartina
>> hiji
>> média nu diparoncongok massa, atawa média keur massa. Asumsina ngan nu
>> ngokolakeun média nu ngabogaan aksés informasi, jeung nyumebarkeun
>> informasina ka masarakat nu teu boga aksés. Ngan ayeuna méh saban jalma
>> ngabogaan média. Saban jalma boga *handphone*. Hartina, jumlah média gé
>> ayeuna mah ngamassal nepi ka konsép média massa geus teu pati pas. Kiwari
>> apan jamanna *the mass of media *téh, jalmana massal médiana gé massal.
>>
>> Dina tataran kontén (*content*) gé aya robahan dasar. Ku mekarna
>> téknologi
>> informasi, warga dunya bisa silikomunikasi tanpa wates-wates géografis
>> tur
>> sipatna *real time*. Teu karasa, kelompok-kelompok budaya nu salila ieu
>> patarenggang-paburencay alatan wilayah géografis, ayeuna mah kahijikeun.
>> Urang Sunda di Bandung, bisa ngayakeun komunikasi jeung diskusi jeung
>> urang
>> Sunda di sakuliah dunya. Kelompok profési di Indonésia bisa ngayakeun
>> komunikasi jeung kolaborasi jeung kelompokna, ngawangun komunitas. Ku
>> kituna, nu 3C téh geus ngahirupkeun deui beungkeutan-beungkeutan*
>> primordial* jeung tradisional, katut ngawangun beungkeutan anyar dumasar
>> sasaruaan kapentingan nu anyar deuih.
>>
>> Ku kituna dina galura handap lumangsung gerakan média masarakat nu
>> mingkin
>> kuat. Média massa ayeuna geus robah sesebutanna jadi média *mainstream*.
>> Sedengkeun média nu dikokolakeun ku individu jeung komunitas di *jejaring
>> sosial*, disebut média sosial. Média *mainstream* leuwih remen ngulinkeun
>> isu gedé, sedeng média sosial di isu local, malah hiperlokal jeung
>> hiperséktor.
>>
>> Mun John Naisbitt nganggap mucunghulna deui beungkeutan primordial jaman
>> globalisasi kiwari minangka *the paradox of globalisation*, saenyana mah
>> geus lain hiji paradoks, tapi hiji konvergénsi antara globalisasi jeung
>> ajén-inajén lokal, atawa dina istilah konvergénna mah *glokalisasi*. Nu
>> matak kaharti dina jaman globlasi mah justru masalah kasundaan mimiti
>> haneuteun. Mimiti jijingklak. Kelompok-kelompok Sunda *online* ngumpul di
>> dunya maya, tuluy ngayakeun kagiatan *offline.* Salasahiji komunitas
>> Sunda
>> di dunya maya nu panggedéna, KUSnét alias komunitas Sunda di
>> internét.[ii]
>>
>> KUSnét téh mimitina mah jaringan milis nu dijieun Ismail Rahman, tanggal
>> 8
>> Méi 2000. Dina taun 2005, anggota KUSnét aya 1.500 urang. Nu aktifna mah
>> ngan 200 urangan. Awak-awakna téh sumebar di sakuliah dunya. Aya Abah Joe
>> ti
>> New York, Apih Sidik ti Kedutaan Indonesia di Koréa Kidul, aya marinir di
>> Sierra Leone, nu kuliah S2-S3 di sawatara nagara, jeung sajabana ti éta.
>>
>> Sawatara kagiatan nu geus jeung keur dipigawé KUSnét antarana
>> ngomputerisasi program *font* aksara Sunda, ngeusian Wikipedia vérsi
>> Sunda
>> (ti mimiti Maret 2004), digitalisasi pustaka Sunda heubeul kayaning buku
>> *Roesdi
>> jeung Misnem* katut majalah *Poesaka Soenda*; nyieun *game* basa Sunda;
>> ngaliwatan Yayasan Percéka (nu diadegkeun ku  KUSnét), mantuan korban
>> bencana, méré béasiswa, ngadeg-ngadegkeun perpustakaan nu sumebar di
>> padésaan Cianjur, Sukabumi, Sumedang, Ciamis, Garut, Tasikmalaya,
>> Majalengka, jeung Cirebon.
>>
>> Nu matak teu ahéng kontén KUSnét kakolomkeun kana kontén nu jolna ti
>> warga
>> keur warga. Réa rupana jeung réa nu jarero deuih konténna téh. Malah dina
>> sawatara hal mah awak-awak KUSnét sacara otodidak dialajar kaédah-kaédah
>> jurnalistik. Éta jurnalistik warga téh dina dunya jurnalistik mah
>> disebutna
>> jurnalistik akar rumput (*grassroot journalism*). Nalika para jurnalis
>> warga ngirimkeun konténna ka média massa, disebut wéh *citizen
>> journalism*.
>> Ari sarining *citizen journalism*: saban jalma téh média jeung kabéh
>> jalma
>> téh réporter.
>>
>> * *
>>
>> *Réspons média **mainstream***
>>
>> * *
>>
>> Mingkin kuatna peran individu jeung komunitas geus ngarobah ékosistem
>> média. Média sosial leuwih apal kana kontén hiperlokal jeung hiperséktor.
>> Komunitas leuwih apal wanda informasi nu dipikabutuhna. Dina rupaning isu
>> lokal jeung hiperlokal, média *mainstream* réa nu teu manggapulia. Di
>> nagara séjén mah, média *mainstream* tungtungna muka diri pikeun maké
>> kontén-kontén hiperlokal ti*citizen journalist*. Nu ngokolakeun média
>> ngamekarkeun jurnalistik kesasamaan (*peer journalism*), ngayakeun
>> jurnalistik handap asor nu nganggap yén nu maca/pamirsa téh mitra nu
>> hargaan
>> pisan. Padungdengan-adurényom di komunitas diangkat ka média *mainstream*
>> nepi
>> ka jadi isu nasional jeung isu dunya.
>>
>> Di pihak séjén, isu-isu global di média *mainstream* jadi bahan kajian di
>> tingkat lokal jeung hiperlokal. Malah komunitas hiperlokal salawasna
>> nyurahan implikasi kajadian global kana kahirupan komunitasna. Di dieu
>> mah
>> mémang aya sinérgi positif antara média *mainstream* jeung média sosial.
>> Ieu sinérgi bisa kalakon sapanjang nu ngokolakeun média *mainstream* daék
>> nerapkeun jurnalistik handap asor. Malah cék para futuris média, satengah
>> (50%) kontén média utama dunya téh bakal mucunghul ti publik!  Rarancang
>> kontén moal deui sapinuhna *top down* ti redaksi, tapi ogé *bottom up*,
>> atawa ménta masarakat sangkan méré masukan soal rarancang kontén.
>>
>> Sorangan can kungsi ngayakeun panalungtikan terstruktur soal média Sunda
>> *
>> mainstream*. Ngan bisa ari ngasongkeun, kakingkin média Sunda sabenerna
>> mah kaprihatin média Sunda *mainstream*. Média sosial leuwih hasil
>> ngahirupkeun deui sumanget kasundaan sacara populér kitu deui sacara
>> konsérvatif. Populér, lantaran média sosial jadi sarana komunikasi
>> populér
>> Sunda nu “kasieunan” teu bisa nyarita basa Sunda saluyu jeung
>> undak-usukna.
>> Ngan aya ogé komunitas Sunda *online* nu mémang mertahankeun basa Sunda
>> konsérvatif.
>>
>> Keur ngahirupkeun deui média Sunda *mainstream*, tangtu wé sorangan
>> hayang
>> nepikeun pertanyaan-pertanyaan. Naha média *mainstream* Sunda nu
>> *brand-*na
>> geus lila dipiwanoh ku masarakat geus maca*zeitgeist*? Naha nu
>> ngokolakeun
>> média Sunda *mainstream* handap asor?
>>
>> Nu ngokolakeun média *mainstream* Sunda perelu nuturkeun padungdengan nu
>> aya dina Facebook, Twitter, *mailing list* jeung sajabana. Mun aya isu nu
>> matak narik nu bisa diluyukeun jeung pasar éta média, wacana nu keur
>> diadurényomkeun téh sakuduna diangkat jadi bahan garapan nu leuwih jero.
>> Média *mainstream* gé perelu boga vérsi *online*-na, di dinya bisa
>> ditémpélan *button *média sosial. Tujuanna ngarah komunitas Sunda nu maca
>> bisa nuluykeun (nga-*share*) éta kontén ka komunitasna. Ku kitu téh, éta
>> komunitas Sunda bakal ngaklik *link* nu nuju kana *website* média *
>> mainstream-*na. Istilahna publik téh sumber kontén, média *mainstream* nu
>> ngokolakeun kontén, sedeng publik nu masarkeun konténna.
>>
>>
>>
>> *Civic Journalism***
>>
>>
>>
>> Dina dangka tilu taun ayeuna mucunghul aliran jurnalismeu anyar, *civic
>> journalism*. *Civic journalism* téh karep ti média pikeun ngayakeun
>> parobahan sosial lain ngan ngaliwatan kagiatan jurnalistik konvénsional.
>> Jurnalistik konvénsional mah apan ngan néangan informasi, ngolah jeung
>> mublikasikanna. Média jeung wartawanna statis. Béh dieu, enya sigana
>> kapikir
>> yén parobahan sosial, hususna dina tingkat masarakat lokal, teu cukup
>> ngaliwatan jurnalistik konvénsional.
>>
>> Pakar komunikasi University Alabama, David K. Perry, nyebutkeun yén
>> *civic
>> journalism* téh muncul babarengan jeung mekarna kasadar, boh jurnalis boh
>> audiénna téh lain ukur tukang lalajo dina prosés sosial jeung politik. Da
>> apan ari *Civic journalism* mah gerakan nu nganggap audién jeung anggota
>> komunitas minangka partisipan aktif dina éta prosés.[iii]
>>
>> Dina kaitan éta, boh média *mainstream* boh média sosial Sunda,
>> pangpangna
>> nu geus ngabogaan*brand* kuat, sabenerna bisa migawé *civic*
>> *journalism*.
>> Média jeung komunitas Sunda bisa netepkeun kalawan babarengan sasaran
>> jeung
>> tujuan parobahan sosial, tuluy nulis laporan-laporan husus, jeung
>> ngayakeun
>> *event-event* penting budaya Sunda. Dina konsép *civic journalism*, média
>> teu wungkul nyarita, tapi jeung prakna. Peran média teu ngan semet jadi
>> *media
>> partner* atawa sponsor terbatas, tapi mun aya *event* téh hartina
>> *event*-na
>> média.
>>
>> Nu ayeuna kasampak, patarenggangna média Sunda jeung komunitas Sunda. Nu
>> ditulis média lain dina raraga ngamajukeun komunitas, atuh nu dipigawé
>> komunitas teu ngarangkul média. Upamana, gerakan ngamumulé basa Sunda nu
>> dipigawé komunitas/kelompok Teater Sunda Kiwari pingpinan Dadi P.
>> Danubrata,
>> salila ieu mémang dirojong ku média. Tapi dirojongna téh ngan pas derna
>> acara dina panggung. Sageprakan. Geus kitu mah cul … kitu jeung kitu
>> salila
>> 20 taun téh.
>>
>> Taun ieu, Téater Sunda Kiwari gawé bareng jeung *HU.* *Pikiran Rakyat*
>> katut
>> Dinas Pariwisatan dan Budaya Jawa Barat. Di antara nu tilu téh geus aya
>> kasapukan, saban dua taun sakali bakal ngayakeun Féstival Drama Basa
>> Sunda
>> tingkat pelajar. Alhamdulillah, najan réa kurangna, animo barudak ngora
>> kana
>> drama Basa Sunda sihoréng gedé. Ku kawangunna féstival rutin, dipiharep
>> saban sakola bisa nyiapkeun diri, dialajar naskah-naskah téater Sunda. Nu
>> dipiharep tina ieu kagiatan, gairah nu nulis naskah bakal muncul, gairah
>> néater bakal muncul. Tah lebah dieu, aya hadéna média Sunda ilubiung dina
>> ieu kagiatan, upamana ku ngayakeun *workshop* penyutradaraan jeung
>> sajabana.
>>
>> Lian ti éta, réa masalah sosial nu aya kakaitanana jeung budaya Sunda nu
>> bisa dideukeutan, dideuheusan ngaliwatan *civic journalism*, saperti soal
>> lingkungan (Citarum, Cikapundung, jsb), musik Sunda (karinding, angklung,
>> jsb), olahraga (Persib)  jeung masalah-masalah séjénna.
>>
>> * *
>>
>> *Modél Bisnis  jeung **Entrepreneurial Journalism***
>>
>> * *
>>
>> Di nagara séjén, kacinta kana budaya lokal geus ngahasilkeun duit keur
>> média jeung komunitasna. Réa pausahaan télékomunikasi ngajakan komunitas.
>> Audiosparx, upamana, nyaéta situs nu nyadiakeun kontén musik étnik
>> Afrika.
>> Musik-musik lawas nu méh musna ku maranéhna dihirupkeun lagi,
>> dijieun*ringback
>> tone*. Sabagian kauntunganana dibalikkeun deui ka komunitas, keur
>> ngawaragadan program ngamumulé budaya.
>>
>> Di Indonésia, Télkomsel gé nyadiakeun humor Sunda Cangéhgar nu bisa
>> diaksés
>> tina *handphone*. Tangtu wé ieu téh inovasi nu ngadatangkeun pangasilan.
>> Nu kapikir, ku  naon teu Kang Taufik Faturohman nu ngokolalkeun Majalah
>> Humor *Cakakak* nu ngayakeun *event* lomba humor, gawé bareng jeung
>> pausahaan-pausahaan ngalap sponsorna, jeung ngamekarkeun bisnis *
>> merchandise* nu eusina humor-humor Sunda. Lian ti éta, éta humor bisa ogé
>> dipasarkeun jadi *ringback tone*, atawa diteundeun dina *website*
>> *Cakakak
>> * dina format mp3. Majalah *Cakakak* bisa meungkeut komunitas Sunda ku
>> jadi*member* di *website*-na, ka hareupna mah tangtu wé bakal aya
>> *membership
>> fee*-na.
>>
>> Cindekna, ku ngamekarkeun *civic journalism* bakal ngagelarkeun modél
>> bisnis saperti di luhur. Modél bisnis kieu pisan nu ayeuna jadi tujuan
>> média
>> gedé di dunya. Istilahna, monétisasi kontén. Ieu téh bisa éféktif pisan
>> mun
>> basisna komunitas. Istilah séjénna *entrepreunerial journalism*, nyaéta
>> adumanis antara idéalismeu média jeung bisnis. Média nu ngayakeun
>> advokasi
>> budaya bari handap asor ka publik, tungtungna meunang dua sumber
>> pangasilan:
>> iklan jeung bagi hasil (*revenue sharing*) jeung pihak katilu.
>>
>> Salila ieu, éta dua pihak salawasna gétréng waé, atawa mémang dihaja
>> digétréngkeun. Padahal c*ivic journalism *jeung modél bisnis téh
>> ngagelarkeun *entrepreneurial journalism*. Da bukti atuh, nya média nu
>> ngadumaniskeun idéalismeu jeung bisnis nu ahirna ngahasilkeun *profit*
>> gedé
>> téh. Da ajén-inajén idéalismeu bukti bisa sajalan jeung bisnis. Naha Mark
>> Zuckenberg mikir pibisniseun basa manéhna nyieun *facebook*? Henteu,
>> mikirna basajan apan, hayang mantuan silihubungkeun babaturanana. Naha
>> mahasiswa-mahasiswa nu nyiptakeun Google mikiran piduiteun nalika
>> nyieunna?
>> Henteu, maranéhna hayang mantuan masarakat néangan file dokumén kalawan
>> gancang. Kitu deui nu nyieun Yahoo! Tuh pan bukti, tungtungna idéalismeu
>> téh
>> hasilna miliaran dolar.
>>
>> Tina studi Facebook, Google, Yahoo! jeung nu séjén-séjénna, *Harvard
>> Business Review* nétélakeun lima pamarekan anyar enggoning ngawangun
>> bisnis pikahareupeun. Dua di antarana:* start from the heart*, jeung
>> *start
>> with little step*. Wlahasil, lebah dieu mah gumantung média Sundana
>> sorangan keur ngajamin kalumangsungan hirupna téh. Prinsip-prinsip handap
>> asor, rasa mimitran (*peering*) ka audién, jeung daék ancrub ka
>> komunitas,
>> éta téh léngkah awal idéalismeu. Kitu deui dipitembeyan tina haté.***
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> [i] *phenomenon involving the interlocking of computing and information
>> technology companies, telecommunications networks, and content providers
>> from the publishing worlds of newspapers, magazines, music, radio,
>> television, films, and entertainment software. Media convergence brings
>> together the “three Cs”—computing, communications, and content.*
>> (*Encyclopaedia
>> Britannica*)
>>
>>
>>
>> [ii] Komunitas Urang Sunda di Internet (KUSNet). Ieu forum ngahaja
>> diwangun
>> pikeun tempat 'komunikasi' masarakat Sunda nu aya di sakuliah dunya.
>> Ngaliwatan forum ieu sakabéh awak-awakna bisa ngedalkeun sagala
>> katugenah,
>> tukeur pikiran, ngadongéng, ngabodor :-), ... pokona mah bébas rék naon
>> baé
>> gé asal tetep ngajaga sopan santun 'komunikasi' di internét (nétiket).
>> Hayu
>> urang mangpaatkeun ieu forum pikeun ngamumulé basa jeung budaya urang ...
>> Sunda! Ngeunaan sajarah KUSnet bisa diilikan dina *
>> http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0705/02/khazanah/utama02.htm*<http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0705/02/khazanah/utama02.htm>
>>
>>
>>
>> [iii]* The **civic journalism movement (also known as public journalism)
>> is, according to professor David K. Perry of the University of Alabama,
>> an
>> attempt to abandon the notion that journalists and their audiences are
>> spectators in political and social processes. In its place, the civic
>> journalism movement seeks to treat readers and community members as
>> participants *(*Wikipedia*)
>>
>>
>>
>>
>
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links





------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke