...............................................................,,,.................................................? emh, endah pisan eta anu nuju silih asah pamadegan, silih simbeuhan pangarti silih asih, lur? ulah ngalakukeun konotasi, ieu leuwih unggul, anu sanes hanteu unggul nun. tapi kumaha carana ngawangun solidaritas di jaman kiwari anu sakieu riweuhna. *lakum diennukum, waliyaddien. *cukup jentre, yen beda ageman teu kudu jadi pacogregan. urang teuleuman surah al hujurat ayat 13. supaya bangsa bangsa sadunya silih wanohan. silih simbeuhan. sanes silih salahkeun. unggal bangsa pasti boga budayana sorangan. naon anu ngajadikeun 'saruana' laku lampah diantara *kanjeng nabi muhammad *sareng *eyang prabu siliwangi?* asana teh, eta keneh pan? silih pikanyaah, sok sanajan ka kaum kafir. silih asih teh, hiji dasar pamiangan keur rahmatan lil alamin, lin?
hn*R3M 2011/7/17 Deni Indra Kelana <[email protected]> > ** > > > Hehe, mani tanpa ampun kitu nun. Urang bahas hiji2... > Anu kahiji pamahaman abdi sababaraha kali nunjukkeun kecap jamak anu > hartosna langkung ti sakali. Dina hal ieu hapunten pami benten panafsiran > sareng Gus. Naha cenah teu diwaler harita keneh? Pan tos dijentrekeun di > handap, kateuteuari dumeh walerannana tos aya dina bubuka tarjamah Quran > pami teu lepat mah, mangga ilo tarjamah depag ngeunaan proses penerjemahan > ayat. Katambih abdi nangkep patarosan Gus teh dasarna sanes ku hoyong > terang, namung cangcaya kana otoritas penerjemahna, janten asana langkung > pas pami ditaroskeun kanu nerjemahkeunnana, sanes ka milis. > Kadua, Abdi nyepeng rumusan kieu pakait patarosan nu diunggel di ulang2 > payuneun forum: anu kahiji dasarna panasaran, anu kadua kacurigaan, anu > katilu kayakinan. Tah Dina Hal ieu Gus tos kadua kalina anu numutkeun abdi > tos dumasar tina kacurigaan, samemeh Gus yakin maka langkung sae pami > diEUREUNkeun ngarah teu janten mamala nu langkung ageung, nya pacengkadan > tea. > Katilu, kahariwang abdi dasarna jelas. Pami Gus sami muslim sapertos abdi, > nya kawajiban abdi ngemutan. Pami Gus kalebet noni, abdi satekah polah > ngalelempeng. Sederhana pisan. Tah ayeuna abdi naros dupi Gus kalebet anu > mana? Nuhun2 pami kalebet anu kahiji, panginten langkung nyambung diskusina. > Perkawis katampi henteuna mah sanes urusan abdi, keun we eta mah tos aya nu > ngaturna. > Janten sanes sensi Gus, nanging insha 4JJ 1 ihlas ngemutan sangkan langkung > atos2 dina urusan siga kieu, pan titajong teh arang ku batu nu > ngajungkiring, namung ku karikil. Pon kitu deui tiseureuleu mah tara ku cai > sakulah nanging ku cai sagayung dua gayung. Paralun oge sanes hoyong ngajar > ngojay ka meri, istuning umajak saujratna. Sanes oge matesan panafsiran, da > nu tiasa ngabatesan ijtihad mah mung gusti. Ananging, saur sakaol, ijtihad > teh pan aya etikana, mujtahid seueur syaratna. Nu panyanggem abdi ijtihad > teu tiasa didasaran ku kacangcayaan, margi syariat sanes episteme, Qur an > hadist teu tiasa tafsirkeun ngngge kritik teks sapertos kitab anu sanesna > margi dasarna bacaan (inna nahnu najjalnadzdzikro) tea. janten nyisip2 kecap > teh teu sapantesna didasarkeun kana akal wungkul, pan akal urang mah aya > watesna, seueur lemahna. > Ngeunaan diyat pan tos jelas enasna ngeunaan panggentos anu dikonversi ka > harga sapi, sanes tina budaya 'arab. Naha nilaina sakitu ageungna? Nya eta > buktosna Islam ngahargaan jiwa manusa sakumaha bodo gelo jahat biadab oge. > Pan katerangannana ge jelas, sing saha nu mateni sajiwa sami sareng mateni > sakabeh jiwa. > Sakitu heula panginten, paur lepat sareng isin ka nu jalembar panemu > agamana di milis ieu. > > Nuhun, > Deni > > ------------------------------ > *From:* Gus Maman <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Sunday, 17 July 2011 1:30 AM > > *Subject:* Re: Bls: Re: Bls: [kisunda] adu manis (re: KBS, forum Curhat > ras nu teu walakaya?) > > > Jadi lain sababaraha kali atuh mun kitu mah, dua kali. Naha sanes waktos > harita diwaler? Tos basi ayeunamah. > Eta surat al maidah 50 (pami teu lepat mah). Naha bade hukum jahiliah > atanapi hukum Alloh anu diangge? > Kitu patarosan dina ayat. Anu jadi pasualan saestuna hartina kudu > milah-milah mana anu disebut hukum jahiliah mana anu hukum Alloh ? > > Kuring mah rumasa bodo matak nanyakeun. Ngan geus lumrah eweuh nu wantun > masihan waleran. Tungtung-tungtungna nuduh ngajejeleh. Sigana umat Islam > ayeuna eweuh lolongkrang pikieun nafsirkeun ayat, kabeh nggeus beak > ditafsirkeun ku ulama baheula. Nu wani-2 nya kitu dituduh osok dituduh > ingkar sunnah jeung tuduhan nu lain-lain. > > Sederhana we pertanyaan kuring harita saha anu nyisipkeun kata tambahan > dina tapsir anu osok make tanda kurung? > > Nya naon hesena upami anu ngartos nyebatkeun, umpamana DEPAG, MUI jeung > sajabana ti eta. NAHA JADI SENSI ? NAHA JADI NITAH EUREUN, NAHA JADI > HARIWANG KA DIRI KURING, NAHA NYANGKA NGAJEJELEH ? > > Supados fokus, kanu kasus langsung we : Darsem, TKW asal Kabupaten Subang > yang bekerja di Arab Saudi terbebas dari hukuman pancung, namun ia harus > membayar uang ganti rugi diyat 4 milyar leuwih, ieu teh hukum Islam atawa > campur jeung budaya Arab ? Kitu oge kasus TKW Ruyati. > > On Sat, 16 Jul 2011 09:59 ICT Deni Indra Kelana wrote: > > >Tah nu ieu Gus, > >http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/49335, message anu judulna > "Hukum Pancung : Saha anu mimiti nyisipan jeung mere "tanda kurung" dina > ayat ieu ?" > > > >Saemut abdi sataun kalangkung kantos ngemutan ka pala wargi, yen > nafsirkeun atanapi nerjemahkeun ayat2 teh teu tiasa saraos angen nyalira, > kedah aya elmu sareng etikana. Ieu mah meni asa hebat pisan nyisip-nyisip, > nambihan ngirangan. Abdi paurna Gus, hal siga kieu teh sering pisan > dijantenkeun senjata kangge nyeceleh ajaran Islam, mangga geura toong di > forum2 pemurtadan model FFI, pan teu tebih-tebih ti kitu ekolna teh. Mangga > wae eta oge ari Gus sanes muslim mah, moal dihalang-halang, mung panginten > tugas abdi anu bodo katotoloyoh tea kangge nyobian ngalelempeng. Mung pami > Gus Maman muslim, abdi ngemutan panginten salaku dulur, teu sae Kang > kikituan teh, beurat, kumaha pami engke Gus Maman disakompetdaunkeun sareng > rengrengan missionaries atanapi orientalis ku Mantenna. Pan aya kasauran > sing saha jalmi nu niru2 hiji golongan nya bakal kalebet kana eta golongan. > Naha cenah harita teu dibales langsung? ah kateuteuari, nu sanes oge > napsi-napsi. Ayeuna > > dibales soteh pedah deui jeung deui we sareng arahna tos matak watir abdi > sacara pribadi. > > > > > >Paralun abdi mah teu pisan-pisan ngajak ribut, pan di message anu pang > handapna oge tos dijentrekeun hapunten pami lepat sangki cekeng, taya sanes > maksad abdi nyuhunkeun Gus Maman EUREUN teh kangge ngeureunkeun mamala nu > langkung ageung, kangge ngahindarkeun pasalisihan paham anu ngundang > pacengkadan. Raraosan dugika danget ieu masih lemes babasaan teh, cikan saha > nu hoyong ribut tah ti awal mula? mangga galih ku salira... Abdi ge tiasa > Gus nyarios kasar mah, mung asa teu merenah di forum kedah kikituan mah. > > > > > >Salami abdi maca, punten pangoreksikeun ku Gus Maman, sadaya parentah > sareng larangan nu aya dina kitab suci awalna pami henteu yaa > ayyuhalladziina aamanu, nya yaa ayyuhannaas. teu aya anu ngunggelkeun yaa > ayyuhal arobiyyun. Cindekna qishosh mah nyata hukum islam da nyata enasna nu > diwajibkeun ka sadaya ummat muslim sakamampuhannana sareng gumantung kana > situasina. Ari budaya arab mah samodel dina kasenian aya japin, rebana, dst, > dina kahirupan sadidinten tina nganamian putra-putri ku nami arab, sebatan > ummi/abi, kalebet nyarios ngangge bahasa arab pan teu aya parentahna, mung > ukur anjuran atanapi adopsi dalam rangka kasaean atanapi gagayaan, kitu > nun... > >Atuh pangemut ti Kang Ilen katampi pisan ku abdi, hatur nuhun Kang. KA Ki > Runa, ah moal gelut abdi mah, rumaos elehan hehe, sareng utamina mah moal > katepi..:D > > > > > >>________________________________ > >>From: ilen kardani <[email protected]> > >>To: [email protected] > >>Sent: Saturday, 16 July 2011 2:12 AM > >>Subject: Re: Bls: Re: Bls: [kisunda] adu manis (re: KBS, forum Curhat ras > nu teu walakaya?) > >> > >> > >> > >>Kudu dibiasakeun ngobrolkeun 'eusi sirah' jadi bisa kanyahoan sakumaha > kurang leuwihna, komo bari dibekelan niat hayang nambahan kanyaho atawa > miceun kanyaho anu salah mah. > >>, ngan ulah ngobrolkeun 'sirahna' sabab eta mah nyangkut ka nu boga 'eusi > sirah', > >> > >> > >> > >>________________________________ > >> From: Runa Inawan™ <[email protected]> > >>To: Millis Urang Sunda <[email protected]> > >>Sent: Fri, July 15, 2011 11:52:50 PM > >>Subject: Re: Bls: Re: Bls: [kisunda] adu manis (re: KBS, forum Curhat ras > nu teu walakaya?) > >> > >> > >>Eh kalahkah jiga nu pasea.... > >>Gelut...gelut...hihihihi > >> > >>Nu katangkep ku kuring tina obrolan ieu nyaeta mun nulis kudu sing > tarapti. Mun salah nulis ngabalukarkeun salah harti. > >> > >>Geus lah kang gus kalah aduregeng ieu mah. > >> > >>Sent from my BlackBerry® > >>powered by | Ki Runa Inawan™ | > >>Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan > >>www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id > >>________________________________ > >> > >>From: Gus Maman <[email protected]> > >>Sender: [email protected] > >>Date: Fri, 15 Jul 2011 08:42:56 -0700 (PDT) > >>To: <[email protected]> > >>ReplyTo: [email protected] > >>Subject: Bls: Re: Bls: [kisunda] adu manis (re: KBS, forum Curhat ras nu > teu walakaya?) > >> > >> > >>Sababaraha kali ? > >>Cikan nu Mana deui Jang ulah nambih-nambih. Mendingan mun teu panuju > langsung harita keneh bales, ulah osok jadi ngarasa jadi team penilai > (emangna moderator ?). > >> > >>Numatak ku kuring ditanyakeun mana agama Islam, mana budaya Arab jeung > mana Sunda. Ulah ngan ukur nyebut beda Agama jeung Budaya, beda Arab jeung > Islam. Sok ateuh mun bisa ngabedakeun mah bedakeun kadinya, teu cukup ku > nganilei wungkul. Kumo bari nitah EUREUN cumarita. Emangnya saha maneh saha > kuring ? (tarjamah tina siapa eloeh siape gue). > >> > >>:) > >> > >>Pada Jum, 15 Jul 2011 22:23 ICT Deni Indra Kelana menulis: > >> > >>>Hehe, sanes tuduh apungan abdi mah, pan sidik tos sababaraha kali salira > netelakeun aya jurang antawis budaya arab jahiliah (ALIAS ISLAM) sareng > budaya sunda. ieu ku abdi dicopas: nambih friksi anu kumaha > sabenerna(budaya) Islam/Arab jeung Sunda. > >>> > >>>Anu hartosna pami kedah dijentrekeun deui mah, urang sunda anu Islam teh > nganut > > budaya asing arab jahiliah nu bodo katotoloyoh deui. Cik dina palebah > mana eta teu ngajejeleh Islam? sederhana pisan. > >>> > >>>Nya Abdi salaku urang Sunda anu teu rumaos ngagem budaya Arab ngaraos > kedah ngalelempeng, boh bilih pamadegan anu nyakompetdaunkeun antawis budaya > Arab sareng syareat Islam teh beuki dipercanten ku nu rea. Pan aya kasauran, > kakaliruan nu dipercaya ku jalma rea sabage bebeneran bakal dijadikeun tolak > ukur bebeneran sanes? sakali deui Arab nya Arab, Islam nya Islam. > >>> > >>>Mangga geura korehan deui hukum qishosh sareng aturan pangadilan, pan > tetela benten deui hukumannana anu ngabela diri ku lantaran diperkosa mah, > kedahna oge bebas. Pami aya anu kajantenan dugika hanteuna di-qishosh, nya > kamungkinannana nu dihandap tea, teu paham, teu dibelaan, teu aya bekel nu > cukup jang nyaba digawe ka lembur batur, jeeste, ulah samata-mata > neumbleuhkeun kana syariat. Pami kalakuan urang Arab teu boga polo, bodo > katotoloyoh, eta > > mah kalakuan jalmina, nya panginten aya pangaruh tina budayana. > >>> > >>> > >>> > >>> > >>>>________________________________ > >>>>From: Gus Maman <[email protected]> > >>>>To: [email protected] > >>>>Sent: Saturday, 16 July 2011 1:04 AM > >>>>Subject: Bls: [kisunda] adu manis (re: KBS, forum Curhat ras nu teu > walakaya?) > >>>> > >>>> > >>>> > >>>>Sederhana we kuring mah. Jahiliah teh hartosna bodo katotoloyo. TKW > ngabela diri lantaran arek diperkosa ku majikana atawa dulur majikanana nu > matak mawa pegat nyawa kanu merkosana. Kuduna mah aya pertimbangan hukum anu > ADIL. Komponen dimana ragragna vonis ku hakim teh kudu aya saksi, pengakuan, > bukti jeung > > MOTIP/sabab ngabunuh. Kurang hiji vonis hukum teu sah. > >>>>Puguh lamun aya rampok ngarampok terus maeahan nu dirampokna, pantes > lamun dihukum pancung. Ieu mah TKW anu niatna Jihad nyiar kipayah maenya > terus modaran jelema. Tah palebah dieu Arab bodo katotoloyo teu boga uteuk. > >>>> > >>>>Palebah mana kuring ngajejeleh Islam ? Cik ulah tuduh apungan Jang ! > >>>> > >>>>Pada Jum, 15 Jul 2011 21:42 ICT Deni Indra Kelana menulis: > >>>> > >>>>>Muhun nun, sapuk. Mung tong hilap oge yen Gusti Alloh teh Al-'Adl wal > Hasiib, maha adil tur maha balitungan. > >>>>> > >>>>>Perkawis ngangge uteuk atanapi henteuna saur abdi kedah ningal oge > kasang tukangna, teu iasa kitu bae tunjuk irung batur ku curuk tapi nu opat > deui nunjuk ka diri sorangan. Naon margi? apanan salian lantaran kulawarga > nu hayang males pati oge masih seueur keneh faktor2 sanesna. Pami ditataan > hiji-hiji kirang langkung: pamahaman para > > TKW/TKI kana sistem pangadilan satempat kalebet hukum qishosh, > panyalindungan hukum ti pamarentah urang, ageung henteuna pangaruh > diplomatik nagara urang, beres henteuna kinerja kamenterian luar negeri dina > memeres kasus-kasus siga kieu, sistem perekrutan pleus pelatihan ti > penyalur, puguh henteuna status kontrak kerja, jrrd. > >>>>> > >>>>>Janten panginten, teu aya gunana nyalahkeun hukum syariat, nu aya mah > malah ngundang pacengkadan. Anggursi mending urang kapayunkeun naon adu > manisna antara budaya urang sareng ajaran islam, sanes kalah siga anu resep > pisan ngagugulung perbentenan teh. Pan bororaah kitu, dalah dua urang dulur > saindung sabapa ge pan pasti aya wae bentenna... > >>>>> > >>>>>Nuhun, > >>>>>Deni > >>>>> > >>>>> > >>>>> > >>>>> > >>>>> > >>>>>>________________________________ > >>>>>>From: Gus Maman <[email protected]> > >>>>>>To: [email protected] > >>>>>>Sent: Friday, 15 July 2011 6:38 PM > >>>>>>Subject: Bls: Re: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu > walakaya? > >>>>>> > >>>>>> > >>>>>> > >>>>>>Sae. Muhun kedah wantun nyarios. Ulah osok EUREUN teu pupuguh. > >>>>>>Abdi mah ningali hukum pancung di Arab Saudi anu berlaku ka TKW > ayeuna teu make polo, nyawa bayar nyawa teh kudu puguh motifna. > >>>>>>Da Gusti Allah mah ghufururrahim. > >>>>>> > >>>>>>Pada Jum, 15 Jul 2011 13:45 ICT Deni Indra Kelana menulis: > >>>>>> > >>>>>>>Tos kasabaraha kalina Gus Maman > > ngajejeleh lan ngadumundingkeun syariat Islam sareng budaya sunda, asana > tos waktosna abdi nyarios EUREUN! > >>>>>>> > >>>>>>>Punten nya palawargi, abdi gaduh patarosan khusus kangge Gus Maman, > pami syariat qishosh anu sacara jentre hartosna males kajahatan ku hukuman > satimpal dianggap ku Gus Maman biadab, naha di urang make aya paribasa > hutang uyah bayar uyah hutang nyawa bayar pati? atuh pami kitu mah urang > sunda teh biadab oge? Naha mun aya nu tabrak lari atanapi nyopet/maling sok > disiksa dugika kojor? Naha sok remen kacaturkeun ngeunaan teluh, baruang, > jst? Mun kitu mah panginten saur panggalih Gus Maman teluh nu susulumputan > langkung beradab tibatan hukuman nu ditembrakkeun ka umum tur diatur ku > nagara atanapi majelis nu gaduh otoritas. > >>>>>>> > >>>>>>> > >>>>>>>Anu kaduana, naha dina carita2 anu asli asalna tina budaya sunda, > aya kacarioskeun hukum pati? Mangga tingal dina > > carios ronggeng tujuh, pan jelas2 bajo anu tos teu walakaya langsung > ditelasan harita keneh tanpa pangadilan. Oge carios Ratu Sima ti Kalingga nu > neukteuk leungeun putrana pedah ngeserkeun kendi di alun2. Atanapi carios > jaman wilwatika ngeunaan hukum picis di alun2. Atuh kabehdieunakeun hukuman > gantung jaman walanda. Naon eta hartosna? > >>>>>>> > >>>>>>> > >>>>>>>Anu katiluna, na kapi kumaha Gus Maman ka Snouk sareng rengrengan > orientalis nu remen pisan nembrehkeun yen Islam teh budaya Arab, Qur an > damelan Muhammad (SAW), kalebet hukum qishosh nu aya enasna dina Qur an > disakompetdaunkeun sareng kabiadaban bangsa Arab. Padahal hukuman samodel > kitu teu ngan ukur aya dina ajaran Islam wungkul, malih nu langkung sadis > oge seueur. Samodel hukuman ditarik opat jurusan ku kuda di Cina, digantung > bari digebugan ku Awi di Jepang jaman restorasi Meiji, disisit kulit sirah > di Amerika, diparepeh, dilelepkeun bari > > dibeungbeuratan ku batu, jst. Padahal oge hukuman teukteuk beuheung mung > sahiji alternative tina pilihan antara dihampura ku kulawarga/ahli waris > jeung/atawa mayar diyat. > >>>>>>> > >>>>>>> > >>>>>>>Abdi mah ningalna Gus Maman teu sabulang bentor, mung emang aya > kaijid kana ajaran Islam teh kumargi tema ieu tos sababaraha kali > diunggelkeun ka mailist. Duka panginten tujuannana mah ngarah urang sunda > anu Islam janten ijid ka ajaran Islam nu leres, atuh anu di luar Islam beuki > kandel ijidna teh. Ari kacindekan ti abdi mah kedah dibentenkeun mana anu > budaya mana anu hukum nu sumberna ti Ajali. > >>>>>>> > >>>>>>> > >>>>>>>Hapuntan bilih lepat sangki oge hapunten abdi janten sabulang > > bentor. > >>>>>>>Nuhun, > >>>>>>>Deni > >>>>>>> > >>>>>>> > >>>>>>> > >>>>>>> > >>>>>>> > >>>>>>> > >>>>>>>>________________________________ > >>>>>>>>From: Gus Maman <[email protected]> > >>>>>>>>To: [email protected] > >>>>>>>>Sent: Friday, 15 July 2011 11:58 AM > >>>>>>>>Subject: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya? > >>>>>>>> > >>>>>>>> > >>>>>>>> > >>>>>>>>Janten kumaha maksadna? Upami bade CURHAT mah teu kedah > KONGRES-KONGRES-an, > > anggur mah mimilisan atawa EEFBIAN, kitu sanes? > >>>>>>>>Si Kuring lebet ka group di EFBI, utamina anu khas (paling sunda?) > pisan nyaeta TANGTUNG SUNDAYANA. > >>>>>>>>Group ieu sering ngabahas soal Sunda, tanpa/minus (budaya) Islam. > >>>>>>>>Ningali kanyataan pelaksanaan syariat(hukum) Teukteuk Beuheung anu > kabeneran keuna ka Ruhyati, nambih friksi anu kumaha sabenerna > >>>>>>>>(budaya) Islam/Arab jeung Sunda. > >>>>>>>> > >>>>>>>>Punten rada mengpar sabulangbentor tina subjek judul, mung asa > kapecut ku kalimat 'TEU WALAKAYA', asa urang Sunda nu jadi TKW di Arab. > >>>>>>>> > >>>>>>>>:) > >>>>>>>> > >>>>>>>>Pada Jum, 15 Jul 2011 08:20 ICT Jalak Pakuan menulis: > >>>>>>>> > >>>>>>>>>Hatur nuhun Mh ku nangkodkeun seratan, artikel, berita ngeunaan > > KBS IX. Duka beritana teu pas atawa memang eusina sakumaha ayana > ngagambarkeun kaayaan, aya 2 hal nu katangkep ku sim kuring: > >>>>>>>>>1. Masalah2 nu diguar asana mah teu aya nu aneh, nu biasa > dipadungdengkeun di milis2 kasundaan. Perkara solusina asa teu aya bedana > jeung di milis. Jadi patarosanana: "naon atuh kaleuwihan masalah > dikongreskeun dibanding dimilis?" > >>>>>>>>>2. Ceuk kuring nu kabaca dina kongres dominan make rasa, boh dina > nempo masalah oge nyieun solusi. Ah naha katingal teh bet asa jadi forum > "curhat".... Miskin panalungtikan nu jero kitu? > >>>>>>>>> > >>>>>>>>>Kumaha aya wargi nu tiasa masihan 24 makalah? Punten pami ridho > softcopyna diemailkeun, atuh pami kedah difotocopy nya nyungkeun bantosan, > ongkosna ku abdi digentos. > >>>>>>>>> > >>>>>>>>>salam > >>>>>>>>>JP > >>>>>>>>> > >>>>>>>>> > >>>>>>>>> Makarya Mawa Raharja > >>>>>>>>> > >>>>>>>>>. > >>>>>>>>> > >>>>>>>> > >>>>>>>> > >>>>>>>> > >>>>>>>> > >>>>>>>> > >>>>>> > >>>>>> > >>>>>> > >>>>>> > >>>> > >>>> > >>>> > >>>> > >> > >> > >> > >> > > > >
