Chin Dynasti --- Han Dynasti - Sam Kok - Keluarga SUMA -
Tong - 5 Negara - Song - Goan - Ming - Ching


--- In [email protected], Irpan Rispandi <mr.rispandi@...> wrote:
>
> Lalajo acara di Metro TV, malem minggu kamari jeung dua minggu katukang, 
> jam 21:30. Acarana ngeunaan lalakon hirup Kaisar Cina nu mimiti, nu 
> ngarana Qin Shi Huang (259 SM – 210 SM), alus pisan euy.
> 
> Nyaritakeun lalakon manehna timimiti diangkat kaisar, terus "perang 
> penyatuan", perang nalukeun nagara sabudeureuna, anu ahirna ngawujudkeun 
> nagara gede. Waktu nyaritakeun perang, dibahas oge ngeunaan persenjataan 
> anu dipake, cara doktrinasi, jsb. Dina jaman 200-an SM, di Cina geus 
> miboga kaweruh pikeun nyieun Crossbow, senjata panah anu siga bedil. 
> Salian ti eta, pedang para prajuritna disepuh krom, sahingga teu 
> taihiangan. Di pulo jawa beulah kulon, khususna taun sakituan, siga 
> kumaha nya kaayaanana? ^_^
> 
> Lalakon diteruskeun deui. Nyaritakeun lajuning lakuna pamarentahan 
> Kaisar, sanggeus manehna hasil ngahijikeun wilayah Cina. Manenha anu 
> marentahkeun yieun Tembok Besar Cina, anu sabenerna nyambungkeun 
> tembok-tembok anu geus aya. Panjangna teu kira-kira, 7000 km leuwih. 
> Tembok eta dijieun pikeun nahan serangan bangsa-bangsa nomad ti kaler.
> 
> Manehna oge nyiptakeun mangrupa-rupa standar anu dipake dina perdagangan 
> jsb. Sahingga dina wilayah karajaan anu sakitu legana teh, ukuran barang 
> sarua dimanawae oge.
> 
> Ngan hanjakal, kakawasaan anu sakitu gedena teh sigana mah 'teu 
> kaawakan' ku manehna he..he..he.. manehna katerap kasakit megalomania 
> jeung psycho paranoid. Sing sarwa sieun jeung curiga. Saking paranoidna, 
> nepi ka tukang ngepel di karaton dianggap mata-mata terus dipaehan 
> sapada harita.
> 
> Lantaran sieun paeh, manehna ahirna marentahkeun ahli-ahli sihir jeung 
> ahli kimia pikeun nyieun ramuan hirup abadi. Si tukang sihir jeung ahli 
> kimia tea nyieun ramuan anu didominasi ku merkuri, terus diinum ku 
> Kaisar. Atuh sarua jeung ngaracun maneh lalaunan, sanggeus geuring cukup 
> lila, ahirna Kaisar mangkat.
> 
> Dina bagian akhir, dibahas ngeunaan makam manehna. Anu oge mangrupa 
> piramid. Kompleks sabudeureun eta piramid dijaraga ku tentara tina tanah 
> liat anu populer disebut Terracota. Ayeuna piramid makam teh ngawujud 
> mangrupa pasir, panasaran lamun digali siga kumaha nya wujudna eta piramid?
> 
> Kira-kira isu piramid di gunung lalakon tea, sarua kitu makam "seseorang"?
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke