Kieu atuh, saran ti uing mah, ka baraya milis nu motekar kana urusan desain, pangnyieunkeun desain stikerna. Hasilna kecempulngkeun ka milis dina rupa file PDF atawa nu sejenna. Tah masing-masing, print ku sorangan, keur tempelkeuneun dina kandaran mudik lebaran. Asana baheula kungsi aya stiker jiga kieu teh.
Ngarah gaya tema stikerna, pakaitkeun jeung urusan lebaran. Misalna, "Baraya Kusnet Mudik Lebaran 2011". Uing aya pameredih ka sakumna baraya milis, aya hadena dina raraga mapag puasa, nepi ka usum lebaran teh, heug sing daraek NGADOKUMENTASIKEUN lalampahan salila mudik lebaran. Hasil dokumentasina gejeburkeun ka milis, ka YouTube, ka Facebook, ngarah bisa dijadikeun bahan informasi keur nu sejenna. Keur motivasi, perlu kauninga ku sakumna baraya milis, yen salah sahiji kateuelingan urang kana budaya Sunda teh, nyaeta kedul ngadokumentasikeun kana naon rupa nu pernah dipiboga ku urang dina rupa tulisan, foto, audio, komo video mah. Nu antukna loba diantara urang teu apal teusing kana eta khazanah budaya teh. Sakalieun aya perlu ku informasi eta, hayoh urang teh kudu kokotetengan nepi ka luar nagri. Tah pan kiwari mah usum teknologi digital, loba parabot nu bisa digunakeun pikeun ngadokumentasikeun naon wae nu patali jeung budaya Sunda. Naon hesena misalna, keur neuleuman "Ci Karacak Ninggang Batu", mun dijieun video klipna, atawa jieun animasi komputerna. -mh- On Thu, Jul 28, 2011 at 11:05 AM, Yuyun Hernawan <[email protected]>wrote: > ** > > > Lamun para inohong teu acan kasiwer ngadamel sticker mah, atuh sementawis > Lebaran mah, eta we ngganggo kertas ditempelkeun dina KUDA**** > > Boh nu suku opat atawa sukuna dua, KUSNET kituh, he,he,he, Ngarah beuki > deukeut jeung kompak we US teh, kawas dulur urang, anu ti sabrang geuning. > **** > > Lamun heug tea mah aya milik, papanggih jeung baraya KUSNET, ecagkeun heula > pangkat jeung dunya di imah, ngarah rahayat kawas uing heunteu era jeung > bisa wanoh J**** > > ** ** > > ** ** > > ** ** > > Consider the environment - avoid printing this document**** > > ** ** > ------------------------------ > > *From:* **[email protected]** [mailto:** > [email protected]**] *On Behalf Of *IskandaR > *Sent:* Thursday, July 28, 2011 7:01 AM > *To:* **[email protected]** > *Subject:* RE: [Urang Sunda] Sticker KUSNET**** > > ** ** > > **** > > Sok lah satiker na, kapungkur kantos aya kaos oblong buatan Mj mun teu > salah > mah tulisan "Komunitas URANG SUNDA di Internet" > > IskandaR > ****Bandung******** > > The information contained in this communication is confidential and may be > legally privileged. It is intended solely for the use of those to whom it is > addressed. If you are not the intended recipient, then you are hereby > notified that any disclosure, copying, distribution or taking action in > reliance of the contents of this information is strictly prohibited and may > be unlawful. BAM International bv and its subsidiaries are neither liable > for the proper and complete transmission of the information contained in > this communication nor for any delay in its receipt. This e-mail message > does not create any contractual obligations for BAM International bv and its > subsidiaries. >
