Hehehe, asa kasindiran kieu eung pedah ngaran uing ge basa arab, pisan deuih. 
Ngan hoyong saalit nyaurkeun, kunaon khotib kadang tara make basa sunda pedah 
eta emang afdol pisan. Baheula inget weh keur ngaji sapinah di pasantren. Tapi 
sok sanajan kitu, kuring ge tetep mikacinta ka basa kuring sorangan. Kuring ge 
yakin da moal pareum atuh basa sunda ge ku pedah teu dipake ngaran masjid, 
ngaran urang sunda, jste. Tapi mun teu salah mah ngaran pasantren ge kadang aya 
anu make basa sunda. Misal pasantren warudoyong di Sukabumi, Manonjaya di 
tasikmalaya, jste.

--- In [email protected], Jalak Pakuan <jalakpakuan@...> wrote:
>
> Basa mah kapan simbol nu dipake keur komunikasi pikiran, salila aya basa nu 
> cog keur ngakomunikasikeun pikiran nya tangtuna dipake. Ieu mah universal. 
> Contona bae dina "ngabuburit". Kaayaan jalma nu puasa nungguan magrib 
> ditangkep ku pikiran urang sunda nu disimbolkeun "ngabuburit". Kulantaran 
> seler sejen nangkep pamaksudan jeung harti "kaayaan" kitu jeung manehna teu 
> boga simbol ngagambarkeunana nya jadi we "ngabuburit" dipake komunikasi ku 
> loba seler.
>  
>  
> Balik ka ngaranan masjid, lamun enya aya ideu nu sarua nu ngagambarkeun 
> (simbol) hiji pamikiran atawa kaayaan  nya pastina bisa make basa sunda 
> atawa basa arab. Dina ngan salah sahiji basa nu bisa pas ngagambarkeun nya 
> tangtuna basa nu eta nu dipake.
>  
> cag
>  
>  
>  
> Makarya Mawa Raharja
> 
> Dari: Deni Indra Kelana <lee_kelana@...>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> Dikirim: Selasa, 2 Agustus 2011 6:59
> Judul: Re: [kisunda] Fwd: Re: Urang Sunda bau Arab?
> 
> 
>   
> Ari abdi mah ningalna eta teh salaku fenomena xenocentrism tea panginten, 
> ngaraos sagala nilai budaya ti luar langkung pinunjul tibatan budaya pituin. 
> Pan tos kacapangan di urang mah mun aya nu mulih nyaba timana we, sok rada 
> legeg bin ningkah, nyarios ngangge basa sunda teh meni siga nu bau pisan. 
> Tong boro nu ti lembur deungeun, pan sakadar ngulampreng ka batawi sababaraha 
> minggu oge, pas turun tina beus disampeurkeun ku tukang ojeg teras ditaros: 
> "Neng bade ka mana?", walerna teh..."eu...h, saya mau kesituh, ke air bambu 
> iket..." cenah. Maksadna mah panginten bade ka Ciawi Tali :D
> 
> Nanging basa mah teu sabaraha panginten Kang, uih deui ka bahasan ngeunaan 
> nami masigit, saur abdi mah tong boro nami masigit, dalah nami jalmina 
> nyalira pan bau Arab. Dalah di ieu milis oge panginten aya kana langkung ti 
> satengahna mah, model Ki Hasan, Abbas Amin, Abdullah, Muhammad, jeeste, 
> hehe... punten ah...
> 
> 
> 
> From: Ki Hasan <khs579@...>
> >To: Ki Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
> ><[email protected]>
> >Sent: Tuesday, 2 August 2011 12:48 AM
> >Subject: [kisunda] Fwd: Re: Urang Sunda bau Arab?
> >
> >
> >  
> >
> >
> >
> >---------- Forwarded message ----------
> >From: Remi <rsyaifoel@...>
> >Date: 2011/8/1
> >Subject: [Baraya_Sunda] Fwd: Re: Urang Sunda bau Arab?
> >To: [email protected]
> >
> >
> >
> >>
> >> 2011/8/1 Abbas <abas_amin08@>
> >>
> >> > **
> >
> >> >
> >> >
> >> > Tenang............ ulah gareuwah..........puasa yeuh.
> >> > Sigana mah bener oge tah pamendak ki DOREMI teh.....
> >> > ngan aya nganna; teu sagala bisa disundakeun kalayan luyu jeung rasa
> >> > aya nu mun ku bada feungeun malah jadi PAS ! Matak naon urabng make basa
> >> > deungeun ari keur kamaslahatan mah ?
> >> > Lamun aya si JAMES asup jadi urang SUBDA rej ditarjamahkeun kumaha tah
> >> > ngaran JAMES teh ? Sok aya bongbolongan ?
> >> > Sok sidan bisa sahala fodundakeun atuh. Ke aya deuo kecap2 nu can aya
> >> > sundana nu pas. Engke diberendelkeun !
> >> >
> >> > Jeung salian ngaran Masjid nu NGARAB masih loba hal penting lainna 
> >> > bahaseun
> >> > urang sunda ! Contona aya sunda banten; Cirebon; Priangan jste; kumaha 
> >> > tah
> >> > ayeuna ? Ulah jiga nu sumanget pisan ka na masalah NGARAB Sunda jeung 
> >> > Islam
> >> > Sunda Sajati; ari hal lain dilurjeunkeun !
> >> >
> >
> >Kang, basa mana wae di kolong dunya TAYA anu asli. Hiji basa PASTI 
> >disarungsum ku unsur2 basa sejen, komo dina urusan kekecapan mah. Kecap 
> >injeuman dina basa mana bae oge pabalatak.
> >
> >Anu jadi kamelang dina nengetan basa Sunda mah, nginjeum teh mani teu 
> >euleum2. Mun kosa kata basa Sunda kabeh meunang nginjeum... naha basa Sunda 
> >teh bakal dianggap eksis kitu? Sigana mah bakal ganti identitas jadi Sunrab? 
> >:))
> >
> >Lain kuring anti Arab atawa anti naon bae oge. Ngan kuring mah rada melang. 
> >Mun basa Sunda diberendelan teuing ku unsur2 basa sejen na: Arab, Indonesia, 
> >Inggris atawa basa dedemit... asa ningnang teuing nempo na. Ketah... sing 
> >saha bae oge boga hak jeung wewenang migunakeun basa luyu jeung kahayang na. 
> >Kuring boga babaturan. Dina migunakeun kecap ganti teh keukeuh make kecap 
> >'ana'jeung 'ente'. teuing naon maksud na mah. Asa tara katohyan make kecap 
> >'urang', 'aing', 'dewek' vs 'maneh', 'sia', 'anjeun'. Kaci? Nya kaci atuh! 
> >Ngan keur kuring mah keukeuh rada aneh. Sarua aneh na mun jelema Sunda make 
> >kekecapan I jeung you!
> >Ngarah naon nya? Duka...:)))
> >
> >
> >
> >
> >------------------------------------
> >
> >http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> >
> >
> >[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke