Hehehe, mun rek ngalamar gawe, bakal nambahan syarat-syarat surat kelengkapan teh:
1. Surat Katerangan Dokter 2. Surat Katerangan Pulisi 3. Surat Katerangan Lurah 4. Surat Ijin Mngemudi 5. Surat Ijin Mondok 6. Surat Ijin Makan/Minum 7. Surat Ijin Ngarokok 2011/8/10 Waluya <[email protected]> > ** > > > Sweeping warung makan teh ayeuna mah resmi dilakukeun ku aparat pamarentah > (Satpol PP) siga di Ciamis jeung di Sukabumi. Uing boga usul, tinimbang > nutup warung makan nu hartina nutup pakasaban rahayat mending pamarentah > medalkeun SURAT IZIN BOLEH MAKAN MINUM. Surat ijin ieu dibikeun ka: > > 1. Non Muslim > 2. Muslim nu musafir > 3. Muslim nu keur gering > 4. Awewe nu keur boga halangan > > Warung makan tetep buka, tapi ngan ngalayanan nu boga surat ijin boleh > makan minum, anu teu boga mah teu meunang dilayanan. > > Duka mujarab henteuna mah usul ieu teh, ngan nu pasti nagara urang bakal > asup Guinness World Record, hiji-hijina nagara nu ngaluarkeun surat ijin > makan dan minum ....hehehehe > > WLY > > > --- In [email protected], "Mang Kabayan" <dkabayan@...> wrote: > > > > Lain euy asa araraneh di urang mah... Nempe di media loba daerah > >utamana mah tatar sunda anu ngalakukeun sweeping warung beurang pas > > bulan puasa. > > > > Ari pamikiran kuring mah naha bet warung dahar bet ditutup? Atawa > dilarang buka? Pan laina di daerah eta teh teu sakabehna puasa lin? Loba oge > anu teu paruasa aya anu lain Islam, aya awewe nu keur halangan, gering, > jrrd... Ceunah ngaganggu? Ah ma enya? Nganganggu belahmana na ari geus niat > puasa mah bisina disuguhan sangu tutug oncom + gurame bakar + jamal roti + > karedok moal kagoda ujug-2 kudu buka pan henteu lin? > > > > >
